Movatterモバイル変換


[0]ホーム

URL:


Lompat ke isi
WikipédiaÉnsiklopédi Bébas
Paluruh

Awak Golgi

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Diagramsistim éndomémbran dina séleukaryote

Dinabiologi sél,awak Golgi (atawaparabot Golgi,kompléks Golgi,diktiosom) mangrupaorganél nu aya dina ampir sakabéhséleukaryote, kaasuptutuwuhan,sato, jeungfungi. Ieu ngaran dicokot tina ngaran ahlianatomiItaliCamillo Golgi, nu munggaran medar ieu organél dina taun1898. Pancén utama awak Golgi nyaéta pikeun ngolahprotéin nu rék dipaké dinamémbran plasma,lisosom, atawaéndosom, sarta protéin lianna nu bakal dihasilkeun ku sélna.

lolobanavésikel angkutan nu ninggalkeunrétikulum éndoplasma (RÉ), utamana RÉlemes,téh diangkut ka awak Golgi pikeun dirobah, dipilah, sarta dikirimkeun ka tujuan ahirna. Awak Golgi aya di ampir sakabéh sél eukaryote, tapi utamana mah dina sél-sél nu loba nyékrésikeun protéin, misalnasél B plasma, sél sistim imun nu nyékrésikeunantibodi.

Pancén

[édit |édit sumber]

Awak Golgi kurang leuwihna mah kawas "kantor pos" dina sél: ngolah lipid, protéin, jsb. nu asup, sarta ngatur 'ékspor'na.

Vésikel angkutan ti rétikulum éndoplasma ngahiji jeung sisicis awak Golgi (kanacisternae), terus mindahkeun protéin nu diangkutna kanalumén Golgi. Protéin salajengna diangkut ka bagian médial ngaliwatan sisitrans. Modifikasi biasana mangrupaglikosilasi jeungfosforilasi. Protéinna ogé dilabélan ku runtuyan molekul luyu jeung tujuan ahirna. Pikeun conto, awak Golgi nambahkeun labélmanosa-6-fosfat pikeun protéin nu ditujukeun ka lisosom.

Mékamisme angkutan/transpor dina awak Golgi can pati jéntré; bisa ku jalanprogrési cisternae (awak Golgi ojah, ngawangun cisternae anyar di sisicis, lajeng diancurkeun di sisitrans) atawa ku jalanangkutan vésikel (vésikel leutik ngakut protéinna ti hijicisternae ka nu salajengna, sedengkeun cisternae-na teu robah). Aya ogé nu hipotésis yén aya interkonéksi cisternae, antukna molekul-molekul téh diakut dina jero awak Golgi alatandifusi, sedengkeun lokalisasi protéin pangeusi Golgi dihontal ku mékanisme nu can kanyahoan.

Mun geus nepi ka sisitrans, protéin téh dicantélkeun kana vésikel angkutan pikeun dibawa ka tujuan ahirna. Bentuk vésikelna ditangtukeun ku tipeu protéin jeung labél nu ditambahkeun.

Pikeun conto, kompléks Golgi boga pancén pikeun ngamodifikasi glikoprotéin (dipaké dinamémbran sél). Vésikel ti RÉ ngandung glikoprotéin nu basajan kénéh. Dina kompléks Golgi, glikoprotéin ieu ditambahan jeung dikurangankarbohidratna, antukna ngahasilkeun rupa-rupa struktur dina protéinna. Sanggeus disékrésikeun kana sél, vésikelna ngahiji jeung mémbran sél lajeng ngaleupaskeun kandunganana.

Marengan modifikasi protéin, awak Golgi ogé aub dina angkutanlipid sabudeureun sél, kaasup nyieunlisosom,organél nu aub dinadigesti.

Tumbu kaluar

[édit |édit sumber]
Organélsél
Awak Golgi |Kloroplas |Lisosom |Miofibril |Mitokondria |Nukleus |Peroksisom |Rétikulum éndoplasma |Ribosom |Séntriol |Vakuol |Vésikel
Dicomot ti "https://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Awak_Golgi&oldid=649947"
Kategori:

[8]ページ先頭

©2009-2025 Movatter.jp