Movatterモバイル変換


[0]ホーム

URL:


Lompat ke isi
WikipédiaÉnsiklopédi Bébas
Paluruh

Sato

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
(dialihkeun tiAnimalia)
Kéwan
Klasifikasi ilmiah
Domain:
Karajaan:
Animalia

Filum
Sinonim

Sato hartina golonganorganismeu dinakarajaanAnimalia atawaMetazoa, sacara umummultisélular, bisa pipindahan sarta résponsif ka sabudeureunana, sartadahar organismeu séjén salaku asupanana. Dedegan awakna beuki jejeg nalika sawawa, biasanatumuwuh tinaémbrio, najan aya ogé nu ngalamanmétamorfosis.Manusa ogé kaasup kana karajaan Animalia.[1]

Karajaan Animalia mibanda sababaraha ciri nu ngabédakeun ti mahluk hirup lianna. Nu kahiji, sasatoan téheukariot, antukna misah tiKarajaan Monera. Kadua, sato téhmultisélular, antukna misah tiKarajaan Protista. Katilu,heterotrof, antukna misah tiKarajaan Plantae katut sababarahaprotist nu mirip tutuwuhan. Panungtung, Karajaan Animalia ngawengku organisme-organisme nu teu boga pinding sél (dinding sel,cell walls), antukna misah tiKarajaan Plantae,algae, jeungKarajaan Fungi.

Aristotle ngabagi mahluk hirup antara sasatoan jeungtutuwuhan, nu salajengna dituturkeun kuCarolus Linnaeus dina klasifikasi hirarki munggaran. Ti saprak harita para ahlibiologi mimiti ngaduga-duga hubungan évolusina, antukna dua kelompok ieu bener-bener misah. Pikeun conto,protozoa mikroskopik asalna mah dianggap sato ku sabab usik, tapi kiwari mah misah. Tina sawangan sababaraha ageman,manusa dianggap misah ti sato (sabab kamampuhna nu béda, nyaéta bisa nyarita jeung mikir), tapi bakutaksonomi kiwari mah tetep ngahiji.

Struktur

[édit |édit sumber]

Iwal ti pikeun sababaraha organismeu, utamanaspons (FilumPorifera), awak sato kabagi kana sababarahajaringan, di antaranaotot, nu ngamungkinkeun kontrol gerak, sartasistim saraf nu ngirim jeung ngolah sinyal-sinyal ti anggota awak lianna.

Sakabéh sato boga séleukariotik, nu dikubeng ku sarupaningmatriks ékstrasélular nu diwangun kukolagén jeungglikoprotéin nu élastis. Matriks ieu bisadikalsifikasi antukna jadi struktur kawas cangkang, tulang, jeung spikula. Sabalikna, organisme multisélular lianna modéltangkal jeungsuung, sélna téh dibungkus kupinding sél (dinding sel,cell wall).

Baranahan jeung tumuwuh

[édit |édit sumber]

Ampir sakabéh sasatoan ngalaman sarupaning bentukréproduksi séksual. Sato nu geus sawawa mibanda sél-sél réproduktif husus, nu ngalamanméiosis nu ngahasilkeunspérma atawaendog. Mun dua sél ieu ngahiji, lajeng bakal jadizigot, nu tumuwuh jadi individu anyar.

Loba ogé sasatoan nu bisa ngalampahkeunréproduksi aséksual, nyaéta ngaliwatan prosésparténogenesis nu ngahasilkeun endog nu subur tanpa kawin, atawa - dina sababaraha kasus - ngaliwatan prosés fragméntasi.

Zigot mimitina tumuwuh jadiblastula, nu disusun ulang jeung ngalaman diferensiasi. Dina spons, larva blastula ngojay ka tempat séjén nu lajeng tumuwuh jadi spons anyar. Dina lolobana kelompok lianna, blastula ngalaman panyusunan ulang nu leuwih pajeulit.

Asal-usul jeung catetan fosil

[édit |édit sumber]

Sacara umum (nurutkeun téori), sato dianggap ngalaman évolusi ti protozoaflagellate. Dulur pangdeukeutna nu masih aya nyaétachoanoflagellate, flagellate nu mibanda struktur nu sarua jeung sababaraha spons. Ulikan molekular nempatkeun ieu organisme dina hiji supergrup nu disebutopisthokont, nu ogé ngawengkusuung jeung sababarahaprotist parasit leutik. Ngaran ieu asalna tina lokasi posteriorflagellum dina sél motil, kawas dina lolobana spérma sasatoan, sagédéngeun eukariot lian nu boga flagel anterior.

Fosil munggaran nu meureun ngawakilan sasatoan datangna ti ahir jamanPrecambrian, kira 600 juta taun ka tukang, nu katelahbiota Vendian. Tapi ieu téh hésé disambungkeunana jeung papanggihan fosil nu leuwih anyar, nu bisa baé dianggap salaku prékursor fila modérn, tapi bisa ogé ti kelompok anu béda. Malah mah, bisa jadi fosil nu kapanggih téh lain sato sato acan. Di sagigireun ti éta, lolobana fila sasatoan nu geus kanyahoan mah kurang leuwihna datang sacara simultan dina périodeuCambrian, kira 570 juta taun ka tukang. Nu katelahledakan Cambrian téh matak hémeng nu puguh mah, naha ieu téh kajadian ngarancabangna kelompok-kelompok kalawan gancang atawa parobahan lingkungan nu ngabalukarkeun bisa lumangsungna fosilisasi.

Golongan sato

[édit |édit sumber]

Sajarah klasifikasi

[édit |édit sumber]

Dina skéma awalLinnaeus, sasatoan téh mangrupa salah sahiji ti tilu karajaan, nu dibagi deui kana genep kelas:Cacing,Serangga,Lauk,Amfibi,Manuk, jeungMamalia. Lajeng nu opat panungtungan digabungkeun jadi hiji filum:Chordata, sedengkeun nu séjénna ngarancabang deui.

Conto

[édit |édit sumber]

Sababaraha sasatoan nu ilahar dipikawanoh, dibéréndélkeun dumasar ngaran umumna:

anjing -bagong -beruk -hayam -kuda -lutung -manuk -munding -simeut -sireum -turaés -ucing

Baca ogé

[édit |édit sumber]

Tumbu kaluar

[édit |édit sumber]
Wikiquote logo
Wikiquote logo
Wikicutatan mibanda cutatan-cutatan nu patali jeung artikel ieu dina kaca
Wikimedia Commons mibanda média séjénna nu patali jeungAnimalia.
Wikispecies mibanda émbaran ngeunaan:Animalia
Wikibooks
Wikibooks
Pustaka Wiki mibandaDichotomous Key nu patali jeung takson ieu:

Biologi SMA]


Cutatan

[édit |édit sumber]
  1. Riski, Azzurrino (2018).Riski. Indonesia: Elex Media Komputindo. p. 1.ISBN 9786020454429.  Disungsi16 Januari 2022
Dicomot ti "https://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Sato&oldid=674084"
Kategori:

[8]ページ先頭

©2009-2025 Movatter.jp