Liga Champions 2002-2003A.C. Milan mangrupa hiji kleubsépak bola asalItalia.[1] A.C. Milan dina taun2007 ngajawaraanLiga Champions ku pangrojong pamaén utama sapertiClarence Seedorf,Filippo Inzaghi,Alessandro Nesta, jeungMassimo Ambrosini.[1] A.C. Milan mibanda kostum anu dipakawanoh ku sakumna nu warnana beureum jeung hideung.[1]
Présidén munggaran A.C. Milan nyaétaAlfred Edwards.[1] A.C. Milan meunangkeun tilu gelar munggaran dina taun1906 jeung1907, Milan kudu nungguan nepi ka usum1950-1951 pikeun meunangkeun gelar kaopatna.[1] Ti awal taun1950-an,Gunner Nordahl gabung ka Milan.[1] Dina periode 60-an nepi ka 70-an, Milan mibanda paméin kahotGianni Rivera.[1] Salila di A.C. Milan, Rivera nyumbangkeun tilu gelar Serie A, dua Piala Eropa, sarta sawatara piala lianna saméméh pangsiun dina taun1979.[1] PalatihArrigo Sacchi, meunangkeun gelar dina taun1988 sarta Piala Eropa dina taun1989 jeung1990.[1] Opat pamaén anu ngajejeranna nyaétaMaldini,Franco Baresi,Alessandro Costacurta, jeungMauro Tassotti, sedengkeunRuud Gullit jeungMarco van Basten tugasna pikeun ngabobol gawang lawan.[1] Palatih saterusna,Fabio Capello, meunangkeun opat gelar Serie A dina lima taun.[1]