Movatterモバイル変換


[0]ホーム

URL:


Lompat ke isi
WikipédiaÉnsiklopédi Bébas
Paluruh

7 Nopémber

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
<<Nopémber>>
AhSeSaReKeJuSa
1
2345678
9101112131415
16171819202122
23242526272829
30 
2025
Tanggal ieu dina sawatara taun panungtung
2019 |2018 |2017 |2016
Baca ogé:Kalénder kajadian

7 Nopémber nyaéta poé ka-311 dina sataun (ka-312 dinataun kabisat) dinakalénder Gregorian, sésana 54 poé.

Kajadian

[édit |édit sumber]
  • 1492 – Météor Ensisheim,météor pangkolotna nu kungsi kanyahoan poé neunggarna, narajang hiji ladang gandum kira-kira wanci tengah beurang di Désa Ensisheim, Alsace,Perancis.
  • 1665London Gazette, jurnal pangkolotna nu aya kénéh, mimiti medal.
  • 1775 – John Murray, Gupénur Virginia, ngamimitian émansipasi massal munggaran pikeun para budak diAmérika Kalér ku ngaluarkeun Tawaran Émansipasi Lord Dunmore nu nawarkeun kabébasan pikeun para budak sarta ngabatalkeun dununganna ku cara ngilu perang bareng Murray jeungInggris.
  • 1786 – Organisasi musik pangkolotna diAmérika Sarikat diadegkeun, nyaéta Masarakat Musik Stoughton.
  • 1837 – Di Alton,Illinois, tukang nyitak anti pabudakan, Elijah P. Lovejoy  ditémbak mati ku hijimafia nalika mertahankeun toko pacétakanna tina diancurkeun katilukalina.
  • 1907 – Jesús García nyalametkeun sakuliah Kota Nacozari de García diMéksiko ku nyetiran karéta api nu kahuruan nu pinuh kudinamit, genep kilométer (3,7 mil) ngajauhan kota saméméh ngabeledug.
  • 1908 – Butch Cassidy jeung Sundance Kid diwartakeun ditelasan di San Vicente Canton,Bolivia.
  • 1910 – Pangangkutan kargo udara munggaran dijalankeun kuWright sadulur jeungdepartment store nu Max Moorehouse.
  • 1913 – Poé kahiji badéyGreat Lakes di Amérika Kulon jeung Ontario, Kanada, hiji badéy salju anu antukna nelasan 250 jalma sarta ngabalukarkeun karugian leuwih ti $5 juta mangsa harita.
  • 1914 – KoloniJérman di  Kiaochow Bay sarta pusatna di Tsingtao karebut ku pasukanJepang.
  • 1916 – Jeannette Rankin jadi awéwé munggaran nu nempatanKongrésAS.
  • 1917 – Patempuran Gaza dinaPerang Dunia I réngsé, pasukan Inggris ngarebut Gaza tiKasultanan Turki Ustmani.
  • 1917 – Tanggal Gregorian pikeun Révolusi Oktober di Soviét (harita masih maké kalender Julian).
  • 1918 – Wabahinfluénsa nyebar diSamoa Kulon, nelasan 7.542 jalma (kira-kira 20% pangeusi) nepi ka tungtung taun.
  • 1929 – DiKota New York, Muséum Seni Modérn dibuka pikeun umum.
  • 1931 –Républik Soviét Cina diproklamirkeun dina raraga tepung taun Révolusi Oktober.
  • 1941 – DinaPerang Dunia II parahu médisArmenia dikelebuhkeun ku kapal udara Jérman nalika keur ngangkut para pangungsi, soldadu nu taratu sarta sababaraha urang pagawé rumah sakitKriméa. Ditaksir leuwih ti 5.000 urang palastra dina tilelepna éta kapal.
  • 1944 – Mata-mata Soviét, Richard Sorge, saténgah Rusia, saténgah Jérman sarta véteranPD I, digantung ku urang Jepang nu nahanna baréng jeung 34 urang pangiringna.
  • 1944 –Franklin D. Roosevelt kapilih minangka présidén Amérika Sarikat pikeun mangsa jabatan kaopat kalina.
  • 1949 – Minyak munggaran ditambang di Oil Rocks (Neft Daşları),Azerbaijan, pangkolotna kilang minyak leupas basisir.
  • 1956Majelis Umum PBB ngangkat hiji résolusi ngeunaanKrisis Suéz, ngagero sangkanInggris Raya, Perancis jeungIsraél sagancang-gancangna narik pasukanna tiMesir.
  • 1972Richard Nixon kapilih deui jadi présidén AS.
  • 1975 – DiBangladesh, hiji pasukan gabungan antara rahayat jeung soldadu nyieun pamungpangan nu dipingpin ku  Kolonél Abu Taher sarta hasil nurunkeun jeung maténi Brigadir Khaled Mosharraf, ngabébaskeun pupuhu militer nu jadi tahanan imah sarta pijadieun présidén Mayor Jenderal  Ziaur Rahman.
  • 1983 – Hiji bom ngabeledug sajeroeun Gedong Kapitol AS. Teu aya nu cidera, tapi karugian ditaksir nepi ka $250.000.
  • 1987 – DiTunisia, Présidén Habib Bourguiba digantikeun sarta tuluy diganti ku Perdana Menteri Zainal Abidin bin Ali.
  • 1990 – Mary Robinson jadi awéwé munggaran nu kapilih jadi présidénRépublik Irlandia.
  • 1991Magic Johnson ngabéwarakeun yén manéhna katarajangHIV sarta reureuh ti NBA.
  • 1994 – WXYC, studio radio keur para palajar di Universitas North Carolina di Chapel Hill, nyadiakeun siaran radio internét nu munggaran di dunia.
  • 2004 – Pamaréntahan interim Irak ngedalkeun kaayaan darurat perang pikeun 60 poé lilana, nalika pasukan AS nyerang bénténg palawanan Fallujah.
  • 2007 – Panembakan di  Sakola Jokela di Tuusula,Finlandia, ngabalukarkeun salapan jalma palastra.
  • 2012 – Hiji lindu di bobojongGuatemala, Pasifik nelasan saheunteuna 52 jalma.
  • 2017 – TV Shamshad diAfghanistan diserang ku jalma-jalma sajantaan jeung bom bunuh diri. Hiji juru jaga kaamanan tiwas sarta 20 jalma tatu.ISIS ngaku minangka nu tanggung jawab kana serangan éta.

Nu babar

[édit |édit sumber]

Nu pupus

[édit |édit sumber]

Poé peré / poé pangingeut-ngingeut

[édit |édit sumber]
  • Poé Wayang Sadunia

Tumbu luar

[édit |édit sumber]
Bulan jeungpoé dinasataun
Januari
Pébruari
Maret
April
Méi
Juni
Juli
Agustus
Séptémber
Oktober
Nopémber
Désémber
Tanggal nu patali
Artikel ngeunaankalénderieu mangrupataratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggongalengkepan.
Dicomot ti "https://su.wikipedia.org/w/index.php?title=7_Nopémber&oldid=610990"
Kategori:

[8]ページ先頭

©2009-2025 Movatter.jp