Movatterモバイル変換


[0]ホーム

URL:


Lompat ke isi
WikipédiaÉnsiklopédi Bébas
Paluruh

Amitriptilin

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Artikel ieu keur dikeureuyeuh, punten tong waka diédit atawa dirobah eusina.
Artikel ieu masihan informasi dasar dina bidang kesehatan. Informasi dina artikel ieu ngan meunang digunakeun kanggo informasi ilmiah, teu bisa ngaganti diagnosis medis.
Perhatosan: Wikipédia lain dokter, sagala informasi anu aya dina ieu énsiklopédi dumasar rujukan anu aya.
Saupama anjeun aya keluhan, konsultasikeun jeung tenaga kaséhatan langsung
Amitriptilin
Ngaran sistimatik (IUPAC)
3-(10,11-dihydro-5H-dibenzo[a,d]cycloheptene-5-ylidene)-N,N-dimethylpropan-1-amine
Identifiers
Nomer CAS50-48-6
549-18-8 (hydrochloride)
17086-03-2 (embonate)
Sandi ATCN06AA09
PubChem2160
DrugBankDB00321
ChemSpider2075
Data kimia
RumusC20H23N 
Mass. mol.277.403 g/mol
SynonymsAmitryptyline; Amytriptyline; Amitryptiline; Amitriptiline; MK-230; N-750; Ro 4-1575
Data fisika
Titik lééh188 °C (370 °F)
Data farmakokinetik
Bioavailabilitas30–60%
Ikatan protein96%
MetabolismeLiver (CYP2D6, CYP2C19)
Waktu paruh10–50 hours
EksresiUrine
Therapeutic considerations
Licence data

US

Kat. kehamilan

C(AU)C(US)

Legal status

Prescription Only (S4)(AU)?(CA)POM(UK)-only(US)

JalurNgaliwatan baham,injeksi intramuskular


Amitripilin nyaéta ubar pikeun ngungkulan masalah kaséhatan kayaningdéprési, miboga strukturkimia C20H23N.[1][2] Ubar ieu bisa ningkatkeun suasana haté jeung ngarasakeun katentreman, nurukeun rasa kahariwang nu kaleuleuwihi sarta kategangan, ngaronjatkeun kualitas saré, sarta ningkatkeun énergi. Ubar ieu kaasup kana kelas ubar nu biasa disebut antidéprésantrisiklik.[3][4]

Kagunaan

[édit |édit sumber]

Amitriptilin nyaéta ubar antidéprésan kelas trisklik dipaké pikeun ngubaran masalah kaséhatan méntal atawa kajiwaan kayaning parobahan suasana haté sacara drastis sarta déprési.[3] Ubar ieu nulungan ngaronjatkeun suasana haté atawamood jeung rasa bagéa, ngurangan karingrang jeung kategangan, sarta bisa ngaronjatkeun kualitas saré. Fungsi lianna tina amitriptilin nyaéta pikeun ngubaran nyerisaraf (misalnaneuropati perifer, postherpetic neuralgia), gangguan hésé dahar (bulimia), masalah kajiwaan atawa suasana haté lianna (kayaning miboga tingkat karingrang nu gedé atawa gangguan karingrang lianna) atawa pikeun ngungkulan nyerisirahmigrén.[5] Amitriptilin gawé kucara ngajaga kasaimbangan kadarsérotonin jeungnorepinephrine dina saraf puseur. Ku kituna, gawéotak bisa leuwih alus sarta gejala déprési saeutik-saeutik ngurangan.[6]

Cara maké

[édit |édit sumber]

Saacan maké ubar ieu, konsultasikeun heula kadokter atawa kaapotéker. Inum ubar ieu ngaliwatanbaham, biasana sakali nepi ka opat kali dina sapoé saluyu jeung aturan nu dibéré ku dokter, usahakeun inum dina wanci nu sarua dina unggal poé na. Mun diinum sakali dina sapoé, bisa diinum saacan saré pikeun ngabantuan ngurangan rasa tunduh ditengah poé.[3] Amitriptilin bisa diinum saacan atawa sanggeus dahar. Pikeun ngurangan résiko éfék samping kayaning tunduh, biwir gararing, lieur, dokter biasana méré resép pikeun resép nu ngamimitian kucara dibéré dosis leutik sarta sacara lalaunan ditaékkeun dosisna saeutik-saeutik. Inum ubar ieu sacara taratur, ulah eureun sanajan ngarasa awak geus séhat.[5] Sababaraha kaayaan bisa leuwih goréng mun ubar ieu dieureunkeun pamakéanna, salian ti éta bisa ngarandapan gejala kayaning parobahan suasana haté, nyeri sirah, kacapéan, sarta parobahan pola saré. Biasana dokter bakal ngurangan dosis ubarna saeutik-saeutik pikeun ngeureunan ubar ieu. Ubar ieu bisa jadi teu langsung gawé sangeus diinum, bisa jadi dina waktu saminggu, bisa ogé nepi ka opat minggu saacan anjeun ngarasakeun éfék nu sapinuhna.[4]

