Banténg jangkungna bisa nepi ka 1,6 m lebah pundukna, sedengkeun panjangna 2,3 m. Nujalu beuratna bisa nepi ka 680 – 810 kg, sedengkeun nubikangna mah leuwih leutik, tapi nu badag pisan mah beuratna bisa nepi ka saton. Pakulitan banténg bodas lebah suku handap jeung bujurna. Nu jalu kelirna semu wulung nepi ka hideung, tandukna ngadangkak ka luhur, sedengkeun nu bikang kelirna coklat semu beureum jeung tandukna leutik.[2][3]
Panalungtikan Pébruari 2005 nunjukkeun yénpopulasi banténg diTanjung Cobourg aya 10.000 hulu, jadi gorombolan panglobana di sakuliah dunya, sabab di habitat aslina mah kurang ti 500 hulu.
Banténg hirup di leuweung anu rada carang, kadaharananajukut,awi, bungbuahan, dangdaunnan, jeung dahan ngora. Liarna beurang-peuting, tapi mun di wewengkon nu deukeut jeung manusa mah biasana sokliar peuting (nyingkahan tepung jeung manusa). Gorombolan banténg biasana ukur ngawengku 20-30 hulu.
Di sababarahawilayah diAsia Tenggara, banténg dipiara; jumlahna nepi ka 1,5 juta hulu. Banténg liar jeung nu diingu bisa dikawinkeun, sarta turunanana lolobana bisa anakan.
Banténg Jawa (B. j. javanicus):Jawa; Jalu hideung, bikang coklat.
Banténg Kalimantan (B. j. lowi):Kalimantan; Leuwih leutik batan Banténg Jawa, nu jalu kelirna coklat kolot.
Banteng Birma (B. j. birmanicus):Birma,Tailan,Kamboja,Viétnam; Jalu jeung bikang sarua coklat, tapi di Kamboja kira 20% jaluna hideung, sedengkeun di Tanjung Malayu jeung Tailan lolobana hideung. Subspésiés ieu kuIUCN diasupkeun kana golongan kritis kaancam punah.
Banténg geus bisa diklon, malah kaasup spésiés kaancam punah kadua anu bisadiklon[1],[2]Archived 2017-03-05 diWayback Machine sarta nu munggaran bisa hirup leuwih ti saminggu (nu kahijinaGaur nu paéh dina umur dua poé sanggeus borojol).