Apem nyaéta ngaran kadaharan tradisional asliIndonésia anu dijieun tinatipung béas dicampurtipung sagu jeung cipati.[1] Ari bahan biangna tinaragi instan, cai jeungtipungbéas, bahan siropna tina gula bodas jeung cai kalapa ngora.[1] Sok disebut ogékuéh mangkok sabab dicitakna dina cacangkir nu teu cangklékan.[2] Méh sarua jeungbolu kukus.[2] Kuéh apem biasana diasakan ku cara diseupan dinalangseng nu caina geus ngaggoolak.[3] Pikeun ngajieun kuéh apem ngabutuhkeun waktu nu teu sakeudeeung, ku sabab sanggeus ngadonan, adonan kudu disimpen heula nepi beukah.[3][4]
Bahan - bahan keur nyieun apem di antarana nyaétatipung béas,aci,cipatikalapa,gula bodas,uyah,ragi, jeunggincu.[3]
Cara pikeun nyieun kuéh apem téh mimitina leyurkeun ragi jeung 5 séndokcai haneut, golakkeun gula bodas jeung santen nepi ka nyampur, antepkeun nepi ka tiis, tuluy campurkeun tipung béas, aci, ragi nu geus di leyurkeun ku cai haneut di wadah, galey bahan nu geus dicampur nepikeun ka kalis kira-kira 10-15 menit, tuluy cicikeun santen kana adonan nu geus kalis sabari digalo nepi ka rata, antepkeun adonan kira-kira sajam, sanggeus éta tuluy pisahkeun adonan jadi sababaraha bagéan, béré gincu, aduk nepi ka rata. tuluy cicikeun adonan ka jero citakan, seupan dinalangseng kira-kira salila 25 menit atawa nepi ka asak.[3] Jait kuéh apem nu geus asak, tuluy kaluarkeun tina citakan.[3]
![]() | Artikelieu mangrupataratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggongalengkepan. |