Populasi Bajing Beureum diInggris,Irlandia, jeungItalia kiwari nyirorot, utamana alatan karuksakan habitat sarta kompetisi jeung Bajing Hawuk. Tarékah ngajaga kahirupan alami Bajing beureum dijalankeun ku miara leuweung konifér nu dipikaresep ku Bajing Beureum.
DiIndonésia, nu paling ilahar nyaéta Bajing Hawuk. Ku para pangebon kalapa mah dianggap hama, sabab sok ngaruksak tatanénna.
Salah sahiji sipat anu loba dipikawanoh tina sababaraha spésiés bajing tayalian néangan jeung nundakakacangan pikeunusum tiis. Ieu bajing, tayalian maranéhna ngumpulkeun kacang tuluy disumputkeun di sababaraha tempat anu gampil ditéang ku manéhna, biasana ieu kacang sok dikubur. Panalungtikan anyar ngébréhkeun yén ieu bajing mibanda ingetan anu kuat pikeun manggihan tempat-tempat panundaan kacang-kacang téa.