Akselerasi nyaéta tingkat robahanlaju. Di tiap titik dina hiji gambar laju-waktu (basa Inggris: velocity-time)), gedéna akselerasi dinyatakeun ku gradién tangén kurva di éta titik.
Akselérasi dilambangkan ku a (aksara panghareupna dina kecap akselérasi). Akselérasi bisa boga harga positif sarta négatif. Lamun harga akselérasi positif, hal ieu némbongkeun yén laju barang anu ngalaman akselérasi positif ieu nambahan (digancangkeun). Sabalikna lamun harga akselérasi téh négatif, hal ieu némbongkeun yén laju barang ngurangan (dilaunkeun). Conto akselérasi positif nyaéta: gerak muragna buah tina tangkalna anu dipangaruhan kugravitasi. Sedengkeun conto akselérasi négatif nyaéta: gerak mobil anu dierém.
Rumus rata-rata akselérasi dina hiji perioda waktu nyaéta
di mana
mangrupa laju ahir
mangrupa laju awal
mangrupa waktu awal sarta mangrupa robahan waktu.
Rumus akselérasi instan (sakedapan) dina waktu nyaéta
Jadi akselérasi mangrupaderivasi (turunan) tina laju. Perlu dicatet yén pernyataan (Posisi ahir - Posisi awal) / (Jumlah waktu nu diperlukeun) mangrupa laju rata-rata, sartawates mangsa interval waktu ngadeukeutan enol mangrupa laju sakiceup. Ku kituna, laju mangrupa derivasi kahiji tina posisi, sedengkeun akselérasi mangrupa derivasi kadua tina posisi.
Perlu dicatet ogé yén akselérasi rata-rata jeung akselérasi sakiceup dina hiji perioda waktu dipatula-patalikeun ngaliwatantéorema harga rata-rata pikeun integral:
Nempatkeun kabéhanana babarengan hartina:
di mana
nyaétaakselerasi
nyaétalaju
nyaétaposisi
nyaétawaktu
Patali jeung hukum gaya Newton,, akselérasi sarua jeung kabéh gaya nu nimpah kana hiji barang dibagi kumassa barang kasebut: