Austria mangrupa nagara nu nganggo sistem démokrasi répréséntatif parleménter nu diwangun ti salapan nagara bagian fédéral. Austria jadi nagara anggotaPBB ti 1955 jeungUni Éropa ti 1995.
Dinabasa Jérman, ngaranÖsterreich bisa ditarjamahkeun kana “Karajaan Wétan”. Kecap éta dicandak ti kecap ti basa Jérman KunaOstarrîchi. Istilah ieu mereun asalna ti tarjamahan tiBasa Latin pikeun ngaran wewengkon éta:Marchia orientalis, nu hartina “wates wétan”, soalna ogé nagara éta aya dina bagian wétan tiKakaisaran Romawi Suci.
Wewengkon Austria nu awalna dikenal salakuKarajaan Norikum nu dipingpin ku salah sahiji sékéKelt, jeung mangrupa batur lamiRomawi. Wewengkon ieu dicicingan (lain ditalukan) ku urang Romawi dina pamaréntahanAugustus jeung dijieun Propinsi Norikum dina taun16 SM. Teras, Austria ditalukan kuHun,Lombardia,Ostrogoth,Bavaria, jeungFranka. Saenggeus diparéntah 48 taun kuHongaria (ti taun907 nepi ka955), wewengkon inti Austria dipasihan ka Léopold ti Babenberg dina taun 976. Saenggeus mangrupa bagian tiKakaisaran Romawi Suci, Babenberg miboga pamaréntahan ti abad ka-10 nepi ka abad ka-13. Saenggeus Pangéran Fréderick II mangkat dina taun 1246 jeung teu kagungan panerus, Rudolf I tiWangsa Habsburg ngabagikeun taneuhna ka murangkalihna nu lalaki jeung ngamimitian wanci pamaréntahan Wangsa Habsburg nepi ka awal abad ka-20.
Dina 1918, Austria mangrupa hiji nagararépublik nepi ka taun 1934 wanciEngelbert Dollfuss nyieun sistemdiktator. Austria dijajah kuJérman dina rézimNazi taun1938. Saenggeus Jérman éléh dinaPerang Dunya II, administrasi Austria dipibanda ku sekutu. Dina taun 1955 Austria dibébaskeun jeung jadi hiji nagararépublik nu merdéka, saratna Austria kedah nétral.
Austria dibagi kana salapan nagara bagian, (di Austria disebutBundesländ/er). Nagara bagian ieu teras dibagi deui kanadistrik (Bezirk) jeungkota (Stadt). Salajengna dina tingkat nu leuwih leutik dibagi kanaGemeinde.