Agrikultur atawatatanén nyaéta hiji kagiatan manusa dina ngamangpaatkeunsumber daya hayati pikeun ngahasilkeun bahanpangan, bahan bakuindustri, sumberénergi, sarta pikeun ngokolakeunlingkungan hirup.[1] Kagiatan anu kaasup kana agrikultur téh lega ambahanana, mimiti tinabudidaya tutuwuhan,peternakan (melesat sato), nepi ka pamanfaatanmikroorganisme sartabioénzim pikeun ngolah produk lanjutan.
Tatanén mangrupa salah sahiji tonggak pangpentingna dina sajarahperadaban manusa. Kagiatan ieu dimimitian rébu-rébu taun ka tukang nalika manusa pindah tina pola hirupnomadén (pindah-pindah tempat) jadisédentér (netep) di hiji wewengkon.
Tatanén ngawengku kana hiji sistim pikeun ngahasilkeun kabutuhanpangan boh tinapepelakan anaponsato ingon-ingon, ieu kabéh di mimitian tina hiji tarékah pikeun yumponan pangabutuh rumah tangga sapopoé. Kiwari tatanén geus jadi salah sahiji widang penting anu jadi bahan atikan di sakola-sakola, kumaha prak-prakan ngolahtaneuh tur miarana, sangkan ngaronjat hasil sarta kauntunganna.
Dina dunya Kulon, panggunaangénétika anu leuwih hadé, manajeménnutrisi taneuh anu leuwih rapih, sarta kontrolgulma (jujukutan) anu leuwih maju geus ngaronjatkeun hasil panén leuwih mucekil dina unggal bagian legana lahan. Di sagigireun éta, panggunaanmékanisasi geus ngurangan kabutuhan tanaga gawé, sahingga sabagian badag pangeusi nagara bisa leupas tina pagawéan tatanén anu beurat.
Sabalikna, nagara-nagara anu nuju mekar masih kénéh katinggaleun upami dibandingkeun sareng ukuran produktivitas dunya Kulon. Hal ieu dilantarankeun ku kurangna aksés kanaatikan (pendidikan),modal, sarta dasartéknologi anu diperlukeun pikeun ngarojong kamajuan kasebut. Sajaba ti éta, faktorékorégion kalayan kaayaaniklim sartataneuh anu kurang optimal ogé milu mangaruhan.[2]
Tatanén modérn kacida gumantungna kana widangtéknik sartatéknologi, ogé kanaélmu biologi sartaélmu pisika. Sistimirigasi,drainase,konsérvasi, sarta tékniksanitasi—anu masing-masing miboga peran penting dina kasuksésan tatanén—mangrupa sababaraha widang anu merlukeun kaweruh husus ti para ahlitéknik tatanén.Kimia tatanén ngabahas rupa-rupa kabutuhan tatanén anu kacida pentingna, saperti pamakéangemuk (pupuk),inséktisida (tempo ogé:ngadalikeun hama), sartafungisida. Sajaba ti éta, widang ieu ogé neuleuman ngeunaan susunantaneuh, analisis produk tatanén, sarta pangabutuhgiji pikeun sato-sato anu dingu (ternak).
Pamuliaan tutuwuhan sartagénétika méré kontribusi anu kacida gedéna kana produktivitas tatanén. Élmu génétika ogé geus ngajadikeun kagiatansato(peternakan)/ingon-ingon melesat leuwih ilmiah. Sajaba ti éta, aya ogé métodehidroponik, nyaéta cara melak tutuwuhan tanpa ngagunakeun taneuh (ngagunakeun leyuran nutrisi kimia), anu bisa mantuan nyumponan pangabutuh pangan nalikapopulasi dunya terus nambah sacara drastis.
Mékanisasi, anu mangrupa ciri utama tatanén dina ahir abad ka-19 sarta abad ka-20, geus ngurangan loba pagawéan beurat anu kacida nyasarkeun tanaga patani. Leuwih pentingna deui, mékanisasi geus ngaronjatkeunéfisiénsi sartaproduktivitas tatanén sacara luar biasa (tempo ogé:Mesin Tatanén). Sanajan kitu, rupa-rupa sato sapertikuda,sapi,munding,llama,alpaka, sartaanjing, masih kénéh dipaké pikeun ngolah lahan, méréshéan (panén) pepelakan, sarta ngangkut hasil tatanén ka pasar di loba bagian dunya séjénna.
