Apu basaInggris (Chalk) (pronunciation: /ˈtʃɔːk/) nyaéta tipung bodas anu dijieun tina batu''sédimen'', batu apu asalna tina jerolaut anu mangrupa gelempengankalsium (coccoliths) anu diwangun tinamikroorganisme coccolithophores. Dina batu apu ilahar ogé di jerona kapanggih batu panékér (Rijang) pikeun mirun seuneu.[1]
Apu henteu gampang ngalamanpelapukan, ku lantaran kitu apu mindeng kapanggih dina jumlah anu loba dina wangun anu ngagawir, apu ogé mibanda kakuatan nahan cai anu nyangkrung dina sela-selana ogé nandéan cai taneuh anu ngalir sagigireuna, ku alatan kitu batu apu mangrupa''reservoir'' alam anu baris ngaluarkeun cai lalaunan mangsana usum halodo[2].
Pikeun tatanén apu dipaké pikeun ngajaga kasimbanganPHtaneuh jeung ngaronjatkeun kasuburanna. Loba jeung rupana apu anu dipaké gumantung kana maksud jeung tujuan; apu beunang ngagiling (kalsit super), Apu tohor atawa apu hirup (kalsit, quicklime),dolomit, apu pikeun nembok (slaked lime, Ca(OH)2), apu liat atawa mari, apu seuneu (slag), jeung apu tina cangkang haremis.
Baheula tipung apu dicitak sagedé-gedé curuk dipaké pikeunKapur tulis dina bor hideung hanjakal gampang teuing dipupus jeung bubukna matak ngebul, ka dieunakeunkapur tulis dijieun tina mineralgypsum (kalsium sulfat) panjang kurang leuwih 10 cm,kapur kaput nyaéta apu anu dipadetkeun dimangpaatkeun pikeun ngaguratan kaén/lawon anu baris dipotong, kiwarimah geus diganti ku wedak (magnesium silikat).Apu ogé dipaké ngaguratan jukut lapang mengbal, atawa tenis. Tapi kiwari geus diganti kutitanium dioksida. Apu anu dipaké dina olah raga pikeun nyerep késang jeung sangkan henteu leueur saperti dina olahraga senam, atlétik, naék gawir (panjat tebing), angkatbeusi jeung tariktambang, tapi kiwari geus diganti kumagnesium karbonat.
Apu dipaké ogé pikeun mulasimah,pager jeung sajabana. Apu anu dipotong-potong sagedé-gedé bata dijieunbalok pikeun dadasar/pondasi mangsa ngadegkeun imah, benténg atawa wangunan anu séjéna[3][4]
↑Rigg, Jonathan (1862).A Dictionary of the Sunda Language of Java. Universitas Harvard: Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen. p. 20. Diakses tanggal (disungsi) 11 April 2020.
↑Kuswandi. 2005.Pengapuran Tanah Pertanian: Edisi Revisi. Penerbit Kanisius. Yogyakarta.
↑Whitaker, William (1872).Memoirs of the Geological Survey of Great Britain4. London: Longmans, Green. p. 389.OCLC2531996.
↑Easton, David (1996).The Rammed Earth House. White River Junction, VT: Chelsea Green Publishing. p. 15.ISBN9780930031794.