Ngaran lian

[édit |édit sumber]

Ieu di handap aya sababaraha ngaran lian ti ubar amitriptilin:[2]

  • Amitriptilina
  • Amitriptylin
  • Amitriptyline
  • Amitriptylinum

Éfék samping

[édit |édit sumber]

Efek samping nu bisa karasa sanggeus nginum amitriptilin nyaéta:

Éfek samping nu geus ilahar

[édit |édit sumber]
  • Tunduh
  • Lieur
  • Biwir garing
  • Karasa mules jeungdiaré
  • Beurat awak nambahan
  • Hésé kahampangan
  • Titinggalian teu jelas

Éfék nu leuwih parna

[édit |édit sumber]
  • Seranganjantung. Gejalana kayaning nyeri dada, hésé rénghap, rasa nyeri atawa ngarasa aya nu neken dina bagéan dada.
  • Struk. Gejalana kayaning kalémahan di hiji bagéan atawa sisi awak, hésé ngomong
  • Awak babari gareuneuk memar atawa pendarahan
  • mules
  • ngadegdég
  • kejangotot
  • nyeribeuteung nu parna
  • Nuruna hasrat séksual
  • Utah nu ciga bubukkopi
  • Pingsan
  • Linglung

Réaksi alérgi nu leuwih parna tina ubar ieu jarang karasa. Lamun éta gejala karasa, geura panggihan dokter pikeun ngungkulan gejala nu karasa. Teu sakabéh jalma nu nginum ieu ubar ngalaman gejala nu geus disebutkeun di handap.

Interaksi Amitriptilin

[édit |édit sumber]

Nginum amitriptilin jeung ubar séjén bisa ningkatkeun résiko éfék négatip. Conto ubar nu kaasup nyaéta:[4][6]

  • Topiramate. Nginum ubar ieu jeung amitriptilin bisa ningkatkeun jumlah amitriptilin dina awak. Ieu bisa nyababkeun ningkatkeun résiko éfék samping
  • Cimetidin, nginum ubar ieu jeung amitriptilin bisa ningkatkeun jumlah amitriptilin dia awak ku sabab bisa ngaronjatkeun éfék samping nu aya.

Tutumbu kaluar

[édit |édit sumber]


Rujukan

[édit |édit sumber]
  1. "Chemical Identifier Search | Amitriptyline".www.chemspider.com. Diakses tanggal2020-06-02. 
  2. ab"Amitriptyline".www.drugbank.ca. Diakses tanggal2020-06-02. 
  3. abc"Drugs & Medications".www.webmd.com. Diakses tanggal2020-06-02. 
  4. abc"Amitriptyline (Elavil) Uses, Dosage, Side Effects".Drugs.com. Diakses tanggal2020-06-02. 
  5. ab"Amitriptyline : Fungsi, Dosis, Efek Samping, Cara Pakai".Hello Sehat (dalam id-ID). Diakses tanggal2020-06-02.  CS1 maint: Unrecognized language (link)
  6. ab"Amitriptyline".Alodokter. Diakses tanggal2020-06-02. 
  7. "Amiodarone and amitriptyline Drug Interactions".Drugs.com. Diakses tanggal2020-06-10. 
  8. "Amisulpride and amitriptyline Drug Interactions".Drugs.com. Diakses tanggal2020-06-10. 
  9. "Amitriptyline and anagrelide Drug Interactions".Drugs.com. Diakses tanggal2020-06-10. 
Dicomot ti "https://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Amitriptilin&oldid=626154"
Kategori:
Kategori nyumput:

[8]ページ先頭

©2009-2025 Movatter.jp