Movatterモバイル変換


[0]ホーム

URL:


Lompat ke isi
WikipédiaÉnsiklopédi Bébas
Paluruh

8 Nopémber

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
<<Nopémber>>
AhSeSaReKeJuSa
1
2345678
9101112131415
16171819202122
23242526272829
30 
2025
Tanggal ieu dina sawatara taun panungtung
2019 |2018 |2017 |2016
Baca ogé:Kalénder kajadian

8 Nopémber nyaéta poé ka-312 dina sataun (ka-313 dinataun kabisat) dinakalénder Gregorian, sésana 53 poé.

Kajadian

[édit |édit sumber]
  • 1519Hernán Cortés nepi ka Tenochtitlán sarta pupuhuAzték, Moctezuma ngabagéakeun manéhna ku hiji hajat rongkah.
  • 1520 – Banjir getih diStockholm di mimitian, hiji serangan kaSwédia ku pasukanDénmark ngaalatankeun éksékusi kana 100 jalmana.
  • 1614DaimyoJepang, Dom Justo Takayama dibuang kaPhilipina ku ShogunTokugawa Ieyasu alatan asupKarésten.
  • 1644 – Kaésar  Shunzhi, kaésar katiluDinasti Qing, diistrénan diPéking sabada runtuhnaDinasti Ming, minangka Kaésar Qing munggaran nu ngawasa sakabéhCina.
  • 1895 – Nalika keur ékspérimén listrik,  Wilhelm Röntgen malah manggihanSinar X (X-Ray).
  • 1923Beer Hall Putsch: Di Munich,  Adolf Hitler gagal mingpinNazi dina serangan kudéta pikeun ngarugrugkeun pamaréntahan Jérman.
  • 1939 – DiMunich, Adolf Hitler ampir-ampiran teu salamet tina hiji uji coba panelasan ku Georg Elser nalika manéhna keur ngarayakeun tepung taun ka-16Beer Hall Putsch.
  • 1950 – DinaPerang Koréa,  Létnan AUAS Russell J. Brown,  ngapilotan pasawat jétF-80 Shooting Star, némbak semet ka maruragna dua pasawat MIG-15s nuKoréa Kalér dina campuh munggaran dina sajarah antara pasawat jét ngalawan pasawat jét.
  • 1957 – Pasawat Pan AmFlight 7 ngiles antaraSan Francisco jeung Honolulu. Ruruntukna jeung awak nu maraot karak kapanggih saminggu ti harita.
  • 1957 – OperasiGrapple X, Puteran C1,Inggris Raya ngajalankeun uji coba nuklir nu munggaran hasil di Pulo Kirtimati (Pulo Christmas) diPasifik.
  • 1965 – Téritori Samudra India Britania diadegkeun, diwangun ku Arkipelago Chagos, Aldabra, Faquhar jeun Kapuloan Des Roches.
  • 1965 – Pasukan udara ka-173 diserang ku leuwih ti 1.200Viétkong dina Operasi Punuk nalikaPerang Viétnam, sedengkeun Batalion ka-1 RésiménAustrali Royal tempur dina campuh jarak deukeut munggaran antara pasukan Australi ngalawan Viétkong dina Patempuran Gang Toi.
  • 1968 – Konvénsi Wina ngeunaanRambu Jalan ditanda tangan pikeun ngafasilitasi rambu jalan intérnasional sarta nambahan kasalametan di jalan, ku cara nyaragamkeun aturan-aturan rarambuan di antara nagara-nagara nu narékenna.
  • 1973 – Ceuli katuhu John Paul Getty III dikirim ka hiji surat kabar bareng jeung surat paméntaan tebusan, keur ngayakinkeun bapana sangkan mayar tebusan sajumlah AS$2,9 juta.
  • 1983TAAG Angola Airlines Palayangan 462 ragrag sabada leupas landas di Bandara Lubango, nelasan 130 jalma dina kapal. UNITA ngaku geus némbak éta kapal, tapi hal éta pada ngabantah.
  • 1987 – Pangeboman dina Poé Pangeling-ngeling: hiji bomIRA ngabeledug di Enniskille,Irlandia Kalér nalika upacara panghormatan pikeun nu galugur dina perang nu ngalibatkeun pasukanInggris. Dua welas jalma maraot sarta 61 tatu.
  • 1999 – Bruce Miller ditandasa di buruanna di deukeut Flint, Michigan. Pamajikanna, Sharee Miller, nu ngayakinkeun kabogohonline –na,  Jerry Cassaday pikeun maéhan salakina (méméh tuluy maéhan manéh),  didakwa dina kajahatan éta, nu tuluy jadi rajapatiinternét nu munggaran di dunia.
  • 2002 – RésolusiDéwan Kaamanan PBB 1441: Déwan Kaamanan PBB sacara buleud nyatujuan hiji résolusi pikeunIrak, maksaSaddam Hussein sangkan ngudaran sanjata atawa nyanghareupan “konsékuénsi serieus”.
  • 2004 –Leuwih ti 10.000 pasukan AS jeung sajumlah leutik unit-unit tentara Irak ngepung wakul bénténg palawanan Fallujah.
  • 2006 – Pasukan PertahananIsraél nelasan 19 urang sipilPalestina di imah-imahna nalika pangeboman Beit Hanoun.
  • 2011Astéroid 2005 YU55 nu boga poténsi bahaya liwat 0,85 lunar jauhna tiBumi (kira-kira 324.600 kilométer atawa 201.700 mil), pangdeukeut-deukeutna liliwatan asteroid nu kanyahoan tina ngempurna ti saprak astéroid 2010 XC15 di taun 1976.
  • 2013 – Topan Haiyan, salah sahiji angin puyuh tropis pangkuatna nu kungsi kacatetkeun, narajang wewengkon Visayas diPhilipina; ngabalukarkeun saheunteuna 6.340 jalma palastra bari leuwih ti 1.000 masih can kapanggih, ogé karusakan saharga AS$2,86 miliar.
  • 2016 – Pamilu présidénAmérika Sarikat taun 2016:Donald Trump kapilih jadi présidén AS ka-45.

Nu babar

[édit |édit sumber]

Nu pupus

[édit |édit sumber]
  • 977 – Ibn al-Qūṭiyya (al Qurtubi), Sajarawan Andalusian historian
  • 1226 – Louis VIII, raja Perancis (l. 1187)

Poé peré / poé pangingeut-ngingeut

[édit |édit sumber]
  • Poé Pakotaan Dunia

Tumbu luar

[édit |édit sumber]
Bulan jeungpoé dinasataun
Januari
Pébruari
Maret
April
Méi
Juni
Juli
Agustus
Séptémber
Oktober
Nopémber
Désémber
Tanggal nu patali
Artikel ngeunaankalénderieu mangrupataratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggongalengkepan.
Dicomot ti "https://su.wikipedia.org/w/index.php?title=8_Nopémber&oldid=623945"
Kategori:

[8]ページ先頭

©2009-2025 Movatter.jp