Beruk mangrupamonyét genusprimata anu panglobana nyebar, sagigireunmanusa, tiAfrika kalér nepi kaJepang. Kiwari geus aya salapan welas spésiés beruk nu geus dipiwanoh, kaasup monyét geus pisan dipiwanoh ku masarakat awam, kayaningBeruk Résus (Rhesus Macaque, Monyét Résus téa),Macaca mulatta, jeungBeruk Barbari (Barbary Macaque),M. sylvanus, hiji koloni nu hirup di pagununganJabal Torik. Najan sababaraha spésiésna teu buntutan, jeung ku sabab kitu sok diakukera (Ing.ape), bisa dipastikeun yén mémang bener monyét, nu taya patalina jeungkera gedé (Ing.great ape) dinakulawargaHominidae atawakera leutik dina kulawargaHylobatidae.
Sababaraha spésiés beruk geus loba dipaké pikeun panalungtikan médis.
Ahir1990-an kapanggih yén ampir sakabéh (90%-an) beruk kukutan atawa beunang néwakmawavirushérpes-B. Virus ieu teu nanaon pikeun beruk, tapi bahya pisan mun népa ka manusa.