Movatterモバイル変換


[0]ホーム

URL:


Lompat ke isi
WikipédiaÉnsiklopédi Bébas
Paluruh

Astinapura

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Perenahna Hastinapura di wilayah jurisdiksi India
Perenahna Hastinapura di wilayah jurisdiksi India

Astinapura atawa Hastinapura (Sansekerta:हस्तिनापुर ) nyaéta hiji dayeuh sartaNagar Panchayat di distrikMeerut,Uttar Pradesh, nagara bagianIndia. Hastinapura asalna ti kecapHasti (gajah) +Pura (dayeuh). Réa kajadian dina carita Mahabarata anu lumangsung di Hastinapura. Dina mangsa kiwari, dayeuh ieu disebutHastinapur, hiji dayeuh leutik anu perenahna diUttar Pradesh, jauhna 120 km tiDelhi. Di ieu dayeuh aya obyék wisata anu metot perhatian saperti Kuil Jain jeung Taman Nasional Hastinapur.

Hastinapura dina Mahabarata

[édit |édit sumber]

Dayeuh Hastinapura nyaéta puseur pamaréntahan karajaan para Kurawa (turunanKuru atawa dinasti Kuru) anu ogé mecenghul dina carita perangMahabarata.

Para Raja Hastinapura

[édit |édit sumber]

Para Raja Hastinapura mangrupa turunan RajaBarata sarta RajaKuru, mangka disebut ogé Wangsa Kurawa (Kuruwangsa). Dina kitabMahabarata, carita Para Raja Hastinapura dimimitian ku carita PrabuSantanu.

Ringkesan caritana saperti kieu:

Prabu Santanu mibanda dua pamajikan, nyaétaDéwi Gangga jeungSatyawati. Tina hasil dua perkawinan ieu, anjeunna mibanda tilu anak lalaki, nyaéta:Bisma,Citrāngada, jeungWicitrawirya. Bisma lahir ti Déwi Gangga sedengkeun Citrāngada sarta Wicitrawirya lahir ti Déwi Satyawati.

Bisma sumpah moal rék kawin, sedengkeunCitrāngada gugur dina umur ngora alatan tarung jeung saurang RajaGandarwa anu mibanda ngaran sarua. Samentara étaWicitrawirya didahupkeun jeung dua puteri tiKarajaan Kasi, nyaétaAmbika jeungAmbalika. Tapi Wicitrawirya maot tanpa méré turunan. sangkan tahta karajaan bisa diwariskeun, dua randa Wicitrawirya dibikeun ka ResiAbiyasa anu masih mibanda hubungan duduluran jeung kulawarga karajaan.

ResiAbiyasa ngalakonan upaca (ritual) pikeun meunangkeun anak. Sawatara waktu sanggeus ngalakonan ritual kasebut, dua randaWicitrawirya ngandung. Satuluyna Ambika ngalahirkeunDréstarata anu lolong. Sedengkeun Ambalika ngalahirkeunPandu anu beungeutna sepa. DewiSatyawati ménta supayah Ambalika jeung eesi Abiyasa ngalakonan deui upacara. Ngan Ambalika henteu sadia pikeun ngalakonanana sarta ménta saurang ladén anu ngarannaSudri ngagantikeun manéhanana. Satuluyna tina beuteung Sudri lahirWidura.


Para Raja Hastinapura dina Mahabharata
NgaranKaterangan
SantanuputeraPratipa
Chitrāngadaputera cikal Santanu, wafat di umur ngora dina peperangan
Wicitrawiryaputera bungsu Santanu, wafat di umur ngora tanpa turunan
Panduputera Alm. Wicitrawirya kalawanAmbalika (sanggeus ngalakonan upacaraputrotpadana)
Dretarastraputera Alm. Wicitrawirya kalawanAmbika (sanggeus ngalakonan upacaraputrotpadana)
Yudistiraputera cikal Pandu kalawanKunti
ParikesitputeraAbimanyu (puteraArjuna, adi ti Yudistira) kalawanUttara
Janamejayaputera Parikesit

Hastinapura mangsa kiwari

[édit |édit sumber]

Di mangsa kiwari, Hastinapura mangrupa dayeuh leutik di wewengkon Doab di Uttar Pradesh, sarta disebut Hatsinapur, 37 km ti Meerut 120 km ti Delhi. Ieu dayeuh boga populasi kira 20.000 jiwa. Lalampahan ka ditu bisa ditempuh maké beus ti Meerut anu siap samanéhna ti pukul 7 isuk-isuk nepi ka pukul 9 peuting. Jalanna alus sarta bérésih jeung tetempoan héjo sarta amparan pasawahan di kénca-katuhuna. Di ditu aya obyék wisata anu metot perhatian kawas Kuil Jain jeung Taman Nasional Hastinapur.

Tempo ogé

[édit |édit sumber]
Wiracarita Mahabarata kuKrishna Dwaipayana Wyasa
Para palaku
Dinasti KuruPalaku séjén
Santanu |Bisma |Satyawati |Citrānggada |Wicitrawirya |Ambika |Ambalika |Widura |Dréstarata |Gandari |Sangkuni |Subadra |Pandu |Kunti |Madrim |Yudistira |Bima |Arjuna |Nakula |Sadéwa |Duryodana |Dursasana |Yuyutsu |Dursala |Drupadi |Arimbi |Gatotkaca |Ahilawati |Utara |Utari |Ulupi |CitrānggadāAmba |Barbarika |Babruwahana |Irawan |Abimanyu |Parikesit |Wirata |Kicaka |Krépa |Dorna |Aswatama |Ékalaya |Kertawarma |Jarasanda |Satyaki |Mayasura |Durwasa |Sanjaya |Janaméjaya |Abiyasa |Karna |Jayadrata |Kresna |Baladéwa |Drupada |Arimba |Dréstajumena |Burisrawa |Salya |Adirata |Srikandi |Rada
Jejer pamungkas
Pandawa Lima |Kurawa |Astinapura |Indraprahasta |Karajaan dina Mahabarata |
Perang di Kurusétra |Bagawad Gita |Karajaan Kuru |Silsilah Pandawa jeung Kurawa
Dicomot ti "https://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Astinapura&oldid=491751"
Kategori:

[8]ページ先頭

©2009-2025 Movatter.jp