Movatterモバイル変換


[0]ホーム

URL:


Lompat ke isi
WikipédiaÉnsiklopédi Bébas
Paluruh

6 Méi

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
<<Méi>>
AhSeSaReKeJuSa
123
45678910
11121314151617
18192021222324
25262728293031
2025
Tanggal ieu dina sawatara taun panungtung
2019 |2018 |2017 |2016
Baca ogé:Kalénder kajadian

6 Méi nyaéta poé ka-126 dina sataun (ka-127 dinataun kabisat) dinakalénder Gregorian, sésana 139 poé.

Kajadian

[édit |édit sumber]
  • 1527 – Pasukan Spanyol jeung Jérman ngajarah Roma; ceuk para ahli dianggap minangka ahir tinaRénaisans.
  • 1529Patempuran Gogra: Raja Mogul,Babur, ngéléhkeun urang Afghan jeung Béngal.
  • 1536 – Pangepungan Cuzco dimimitian, di manaSuku Inka nyoba pikeun ngarebut deui Kota Cuzco ti Spanyol.
  • 1542Francis Xavier anjog kaGoa Heubeul, puseur India Portugis wanci harita.
  • 1659 – Réstorasi Inggris: Hiji faksi Angkatan Perang Inggris nyingkirkeunRichard Cromwell minangkaLord Protector Pasamakmuran sarta nanjeurkeun deui Parlemén Rump.
  • 1757Patempuran Praha: Tentara Prusia tempur ngalawan tentara Austria di Praha wanciPerang Tujuh Taun.
  • 1757 – Ahir tina Perang Konbaung–Hanthawaddy, sarta ahir tina Perang Sodara Burma (1740–1757).
  • 1837 – John Deere nyiptakeun waluku baja nu munggaran.
  • 1863 – Perang Sipil Amérika: Patempuran Chancellorsville réngsé ku kasoranna Tentara Potomac ku Tentara Virginia Kalér.
  • 1877 – Tua SukuCrazy Horse ti Suku IndianLakota Oglala nyerah ka Pasukan AS diNebraska.
  • 1882 – Thomas Henry Burke jeung Lord Frederick Cavendish ditubles nepi kahanteuna ku juru paténi Fenia di Taman Phoenix,Dublin.
  • 1882 – Kongrés AS ngaloloskeunAkta Éksklusi Cina.
  • 1910George V jadi raja Karajaan Inggris ku maotna bapana,Edward VII.
  • 1916 – Dua puluh hiji urang nasionalis Libanon diéksékusi di Alun-Alun Martyr, Béirut, ku Djemal Pasha.
  • 1916 – Raja Viétnam,Duy Tan ditéwak nalika ngagero rakyatna pikeun ngabarontak ngalawan Perancis, manéhna tuluy dibuang kaPulo Réuni.
  • 1937 – KapalZéplin Jérman,Hindenburg, ngabeledug tur kaduruk di Lakehurst, New Jersey, nelasan 35 tina 97 panumpang sarta saurang jalma di darat.
  • 1940John Steinbeck meunangkeunHadiah Pulitzer pikeun novélnaThe Grapes of Wrath.
  • 1942Perang Dunia II: DiCorregidor, pasukan Amérika nu pamungkas di Philipina nyerah ka Jepang.
  • 1945 – Perang Dunia II:Serangan Praha, patempuran utama nu pamungkas di Garis Hareup Wétan dimimitian.
  • 1949EDSAC, komputer nu nyimpen program digital éléktronik nu munggaran, ngamimitian operasina.
  • 1960 – Leuwih ti 20 juta pamiarsa nongton upacara rarabi karajaanPutri Margaret kaAnthony Armstrong-Jones di Westminster Abbey.
  • 1966 – Myra Hindley jeung Ian Brady divonis hukuman panjara saumur hirup alatan nelasan urang Moor di Inggris.
  • 1976 – Lini 6,5 Mw Friuli narajang Italia kalér, ngakibatkeun antara 900-978 urang maraot sarta 1.700-2.400 urang taratu.
  • 1983 – Buku Diari Hitlér kabolékérkeun minangkahoax sabada diuji ku para ahli.
  • 1994Ratu Elizabeth II ti Karajaan Inggris jeung Présidén PerancisFrancois Mitterand mingpin pangbukaanTorowongan Kanal.
  • 1994Nelson Mandela jeungANC, antukna dipastikeun meunang dina pamilu kahiji di Afrika Kidul sabada mangsaapartheid.
  • 1996 – Raga manten dirékturCIA, William Colby katimu baraseuh di hiji sisi leuwi di kiduleunMaryland, dalapan poé sabada leungitna. Kamungkinan tilelep sabada keuna serangan jantung.
  • 2001 – Wanci nganjang ka Suriah,Paus Yohanes Paulus II jadi paus nu munggaran asup ka masjid.
  • 2004 – Sési panungtung serial komédi situasi TV "Friends" dina usum kasapuluhna di AS (52.5 pamiarsa).
  • 2013 – Tilu wanoja nu diculik tur leungit salila leuwih ti sadékade, katimu harirup kénéh diCleveland,Ohio, AS.
  • 2013 – Lima welas jalma palastra sarta 50 tatu dina hiji beledugan bom dina pawéi pulitik di Pakistan.
  • 2017 – Dalapan puluh opat siswa awéwé nu diculik kuBoko Haram dibébaskeun minangka panukeran tahanan Boko Haram di Nigéria.
  • 2019Sultan Hassanal Bolkiah ti Brunéi ngabéwarakeun moratorium hukuman mati pikeun palaku séksualgay sabada meunang pamaido ti sakuliah dunya.

Nu babar

[édit |édit sumber]

Nu pupus

[édit |édit sumber]

Poé peré / poé panginget-nginget

[édit |édit sumber]
  • Poé Tanpa Diet Intérnasional

Tumbu luar

[édit |édit sumber]
Bulan jeungpoé dinasataun
Januari
Pébruari
Maret
April
Méi
Juni
Juli
Agustus
Séptémber
Oktober
Nopémber
Désémber
Tanggal nu patali
Artikel ngeunaankalénderieu mangrupataratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggongalengkepan.
Dicomot ti "https://su.wikipedia.org/w/index.php?title=6_Méi&oldid=613676"
Kategori:

[8]ページ先頭

©2009-2025 Movatter.jp