Kapal udara sartahélikopter dipaké dina widang tatanén pikeun nyebarkeun bibit, nyemprotkeun ubar pikeun ngadalikeun serangga sarta panyakit tutuwuhan, ngangkut produk anu gancang ruksak, sarta pikeun mareuman seuneu di leuweung.Radio sartatelevisi kacida pentingna pikeun nyebarkeun laporancuaca sarta inpormasi séjénna saperti harga pasar anu dibutuhkeun ku para patani. Di sagigireun éta,komputer geus jadi pakakas utama anu kacida pentingna pikeun manajemén atawa pangokolakeun usaha tatanén modéren.[[Kateranga
Melesat sato (animal husbandry) hartina kagiatan ngalilira(breeding) sarta miara sato pikeun diala dagingna, atawa pikeun ngala hasil sato séjénna (sapertisusu,endog, atawawol) sacara tuluy-tumuluy sarta maneuh.
Dina sababaraha taun pamungkas, sababaraha aspék tinatatanén intensif industri geus jadi bahan padungdugan (diskusi) anu beuki ramé. Meunangna pangaruh anu beuki lega ku pausahaan-pausahaan siki (bibit) jeung kimia raksasa, sarta pausahaan pangolahan daging, geus jadi sumber kahogoréan (kakhawatiran) boh di kalangan patani boh di masarakat umum. Perlindunganpatén anu dibikeun ka pausahaan anu mekarkeun jenissiki anyar ngagunakeunrékayasa génétika geus ngabalukarkeun siki kasebut miboga lisénsi pikeun patani, ampir sarua jeung cara lisénsiperangkat lunak komputer ka pamakéna. Hal ieu geus ngarobah kasaimbangan kakuatan anu leuwih nguntungkeun pausahaan siki, sahingga maranéhna bisa nangtukeun sarat jeung kaayaan anu saméméhna can kungsi aya. Sababaraha pihak boga pamanggih yén ieu pausahaan téh geus ngalakukeunbiopirasi.
Konsérvasi taneuh sarta manajemén nutrisi geus jadi perhatian penting ti mimiti taun1950-an, di mana para patani anu panghadéna miboga peran salakupangurus (stewardship) lahan anu dikolakeunana.
Nangtukeun asal-usul tatanén bisa disebut hésé sabab geus aya méméh budayatulisan. Sababaraha ahli keukeuh nyebutkeun yén tatanén geus aya leuwih ti 10.000 taun katukang, sedengkeun nu séjén yakin yén pepelakan nu sistimatis pangheubeulna teu leuwih ti 7.000 taun katukang. Prakprakan tatanén mindeng dipaké pikeun ngabédakeun jamannéolitik tijaman batu nu saméméhna. Palawija nu munggaran dibudidayakeun ku manusa di antaranagandum (einkorn jeungemmer) sartabarley.
Geus tétéla yén tatanén téh kapanggih sahenteuna dua kali, malah bisa jadi leuwih: sakali di wilayahBulan Sabit Subur (Fertile Crescent) nalika mangsaKabudayaan Natufian, sarta diteruskeun ku jamanNéolitikum Pra-Tembikar A jeung B; sakali deui di Asia Wétan (gandum jeungmillet); sarta diAmérika Tengah (jagong). Kamungkinan badag, aya parobahan saeutik-saeutik tina ékonomimoro jeung ngumpulkeun kadaharan (hunter-gatherer) jadi ékonomi tatanén, ngaliwatan mangsa anu lila nalika sawatara pepelakan mimiti ngahaja dipelak, sedengkeun kadaharan séjénna masih dikumpulkeun ti alam liar. Alesan utama tatanén mimiti diwanohkeun téh bisa jadi alatan parobahaniklim. Tatanén méré lolongkrang pikeunpopulasi anu leuwih rapet batan ngan saukur ngandelkeun moro jeung ngumpulkeun kadaharan.
