Movatterモバイル変換


[0]ホーム

URL:


Lompat ke isi
WikipédiaÉnsiklopédi Bébas
Paluruh

Bangladés

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
গণপ্রজাতন্ত্রী বাংলাদেশ
Gônoprojatontri Bangladesh
Républik Rahayat Bangladés
Bandéra BangladésLambang Bangladés
BandéraLambang
Lagu
Amar Shonar Bangla
Bangla Emas Kuring


Location of Bangladés
Location of Bangladés
Ibu kota
(jeung kota panggedéna)
Dhaka
23°42′N 90°21′E
Basa resmiBenggala
Grup étnis (1998[1])97,2%Benggala
2,8% nu lian
PamaréntahDémokrasi parleméntérkahijian[2]
 - PrésidénAbdul Hamid
 - Perdana MentriSheikh Hasina
KamerdikaanTiPakistan 
 - Déklarasi26 Maret 1971 
Aréa
 - Total 147.570 km² (ka-94)
56.977 mil² 
 - Cai (%)?
Populasi
 - Perkiraan  2012161.083.804[1] (ka-8)
 - Kapadetan1.033,5 /km² (ka-9)
2.676,8 /mil²
GDP (PPP)Perkiraan 2011
 - Total$282,229 milyar[3] (44)
 - Per kapita$1.790,26[3] (193)
GDP (nominal)Perkiraan 2011
 - Total$113,032 milyar[3] 
 - Per kapita$700,59[3] 
Gini? (2005)33,2[4] (medium
HDI (2011) 0,500[5] (handap) (ka-146)
Mata uangTaka (BDT)
Zona wanciBST(UTC+6)
TLD Internét.bd
Kode telepon+880

Bangladés (Basa Benggala:বাংলাদেশ), resminaRépublik Rahayat Bangladés (Basa Benggala:গণপ্রজাতন্ত্রী বাংলাদেশGônoprojatontri Bangladesh), nyaéta hijinagara diAsia Kidul. Aya diDélta Gangga-Brahmaputra nu subur, Bangladés minangka bagian tina wewengkon étnis jeung basaBenggala. NgaranBangladesh hartina "Nagara Benggala" di Basa Benggala nu resmi. Bangladés wawatesan jeungTeluk Benggala di kidul,India di kalér, kulon, jeung wétan, sartaMyanmar di tenggara. Bangladés kapisah tiNepal jeungBhutan kuSela Siliguri.

Wates Bangladés ayeuna disusun tinapamisahan Benggala Britania dina 1947, nalika wewengkonna mangrupaPakistan Wétan, bagian tiPakistan nu karak ngadeg. Pakistan Wétan kapisah tiPakistan Kulon ku kirang langkungna 1.500 km wewengkonIndia. Ku sabab alesan pulitik, étnis, basa, jeung ékonomi ku wewengkon kulon, pamikiran umum tumuwuh nu teras janten pergerakan nasionalis kultural jeung sékulér, nu ngarah kana déklarasi kamerdikaan sartaPerang Kamerdikaan Bangladés dina 1971. Sanggeus perang jeung kamerdikaan, nagara Bangladés nu anyar éta ngalaman raloba masalah kamiskinan, kalaparan, karusuhan pulitik, jeungkudéta-kudéta militér. Pamulihan démokrasi taun 1991 ngahasilkeun kaayaan nu rélatif tengtrem sarta kamajuan ékonomi.

Bangladés mangrupa nagararépublik parleméntérkahijiansékulér, kalawan hiji parlemén nu ngarannaJatiyo Sangshad. Bangladés mangrupa nagara nupanglobana populasina ka-8 sadunya sarta mangrupa salah sahiji ti nagara nupangpadetna sadunya.

Numutkeun géografina, Bangladés aya di wewengkonDélta Gangga-Brahmaputra jeung mangrupa wewengkon banjir jeung siklon taunan. Nagara ieu ngalaman sababaraha masalah saperti kamiskinan, korupsi, kaleuwihan populasi, sarta sababaraha masalah tina parobahan iklim. Sanajan kitu, Bangladés miboga kamajuan dina ajén Angka Pertumbuhan Manusa.[6] Bangladés enggeus ningkatkeun angka harepan hirupna 23 taun, miboga kasaruaan jenis kelamin dina pangatikan, pangurangan pertumbuhan populasi, sarta paningkatan dina kaséhatan ibu jeung anak.[7][8]

Babagian

[édit |édit sumber]
 Artikel utama:Divisi di Bangladés, Distrik di Bangladés, jeung Upazila di Bangladés.

Bangladés dibagi kana 7 divisi administratif,[1][9] nu mana ngaranna dumasar kana ibu kotana:Barisal,Chittagong,Dhaka,Khulna,Rajshahi,Sylhet, jeungRangpur.

Divisi dibagi deui kana distrik (zila). Aya 66 distrik di Bangladés, unggalna dibagi deui kanaupazila (sub-distrik) atanapithana. Wewengkon kantor pulisi, kajaba nu di aréa metropolitan, dibagi kana sababarahaunion, nu mana unggal union ngawengku sababaraha désa. Di wewengkon metropolitan, wewengkon kantor pulisi dibagi kana distrik kota, nu teras dibagi deui kanamahallas. euweuh pamilihan pajabat dina tingkat divisi jeung distrik. Pamilihan langsung aya dina tingkat union jeung distrik kota. Taun 1997, hiji undang-undang disahkeun pikeun nangtukeun 3 korsi (ti 12 korsi) dina unggal union pikeun kandidat wanoja.[10]

Dhaka nyaéta ibu kota sarta kota panggedéna di Bangladés. Kota kalawanpamaréntahan daérah nyaéta:Dhaka Kidul,Dhaka Kalér,Chittagong,Khulna,Rajshahi,Sylhet,Barisal,Rangpur,Comilla, jeungGazipur. Kota-kota ieu miboga pamilihan umum walikota. Kota-kota utama lianna sapertiMymensingh,Gopalganj,Jessore,Bogra,Dinajpur,Saidapur,Narayanganj, jeungRangamati. Kota-kota ieu jeung kotamadya lianna miboga pamilihan umum diréktur. Walikota jeung diréktur dipilih pikeun masa jabatan 5 taun.

