Movatterモバイル変換


[0]ホーム

URL:


Lompat ke isi
WikipédiaÉnsiklopédi Bébas
Paluruh

Surah Al-Qari'ah

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
(dialihkeun tiAl-Qori'ah)
Al Qori'ah
القارعة
Informasi
HartiPoé Kiamat
GolonganMakkiyah
Surah ka101
Statistik
Jumlah ruku'1 ruku'
Jumlah ayat11 ayat

Surat Al Qori'ah (basa Arab:القارعة) nyaéta surat ka-101 dinaAl Qur'an. Surat ieu diwangun ku 11 ayat, kaasup golongan surat-suratMakkiyah, diturunkeun sanggeus surat Quraisy. Ngaran Al Qoriah dicokot tina kecapAl qori'ah anu aya dina ayat kahiji, nu hartina nu ngageumpeurkeun, saterusna kecap ieu dipaké pikeun ngaran poé kiamat.

Poko eusi surah ieu téh kajadian-kajadian dina poé kiamat, nyaéta manusa paburisat, gunung mawur baritu, amal gawéna manusa ditimbang sarta dibales.

Eusi jeung Tarjamah

[édit |édit sumber]
Ayat kaTulisan ArabTarjamah basa Sunda
1.
ٱلۡقَارِعَةُ
Nu ngageumpeurkeun (poé kiamat).
2.
مَا ٱلۡقَارِعَةُ
Naon ari nu ngageumpeurkeun (poé kiamat) téh?
3.
وَمَآ أَدۡرَٮٰكَ مَا ٱلۡقَارِعَةُ
Jeung naha manéh nyaho, naon ari nu ngageumpeurkeun téh?
4.
يَوۡمَ يَكُونُ ٱلنَّاسُ ڪَٱلۡفَرَاشِ ٱلۡمَبۡثُوثِ
Nyaéta poéan manusa jadi paburisat cara kukupu.
5.
وَتَكُونُ ٱلۡجِبَالُ ڪَٱلۡعِهۡنِ ٱلۡمَنفُوشِ
Jeung gunung-gunung lir ibarat bulu nu mawur.
6.
فَأَمَّا مَن ثَقُلَتۡ مَوَٲزِينُهُ ۥ
Nya sing saha anu beurat timbangan (kahadéanana).
7.
فَهُوَ فِى عِيشَةٍ۬ رَّاضِيَةٍ۬
Manéhna bakal hirup dina karidoan.
8.
وَأَمَّا مَنۡ خَفَّتۡ مَوَٲزِينُهُ ۥ
Jeung ari anu hampang timbangan (kahadéanana).
9.
فَأُمُّهُ ۥ هَاوِيَةٌ۬
Tinangtu pangbalikanana téh jungkrang anu jero (hawiah).
10.
وَمَآ أَدۡرَٮٰكَ مَا هِيَهۡ
Jeung naha manéh nyaho naon ari hawiah téh?
11.
نَارٌ حَامِيَةُۢ
(Éta téh) seuneu anu kacida panas.

Tumbu kaluar

[édit |édit sumber]

Rujukan

[édit |édit sumber]
  1. Al-Amin Al-Quran Tarjamah Sunda ku K.H. Qamaruddin Shaleh, C.V. Penerbit Diponegoro, Bandung, 2003.
  2. Al Quran dan Terjemahnya, Departemen agama, C.V. Toha Putra, Semarang, 1971
Surat sateuacanna:
Al Adiyat
Surat 101Surat saparantosna:
At Takatsur
Al Qur'an

123456789101112131415161718192021222324252627282930313233343536373839404142434445464748495051525354555657585960616263646566676869707172737475767778798081828384858687888990919293949596979899100101102103104105106107108109110111112113114

Kotak ieu: temposawalaédit
Dicomot ti "https://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Surah_Al-Qari%27ah&oldid=671340"
Kategori:

[8]ページ先頭

©2009-2025 Movatter.jp