Abiyasa dikenal ogé salaku Resi Wiyasa (Mahabarata).[1] Manéhna nyaéta putraResi Palasara ti patapaan Retawu, jeungDewi Durgandini, putriPrabu Basuketi, rajaWirata.[1] Abiyasa mibanda sipat jeung watek anu pinter, percéka, wijaksana, alim, soléh, wiwaha, jawara jeung linuwih.[1] manéhna ogé mibanda rupa-rupa kaistimewaan, di antarana ahli tatapa, ahlinujum, ahli pangobatan (tabib), mibanda rupa-rupa kasaktén, ahli tatanagara, jeung tata pamaréntahan.[1] Abiyasa ogé meunang anugrahDewata kalawan umur nu panjang.[1]
Iwal dina galur carita wayang, Abiyasa nyatana kungsi hirup dina milenium ka-3 saméméh masehi.[2] Nya manéhna pisan anu nulis carita Mahabarata téh. féstival Guru Purnima didedikasikeun pikeun manéhna.[3]