DivisiBanglaPopulasi (2011)[11]Aréa (km2)[11]Kapadetan populasi
(2011; jiwa/km2)[11]
Divisi Barisalবরিশাল8.147.00013.297613
Divisi Chittagongচট্টগ্রাম28.079.00033.771831
Divisi Dhakaঢাকা46.729.00031.1201.502
Divisi Khulnaখুলনা15.563.00022.272699
Divisi Rajshahiরাজশাহী18.329.00018.1971.007
Divisi Rangpurরংপুর15.665.00016.317960
Divisi Sylhetসিলেট9.807.00012.596779
Bangladés142.319.000147.570964

Tingali ogé

[édit |édit sumber]

Rujukan

[édit |édit sumber]
  1. abcCentral Intelligence Agency (2012)."Bangladesh".The World Factbook. Langley, Virginia: Central Intelligence Agency.Archived 2021-01-01 diWayback Machine
  2. Undang-Undang Dasar BangladésArchived 2012-03-06 diWayback Machine, Part V, Chapter 1, Article 66; University of Minnesota. 28 Agustus 2010
  3. abcd"Bangladesh". International Monetary Fund. Diaksés tanggal17 April 2012.Archived 24 Désémber 2012 diWayback Machine
  4. "Distribution of family income – Gini index".The World Factbook. CIA. Diaksés tanggal1 September 2009.Archived 13 Méi 2009 diWayback Machine
  5. "Human Development Report 2010. Human development index trends: Table G"(PDF). The United Nations. Diarsipkeun tiasli(PDF) tanggal 5 December 2010. Diaksés tanggal14 July 2011.Archived 8 Nopémber 2010 diWayback Machine
  6. United Nations Development Programme in Bangladesh:HDR 2010 recognises Bangladesh's great progress over timeArchived 2013-01-15 diWayback Machine. 5 Nopémber 2010. Diaksés: 25 Oktober 2012.
  7. "Meeting Millennium Development Goals". BBC News. Diaksés tanggal2012-10-25.Archived 2014-10-06 diWayback Machine
  8. "Ban lauds Bangladesh's progress on women's and children's health".UN News Center. United Nations. 15 November 2011. Diaksés tanggal2012-10-25.Archived 2014-10-20 diWayback Machine
  9. "Rangpur becomes a division". bdnews24.com. 25 January 2010. Diaksés tanggal6 August 2011.Archived 16 Méi 2011 diWayback Machine
  10. Local Government Act, No. 20, 1997
  11. abc"2011 Population & Housing Census: Preliminary Results"(PDF). Bangladesh Bureau of Statistics. Diaksés tanggal12 January 2012.Archived 15 Januari 2013 diWayback Machine

Pustaka

[édit |édit sumber]

Tumbu kaluar

[édit |édit sumber]
Artikel ieu ngandungaksara ti rungkun Brahmi. Tanpadukungan tarjamahan anu cukup, anjeun bisa ningalikokotak atanapi tanda naros aksara ti rungkun Brahmi.

  Tempo ogéBangladés di Wikivoyage

NgeunaanBangladésBangladés
Sajarah
Pamaréntahan
Ékonomi
Masarakat
Budaya
Simbol
Géografi lokal
Nagara daulat
Bisa ogé ngawengku:  Apganistan •Iran •Myanmar •Téritori Samudra Hindia Britania •Tibét
Nagara daulat
Pangakuan kawates
Depéndensi jeung
Wewengkon Administratif Husus
Australia
Britania Raya
Cina
1 Kadang diasupkeun kaÉropa, kumaha définisi watesna.2 Kadang diasupkeun kaOséania.3Nagara lintas buana.
Kaangotaan internasional
Nagara daulat
Depéndensi
Australia
Britania Raya
Selandia Anyar
AlbaniaAljazairApganistanArab SaudiAzerbaijanBahrainBangladésBasisir GadingBéninBurkina FasoBrunéiChadDjiboutiGabonGambiaGuinéaGuinéa-BissauGuyanaIndonésiaIranIraqKuwaitKazakhstanKamerunKomoroKyrgyzstanLibanonLibyaMaladéwaMalaysiaMaliMauritaniaMarokoMesirMosambikNigerNigeriaOmanPakistanPaléstinaQatarSénégalSierra LeoneSomaliaSudanSurinameSuriahTajikistanTurkiTunisiaTogoTurkménistanUgandaUzbékistanUni Émirat ArabYamanYordania

Nagara panénjo
Afrika TengahBosnia jeung HérzégovinaMuangthai

Organisasi jeung masarakat Muslim panénjo
Front Pangbébas Nasional MoroRépublik Turki Siprus Kalér

Organisasi panénjo internasional
Organisasi Sabilulungan ÉkonomiUni AfrikaLiga ArabGerakan Non-BlokPBB

Dicomot ti "https://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Bangladés&oldid=655562"
Kategori:

[8]ページ先頭

©2009-2025 Movatter.jp