Movatterモバイル変換


[0]ホーム

URL:


Lompat ke isi
WikipédiaÉnsiklopédi Bébas
Paluruh

Aci sampeu

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Aci sampeu puding

Aci sampeu (sok disebut ogé:aci hui);tapioka nyaétatipung patisampeu anu utamana dipaké dina nyieunpuding sarta minangka jadi bahan pikeun ngandelan kadaharan anu éncér.[1] Aci sampeu asalna tinaakar hiji pepelakan perdu anu tumuwuh di nagara-nagara nu hawanapanas, di sakumnadunya.[2] Pepelakan éta disebut "manic" atawa "cassava" jeung deui diwanoh kalayan ngaran "yuca" atawa "mandioca". DiIndonésia unggal jalma biasa wanoh kalayan sebutan "ubi kayu" atawa "sampeu".[2] Akar pepelakan sampeu ieu ngandung kurang leuwih sapertiluzat kanjitipung sarta dua pertilucai.[2] Ngabutuhkeun waktu nu rada lila pikeun ngolah akar sampeu ieu nepi ka siap jadi bahantipung pikeun nyieunkadaharan.[2] Mimitina pisan akar éta dikumbah sarta dipesékan.[2] Saterusna dikeueum dina cai salila tilu poé.[2] Bisa ogé diparud atawa digiling jadi bubur tipung.[2]Bubur tipung ieu bisa dipasak sarta di dahar, atawa bisa dipoé jadi tipung nu garing.[2] Pikeun meunangkeun tipung aci sampeu tina sampeu nu geus diparud atawa digiling éta, tuluy bubur tipung éta dicampur jeung cai bersih, nu saterusna diingkeun méh namper.[2] Tipungna bakal namper sacara lalaunan dina dasar wadah, sedengkeun sagala kokotor bisa ngalir kaluar babarengan jeung cai panyaringna.[2]Tipung sari éta dikaluarkeun terus dicampur deui jeung cai sarta diingkeun namper deui.[2] Prosés ieu bisa lumangsung nepi ka opat atawa lima kali. Lamun tipung ieu geus katingali bersih pisan, biasana dipoé sangkan jadi tipung garing nu bodas. Bisa ogé disebarkeun di luhur hiji wadah besi kalayanseuneu nu panas sarta dipasak.[2] Sabari dibeuleum eta, tipung terus-terusan diaduk.[2] Samentara tipung-tipung éta diasakkeun mangka butir-butir tipung éta bakal saling raket sarta ngawangun bal-bal leutik anu teu kaatur wangunna.[2]

Rujukan

[édit |édit sumber]
  1. (en)[1] (Dicutat tanggal 04 Desember 2011)
  2. abcdefghijklmnDepartemen Pendidikan dan Kebudayaan. 1979. Apa dan Mengapa?. Jakarta: CV Pelita Indonesia. Kaca 152-153
Artikelieu mangrupataratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggongalengkepan.
Dicomot ti "https://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Aci_sampeu&oldid=612534"
Kategori:
Kategori nyumput:

[8]ページ先頭

©2009-2025 Movatter.jp