Movatterモバイル変換


[0]ホーム

URL:


Lompat ke isi
WikipédiaÉnsiklopédi Bébas
Paluruh

6 Januari

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
<<Januari>>
AhSeSaReKeJuSa
1234
567891011
12131415161718
19202122232425
262728293031 
2025
Tanggal ieu dina sawatara taun panungtung
2019 |2018 |2017 |2016
Baca ogé:Kalénder kajadian

6 Januari nyaéta poé ka-6 dina sataun dinakalénder Gregorian, sésana 359 poé (360 dinataun kabisat).

Kajadian

[édit |édit sumber]
  • 1492 – Monarki KatolikFerdinand jeungIsabella asup kaGranada, ngaréngsékeunReconquista (éra pamaréntahan Islam).
  • 1641 – Perang Arauco: Pasamoan Quilin kahiji dilumangsungkeun, ngareureuhan sawatara waktu pacéngkadan antara Indian Mapuche jeung urangSpanyol diChili.
  • 1781 – Patempuran Jersey,Inggris mentalkeun usaha pamungkasPerancis pikeun nyerang Jersey ti Kapuloan Channel.
  • 1838 – Alfred Vail saparakanca mintonkeun sistém telegraph ngagunakeun titik jeung garis (hai ieu minangka awal kaluarna kode Morse).
  • 1839 – Peuting Angin Tohaga, badéy pangaruksakna ti saprak 300 taun ka tukang nyapukeun Irlandia, ngancurkeun atawa ngaruksak leuwih ti 20% imah-imah diDublin.
  • 1847Samuel Colt meunangkeun kontrak munggaran pikeun pangjualanpéstol révolver ka pamaréntahan AS.
  • 1912 – Géofisikawan Jérman,Alfred Wegener, munggaran medartéori panggéséran kontinén.
  • 1929Ibu Teresa nepi kaKalkuta,India, liwat laut, pikeun ngamimitian nulungan jalma-jalma sangsara jeung jalma-jalma gering.
  • 1941 – Présidén ASFranklin D. Roosevelt nepikeun pidatoOpat Kabébasan (Four Freedom) dina pidato taunan présidén.
  • 1947Pan American Airlines jadi pausahaan pangapungan munggaran nu nawarkeun tikét ngurilingan dunia.
  • 1950Inggris ngaku kaRépublik Rakyat China, hubunganna jeungTaiwan jadi ngaheurasan.
  • 1951Perang Koréa: Awal pangbantéan Ganghwa, hiji kajadian di mana kira-kira 200 - 1.300 urang komunis Koréa Kidul ditelasan.
  • 1960 – PasawatNational Airlines 2511 ancur ku bom di tengah jomantara nalika ngapung tiKota New York rékMiami.
  • 1967Perang Viétnam: Korp Marinir AS jeung pasukan ARVN medar "Operasi Lima Galangan Kapal" di délta Leuwi Mékong.
  • 1978 – Makuta St. Stephen (ogé nelah ku Makuta Suci Hongaria) dipulangkeun ka Hongaria ku AS nu geus ngeukeuweuk ti saprak Perang Dunia II.
  • 1989 – Satwant Singh ieung Kehar Singh divonis mati pikeun konspirasi nelasan PMIndira Gandhi. Dua jalma éta diéksékusi poé éta ogé.
  • 1992 – PrésidénGeorgia Zviad Gamsakhurdia kabur ti nagrina alatan kudéta militer.
  • 1993 – Pasukan Kamanan Perwatesan (singk. Inggris BSF) India nelasan 55 urang Kashmir di Sopore,Jammu jeung Kashmir, minangka wawales kana serangan milisi ka patroli BSF.
  • 2005 – Edgar Ray Killen (anggotaKu Klux Klan) didakwa pikeun pamaténian Chaney, Goodman jeung Schwener di taun 1964.
  • 2005 – Tabrakan karéta di Graniteville, South Carolina,Amérika Sarikat, ngaleupaskeun kurang leuwih 60 ton gasklorin.
  • 2012 – Dua puluh genep jalma palastra sarta 63 tatu nalika saurang pangebom maéhan manéh ngabeledugkeun dirina di hiji kantor pulisi diDamaskus.
  • 2017 – Lima jalma palastra jeung genep séjénna tatu dina hiji panémbakan massa di Darmaga Lauderdale - Bandara Internasional Hollywood di Broward County,Florida.

Nu babar

[édit |édit sumber]

Nu pupus

[édit |édit sumber]

Poé peré / poé panginget-nginget

[édit |édit sumber]

Tumbu luar

[édit |édit sumber]
Bulan jeungpoé dinasataun
Januari
Pébruari
Maret
April
Méi
Juni
Juli
Agustus
Séptémber
Oktober
Nopémber
Désémber
Tanggal nu patali
Artikel ngeunaankalénderieu mangrupataratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggongalengkepan.
Dicomot ti "https://su.wikipedia.org/w/index.php?title=6_Januari&oldid=606236"
Kategori:

[8]ページ先頭

©2009-2025 Movatter.jp