Saatos taun1492, pola tatanén dunya robah sacara rongkah alatan ayana silih tukeur pepelakan sarta sato anu kacida legana, anu katelah ku sebutanSilih Tukeur Columbia (Columbian Exchange). Pepelakan sarta sato anu saméméhna ngan dipikawanoh diDunya Heubeul (Éropa, Asia, jeung Afrika) ayeuna dipelak sarta dikembangbiakkeun diDunya Anyar (Amérika), sarta sabalikna.
Kawijakan tatanén mokuskeun kana tujuan jeung cara produksi tatanén. Dina tingkat kawijakan, tujuan umum tatanén di antarana:
Paddy rice atawagabah nyaéta paré anu nembé pisan dipanén sarta masih aya cangkangan.Milled rice atawabéas nyaéta paré anu geus diolah ku cara dipiceun cangkangna (huut), sarta sakapeung disosop (dipolish) sangkan beresih.California mangrupa nagara bagian diAmérika Sarikat anu jadi produsaén utama paré.
Pamékar atawa pamuliaan pepelakan (crop improvement) geus dimimitian ti saprak manusa mimiti milih siki tina tutuwuhan anu panghadéna pikeun dipelak deui dina usum salajengna.
An agriculural scientist records corn growth
Hasil panén: Ningkatkeun jumlah produksi dina unggal unit legana lahan.
Adaptasi: Sangkan pepelakan bisa tahan dina kaayaaniklim anu kurang merenah, saperti halodo panjang (drought resistance) atawa taneuh anu haseum.
Kualitas giji: Ningkatkeun kandungan nutrisi, vitamin, atawa protéin dina hasil panén.
Kajajapan (Post-harvest quality): Ngaronjatkeun daya tahan hasil panén sangkan teu gampang ruksak nalika diteundeun atawa dibawa ka pasar.
Dina jaman modéren, ieu prosés geus ngagunakeun téknologirékayasa génétika pikeun ngahasilkeunGOM (GMO) anu miboga sipat-sipat husus anu saméméhna hésé dihontal ku cara tradisional.
Contona, rata-rata hasil panén jagong (maize) diAmérika Sarikat geus ningkat tina kira-kira 2,5 ton per héktar (40 bushel per acre) dina taun1900 jadi sakitar 9,4 t/ha (150 bushel per acre) dina taun2001. Hal ieu utamana dilantarankeun ku kamajuan dina widanggénétika. Kitu ogé hasil rata-ratagandum dunya anu ningkat tina kurang ti 1 t/ha dina taun1900 jadi leuwih ti 2,5 t/ha dina taun1990.
Rata-rata hasil gandum diAmérika Kidul nyaéta sakitar 2 t/ha,Afrika di handapeun 1 t/ha, sedengkeunMesir jeung Arab bisa nepi ka 3,5 nepi ka 4 t/ha kalayan bantuanirigasi. Sabalikna, rata-rata hasil gandum di nagara-nagara sapertiPerancis geus leuwih tina 8 t/ha. Hasil anu leuwih luhur ieu ditarima alatan kamajuan génétika sarta panggunaan tékniktatanén intensif (pamakéangemuk,ngadalikeun hama sacara kimiawi, sarta pangaturan tumuwuhna tutuwuhan sangkan teu gampang rungkad).
Nu panganyarna,rékayasa génétika geus mimiti dilarapkeun di sababaraha bagian dunya pikeun ngagancangkeun prosés seléksi sartapamuliaan tutuwuhan. Modifikasi anu panglobana dipaké nyaéta gén résistansihérbisida anu ngamungkinkeun tutuwuhan kuat nalika kakeunaan kuglyphosate. Modifikasi séjénna anu jarang dipaké tapi leuwih kontrovérsial nyaéta modifikasi anu ngabalukarkeun tutuwuhan bisa ngahasilkeun racun (toksin) sorangan pikeun ngurangan karuksakan alatan serangga (contona:Starlink).
Aya ogé produsaén husus anu miara jinis sato dingu atawa pepelakan anu langka.
Apikultur (Beekeeping): Ngingulebah atawa deudeur, anu ilaharna pikeun ngahasilkeunmadu, sarta beuki dieu beuki dipaké pikeun mantuan proséspenyerbukan pepelakan.