Arum (kulawargaAraceae) nyaéta salah sahiji kulawargatutuwuhan nu aya dina kelompok utamaAngiospermae (Tutuwuhan kembangan).[1][2] Tutuwuhan Aracéae mangrupa Monokotil (Liliopsida), nu sabagian gedé anggotana mangrupa tutuwuhantropis, sanajan aya pangecualian dinajack in the pulpit nu tumuwuh sacara lega di zonaiklim sedeng.[3] Tutuwuhan Aracéae mangrupa tutuwuhanrhizomatous atawa hérbatuberous nu diwangun ku antara 110 marga jeung 1.800 spésiés.[4] Tutuwuhan ieu biasana mibogakalsium oksalat atawaraphides jeung umumna miboga susugeutah.[4] Wangunbatang biasana galaredé, jeung mibogaakar udara nu dagingan.[3]Daun sok dina wangun nu rupa-rupa jeung loba mibogalobus nu jalero.[3]
 | Artikelieu mangrupataratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggongalengkepan. |