
AT Attachment (ATA) nyaéta standarinterface keur ngahubungkeun parangkatpanyimpen sapertihard disk jeung driveCD-ROM dina jerokomputer pribadi, nu dipiara ku komite X3/INCITS T13. Loba istilah jeung sinonim pikeun ATA, kaasup singkatan sapertiIDE,ATAPI, jeungUDMA.
Ku ayana pangwanoh pasar kanaSerial ATA taun 2003, ATA asli dingarananParallel ATA (PATA). Sajalan jeung ngaran aslina, artikel ieu ukur ngabahas ngeunaan Parallel ATA.
Standar Parallel ATA ukur ngidinan panjang kabel henteu leuwih ti 46 séntiméter (18 inci) sanajan kabel nepi ka 91 cm (36 inci) bisa dibeuli ogé. Ku sabab ayana watesan panjang ieu, téhnologi ieu normalna katempo minangkainterface panyimpen komputer internal. ATA nyadiakeun antarbeungeut nu pangumumna kalayan harga nu teu pati mahal pikeun aplikasi ieu.

Ngaran standar ieu aslinaPC/AT Attachment alatan fitur utamana keur dihubungkeun langsung kanabeus ISA 16-bit nu satuluyna katelah 'beus AT'; ngaran ieu dipondokkeun jadi "AT Attachment" keur nyegah kamungkinan isu méré k dagang.


Nepikeun ka mangsa diwanohkeunnana Serial ATA, konektor 40-pin ilaharna dihubungkeun jeung drive makékabel pita. Unggal kabel boga dua atawa tilu konektor, nu mana salah sahijina dicolokkeun kana adaptor nu ngantarbeungeut jeung sisim komputer. Tungtung konektor lianna (hiji atawa dua) dicolokkeun kana drive. Kabel ATA paralel nransfer data 16 bit dina sawaktu.
| Pin | Fungsi | Pin | Fungsi |
|---|---|---|---|
| 1 | Reset | 2 | Ground |
| 3 | Data 7 | 4 | Data 8 |
| 5 | Data 6 | 6 | Data 9 |
| 7 | Data 5 | 8 | Data 10 |
| 9 | Data 4 | 10 | Data 11 |
| 11 | Data 3 | 12 | Data 12 |
| 13 | Data 2 | 14 | Data 13 |
| 15 | Data 1 | 16 | Data 14 |
| 17 | Data 0 | 18 | Data 15 |
| 19 | Ground | 20 | Key |
| 21 | DDRQ | 22 | Ground |
| 23 | I/O Write | 24 | Ground |
| 25 | I/O réad | 26 | Ground |
| 27 | IOC HRDY | 28 | Cable Select |
| 29 | DDACK | 30 | Ground |
| 31 | IRQ | 32 | No Connect |
| 33 | Addr 1 | 34 | GPIO_DMA66_Detect |
| 35 | Addr 0 | 36 | Addr 2 |
| 37 | Chip Select 1P | 38 | Chip Select 3P |
| 39 | Activity | 40 | Ground |
| Artikel ngeunaankomputerieu mangrupataratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggongalengkepan. |