Abrasi nyaéta kakurudna batuan nu disababkeun kucai,és, atawaangin anu ngandungkeusik.[1][2] Abrasi ogé biasa disebutérosi gelombang laut;érosi marin;érosi basisir; anu mangrupa prosés kakurudnabasisir ku gelombang laut.[3][4] Ayana abrasi biasana lantaran permukaan cilaut anu naék, nepi ka ngabalukarkeun kakurudna di daérah permukaan nu leuwih handap.[3] Salian ti éta, ieu abrasi disababkeun ku ruksakna garis basisir lantaran ruksakna kasaimbangan alam éta basisir.[4]
Abrasi ogé dipangaruhan ku sababaraha faktor, salah sahijina nyaéta lantaran gedé atawa leutikna gelombang laut sarta gancang halonna éta gelombang.[3] Sedengkeun kakuatan abrasi sorangan disababkeun ku sababaraha hal di antarana:[3]
gedé leutikna gelombang laut,
tingkat teuasna batuan (mingkin teuasbatu mingkin kuat kana abrasi)
jeronalaut nu aya dina beungeut basisir (mingkin jero kakuatan abrasi mingkin gedé)
lobana matéri nu dibawa ku gelombang (lobana materi nu lolobana mangrupa keusik jeung karikil bakal nambahan kakuatan abrasi jadi mingkin gedé ogé).[3]
Abrasi kaasup kana bencana alam.[4] Ieu bencana aya lantaran faktor alam, tapi kudu dipikanyaho yén manusa ogé bisa nyababkeun bencana abrasi.[4] Sagédéngeun éta,manusa kudu bisa ngalakukeun sababaraha léngkah keur ngaminimalisasi akibat tina abrasi, ku cara ngawangun pangbagi gelombang jeung melakbako.[4]