Atom mangrupa komponén sistem kimiawi pangleutikna nu teu bisa dibeulah/dibagi deui. Kecap ieu i.diturunkeun tina kecapYunaniatomos, teu bisa dibagi, tinaa-, teu, jeungtomos, beulah. Biasana ngandung harti atom kimiawi, komponén dasarmolekul jeungzat biasa. Atom teu bisa dibeulah deui kuréaksi kimiawi, tapi ayeuna geus kapanggih yén atom ogé disusun kupartikel subatomik nu leuwih leutik. Diaméter atom umumna antara10pm nepi ka100pm.
Rupa-rupa zat dina kahirupan sapopoé mangrupa atom-atom nu mibanda ciri mandiri. Kaayaan partikel kitu rupa mimiti diajengkeun ku filsuf Yunani sapertosDemocritus,Leucippus, jeung ku paraEpicureans, tapi ku sabab teu bari dipaluruh kumaha benerna, konsép éta tilem nepi ka diangkat deui kuRudjer Boscovich dina abad ka-18, nu saterusna kuJohn Dalton diterapkeun dinakimia.
Rudjer Boscovich ngedalkeun téorina dumasar kamékanika Newtonian taun1758 dinaTheoria philosophiae naturalis redacta ad unicam legem virium in natura existentium. Numutkeun Boscovich, atom téh mangrupa titik nu teu mibanda struktur, nu némbongkeun gaya silih tolak jeung silih betot, saluyu jeung jarakna.John Dalton maké téori atom pikeun nerangkeun nahagas salawasna pacampur dina babandingan nu basajan. Ku ayana hasil gawéAmedeo Avogadro, dina abad ka-19, para ilmuwan mimiti bisa ngabédakeun atom jeungmolekul. DIna mangsa modérn, atom geus bisa ditengetan sacara ékspériméntal.
Sakumaha nu kabukti ayeuna, tétéla atom sorangan disusun kupartikel nu leuwih leutik. Nyatana, ampir sakabéh atom mangrupa rohangan kosong. Ditengahna mangrupainti positip nu leutik nu diwangun kunukleonproton jeungneutron, sedengkeun sésana dieusi ku cangkang-cangkangéléktron nu saimbang. Atom salawasna bogamuatan nétral ku ayanaéléktron jeungproton nu jumlahna sarua. Atom umumna digolongkeun dumasar wilangan atomna, saluyu jeung jumlah proton na jero atom. Misalna, atomkarbon nyaéta atom nu boga 6 proton. Sakabéh atom nu boga wilangan atom nu sarua mibanda rupa-rupa sipat fisik tur némbongkeun paripolah kimiawi nu sarua. Rupa-rupa atom dibéréndélkeun naTabel periodik. Atom nu mibanda wilangan atom nu sarua tapi beurat atom nu béda (sabab béda jumlah neutronna), disebutisotop.
Atom nu pangbasajanna, nyéta atomhidrogén nu mibanda nomer atom 1 jeung ngandung ukur hiji proton jeung hiji éléktron. Atom H ieu jaman kiwari mangrupa salah sahiji fokus subjék dina panalungtikan ilmiah, utamana dina munggaran mekarnatiori kuantum.
Polah kimiawi atom loba pisan disababkeun ayana interaksi antaréléktron. Utamana éléktron nu aya dina cangkang pangluarna, disebut éléktron valénsi, boga pangaruh nu panggedéna kana paripolah kimiawi. Éléktron nu di jero (nu lain di cangkang pangluarna) ogé méré pangaruh, ngan biasana dina hal mangaruhan muatan positif na inti atom.
Aya kacenderungan nu kuat pikeun atom-atom pikeun sakabéhna ngeusi (atawa ngosongkeun) cangkang éléktron luarna, nu na hidrogén jeung hélium boga rohangan pikeun dua éléktron, sedengkeun di sakabéh atom séjén boga rohangan pikeun dalapan. Ieu kahontal ku maké éléktron babarengan jeung atom tatangga atawa ku cara nyokot éléktron sagemblengna ti atom séjén. Nalika éléktron dipaké bareng,beungkeut kovalén ngawujud antara dua atom. Beungkeut kovalén mangrupa beungkeut atomik nu pangkuatna.
Nalika hiji atawa leuwih éléktron sagemblengna dipiceun ti hiji aton ka atom séjénna, mangka kabentukion. Ion mangrupa atom nu mibandamuatan alatan teu saimbangna jumlah proton jeung éléktron. Ion nu narima éléktron disebutanion, muatanna négatip. Atom nu kaleungitan (ngaleupaskeun) éléktron disebutkation, muatanna positip. Kation jeung anion silih katarik alatan gaya coulomb antara muatan positip jeung négatip. Tarikan ieu disebutnabeungkeutan ionik nu kakuatanana leuwih lemah batan beungkeutan kovalén.
Sakumaha nu geus dipedar di luhur, beungkeutan kovalén nunjukkeun kaayaan nalika éléktron dibagi saimbang antara atom-atom, sedengkeun beungkeutan ionik nunjukkeun yén éléktron sagemblengna dipasrahkeun ka anion. Iwal ti sababaraha kasus ékstrim, teu hiji ogé ti ieu gambaran sagemblengna bener. Dina lolobana beungkeutan kovalén, éléktron teu kabagi sarwa saimbang, leuwih loba ngumpul di atoméléktronégatip, nu matak beungkeutan kovalén mibanda sababaraha ciri ionik. Sarua ti éta, dina beungkeutan ionik éléktron kadang sakeudeung ngumpul di atom nu leuwih éléktropositip, nimbulkeun sababaraha ciri kovalén na beungkeut ionik.