Batak nyaéta ngaran hiji séké sélér diIndonésia,[2] séké ieu téh lolobana mah ngadumuk diSumatera Kalér, namung aya sawaréhna mah anu cicing di wawates propinsiAcéh jeungSumatera Kulon.[3] Lolobana urang Batak mah ngagemagamaKristen jeungIslam, tapi aya ogé nu masih kénéh ngagem kapercayaan buhun (animismeu/Parmalim).[3]
Batak Mandailing, séké ieu nyicingan daérahKabupatén Tapanuli Kidul,Mandailing Natal, Kotamadya Padang Sidempuan, sebagian Tapanuli Tengah, sarta sebagian Pasaman di Sumatera Barat.[3]
Kitu ogé pangaruh-pangaruh nu datang tiIndia (Hindu) misalna ngaran Sembiring, Sigombak, anu loba asalna rina klanIndia misalnaBrahma,Colia,Meliala sarta upacara kaagamaan jeung kapercayaan, maknaagama kacida patalina jeungHindu. Jujuluk “Batak” dina Karo nyaéta istilah pikeun ngahijikeun séké-séké anu can ngagem keur harita salianMalayu (Islam).[3] Sohorna jujuluk Batak dimasarakat Karo katingal dina GBKP (Gareja Batak Karo Protéstan) minangka paguyubanmasarakatKaro.[3]
Ngaran Batak teu dipikanyaho satemenna, tapi nurutkeuncarita-ceritasuciurang Batak utamana ti Batak Toba mertélakeun yén sakabéh sub séké Batak mibandauyutbao anu hiji nyaéta si Raja Batak.[3] Jujuluk “Raja” dina Raja Batak lain anu mibanda kakawasaan (pangawasa) tapi minangka ajrihan hungkul.[3][5]
Perkawinan dina séké Batak mangrupa hiji pranata anu meungkeuthijilalaki jeung hijiawéwé tapina ogé meungkeut hiji patalian nu ditangtukeun, sangkan hijilalaki séké sélér Batak henteu bébas dina pulah-pilihjodo.[3]
Perkawinan yang dianggép alus téh nyaéta perkawinan antara hijiawéwérimpal (marparibanbasa BatakToba) nyaéta perkawinan antaralalaki Batak jeung budakawéwé dulurlalakiindungna.[3] Ogé perkawinan anu pantrang dilakonan nyaéta jeung awéwé anu ti margana sorangan. (namung kiwari geus loba jajaka anu teu maliré adat kuna éta)[3]
Perkawinan anu di luar pituduh nyaéta perkawinan mabur (mangalua), perkara ieu kajadian ku sabab teu luyuna antarwis salah sawios pihak atawa dua beulah pihak sadudulurna.[3] Dinakawin mabur ieu dina wanci kurang ti sapoé sadudulur pihaklalaki kudu ngirimkeunwawakil ka imah koltna siwanoja pikeun ngabéwarakeun yén budakawéwé manéhanana geus dibawa nu maksudna dikawin (diparaja,basa BatakToba).[3]
Marga nyaéta saguliwek duduluran nurutkeun teureuhan tibapa (patrilinial). Sistim patrilinial nangtuukeun yén teureuh katurunan osok disambungkeun jeunglalaki.[3] Saurang Batak ngarasa hirupna lengkep upama manéhanana geus mibanda budak lalaki anu bakal neruskeun margana. Sakabéh samarga teu meunang silih ngawin (henteu kaci pikeun urang Batak Mandailing jeung Batak Angkola) jeung sasama marga disebut dina Dalihan Natolu disebut Dongan Tubu.
Lobana sakabéh marga Batak aya 416 kaasup marga séké Nias (sabenerna séké Nias lain Batak).[3] Tiap-tiap urang Batak mibanda ngaran marga, pamakéan ngaran marga biasana digantungkeun di tukang atawa ditungtung ngaranna. Ngaran marga ieu meunang tina teureuh bapa téa (patrilinéal) anu saterusna bakal diteruskeun ka katurunanna sangkan tuluy-tinuluy.[3]
Sérat Batak nyaéta hiji jinisaksara anu disebut Abugida.[3]Aksara Batak biasana ditulis dina kalakayawi atawakayu, tutulisanna ti mimiti handap nika luhur jeung garisna tikénca kakatuhu.[3] Sérat Batak jaman baheula dipaké pikeun nulis naskah Batak.[3] Dinabasa Batak buku nu dimaksud téh disebut Pustaha.[3] Pustaha ieu ditulis ku datu (dukun) eusina pananggalan jeungélmu nujum (perkara-perkara goib).[3]
Lolobanamasarakat Batak masih kénéh hirup di jero pilemburan, pilemburan éta disebut Huta, Kuta, Lumban, Sosor, Bius, Pertahian, Urung dan Pertumpukan.[3] Huta (basa Batak Toba) biasana mangrupa jabungan territorial anu didumuk asal ti hiji klén.[3] pikeun urang Karo, jabungan nu dimaksud téh disebut Kuta biasana leuwih gedé batan huta, pangeusina bisa ti mangrupa-rupa klén. Baheula huta téh dikurilingan ku hijiparit, temok taneuh anu luhur jeungn rungkunawi anu rapet. Ieu téh dimaksudkeun pikeun ngajaga diri tina serangan musuh.
Di bagéan jero tina huta aya jéjéran imah di antarana ayatepas anu bisa dipaké pesta pertikahan, upacara kamaotan jll. Kitu ogé ditepas téh ayaleuit-leuit pikeun neundeunparé jeunglisung pikeun nutuanparé. Di urang Karo mah Simalungun jeungMandailing[1] téa di unggaldésa na téh mibandabalédésa anu dipaké pikeunsidangpangadilan jeungsidang séjénna. Mun di urang Toba mah balé désa ieu digentikeun ku nu disebut partunghoan.[3]
Imah urang Batak Karo disebut Siwaluh Jabu sedengkeun pikeun imah Batak Toba disebut Ruma Bolon. Dinaimah Batak Toba wagunna opatjuru panjang,talupuhna biasana mah 1,75méter di handapeuntaneuh, bagéan handap dipaké pikeun kandangbagong,hayam jeung sajabana.[3] Upama hijijalma rék asup ka imah Batak Toba kudu tungkul sangkan henteu tijedug kana balok anu malang, perkara ieu dimaksudkeun supayatamu kudu hormat ka si nu bogaimah, sarta hihias pamantes sapertibatokkelapa ngalambangkeun pinareup (susuawéwé) anu disebut adep adep, pamantes ieu téh ngalambangkeun sumber kasuburan dan kasatuan.[3]
Sakabéh imah dijieun tinakayu, dina juru imahna nyangked hihias gajah dompak motipna beungeutsasatoan miboga maksud panolakbala, kitu ogé hihias motipnacakcak, sirahsinga dimaksudkeun pikeun nolak santét, hihias éta téh aya anu mangrupa ukiran jeung diwarnaan ku warnahideung,konéng danbeureum anu ngalambangkeuntiludunya kapercayaanmasarakat Batak. Imah anu panglobana hihiasanana mah disebutna gé Gorga.Imah Batak Toba disebut Ruma Bolon,imah Mandailing disebut Bagas Godang. Pikeun abus ka imah éta téh kudu nincak tarajé anu ngadeg di tengahimah anu itungan panincakanna téhganjil.[3]