Babakaur atawababak-haur (kelasChilopoda) mangrupaartropoda daratpeurahan nu awakna panjang sarta sapasangsuku dina unggal ruas/buku awakna. Sato ieu lolobanaliar peuting, hirup utamana di wewengkon nuiklimnatropis. Kawas dulur deukeutnatitinggi, awakna diwangun ku 15-173 ruas. Béda ti titinggi nu awakna rada budeud (jangkung), babakaur mah depé, gerakna gancang sarta mangrupa artropoda prédator.
Hulu babakaur boga sapasanganténeu sarta sarta sungut nu 'sihungan'. Bagian hareup huluna boga sihung nu peurahan mnu dipaké boh keur ngajaga diri atawa keur ngalumpuhkeun mangsana. Aya sababaraha spésiés nu peurahna bisa bahya pikeun manusa. Babakaur nu ilahar kapanggih di paimahan (Scutigera coleoptrata) mangrupa salah sahiji spésiéskarnivora nu sok ngahakanserangga kayaningcucunguk jeunginvertebrata leutik lianna.
Babakaur ogé aya nu hirup di dasarguha nu dieusi kukalong, ngarah anak kalong nu ragrag ti luhureunana.