Alanin (Ala), ngaran kimianaasam 2-aminopropanoat téh nyaétaasam amino non-ésénsial. Di alam, alanin aya dina dua énansiomér L-alanin jeung D-alanin. L-alanin mangrupa salah sahiji ti 20 asam amino nu paling umum dipaké dinasintésisprotéin, sahandapeunleusin, kira 7.8% tinastruktur primér dina 1.150 contoprotéin[1]. D-alanin aya dinapinding sélbaktéri jeung sababarahaantibiotik péptida.
Atomα-karbon dina alaninngabeungkeut gugus métil (-CH3), sahingga ieu asam amino téh jadi asam α-amino nu pangbasajanna dumasar struktur molekul, sarta ngajadikeun alanin salaku asam aminoalipatik.
Alanin ilaharna dijieun ku jalan mindahkeun hiji gugus amin kapiruvat. ku sabab réaksi transaminasi mah bisa malik (reversibel), alanin bisa dibentuk tina piruvat sahingga patali raket jeung jalur métabolik sarupaningglikolisis,glukonéogenesis, jeungdaur asam sitrat.
Gugus métil dina alanin mah henteu réaktif, sahingga tara aub dina guna protéin sacara langsung. Alanin mah pentingna téh dina mikawanoh atawa spésifisitas substrat, utamana jeung atom-atom non-réaktif kawas karbon.
Sadaya katuangan nu ngandung protéin, kayaning daging, lauk, endog, jeung olahan susu, loba ngandung alanin.
- a Doolittle RF (1989). "Redundancies in protein sequences" inPrediction of Protein Structures and the Principles of Protein Conformation. (Fasman GD, éd.), kc. 599-623, Plenum Press, New York.
Citakan:SumberKimia