Arsen,arsenik, atawaarsenikum nyaéta unsur kimia dinatabél périodik anu miboga simbol As jeungnomor atom 33.[1] Arsen kapanggih dina taun1250 kuAlbertus Magnus.[2] Di alam mah kapanggihanna dina sawataramineral sigaorpiment (AS2S3),realgar (AsS),arsenopirit, jeung minangkaoksida jeungarsenat.[2] Arsen mangrupa unsurmétaloid (amfoter), banda padet nu warnana abu-abupérak, ngagurilap pisan (bisa burem ku ayana hawa).[2] Sipat kimiana miripfosfor, langsung ngaréaksi kuhalogén, jeung mun dipanaskeun bakal gancang kaoksidasi jadi arsen(III)oksida anu bauna sigabawang bodas.[2] Dua wangunalotropi séjénna nyaéta arsenkonéng jeung arsenhideung ngagurilap, tapi arsen abu-abu mah leuwih stabil.[2] Arsen dipaké pikeun bahan komponén campuran logam jeung semikonduktor.[2]