Movatterモバイル変換


[0]ホーム

URL:


Lompat ke isi
WikipédiaÉnsiklopédi Bébas
Paluruh

5 Méi

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
<<Méi>>
AhSeSaReKeJuSa
123
45678910
11121314151617
18192021222324
25262728293031
2025
Tanggal ieu dina sawatara taun panungtung
2019 |2018 |2017 |2016
Baca ogé:Kalénder kajadian

5 Méi nyaéta poé ka-125 dina sataun (ka-126 dinataun kabisat) dinakalénder Gregorian, sésana 240 poé.

Kajadian

[édit |édit sumber]
  • 1260Kublai Khan jadi pangawasaKarajaan Mongolia.
  • 1494Christopher Columbus ngadarat diPulo Jamaika sarta ngakukeun nu Spanyol.
  • 1762 – Rusia jeungPrusia nékenPerjangjian St. Petersburg.
  • 1809 – Mary Kies jadi awéwé munggaran nu meunangkeun patén AS pikeun téhnik nenun pipet make katun jeung jaitan.
  • 1821Kaésar Napoléon maot dina pangbuanganna diPulo Saint Helena diSamudera Atlantik Kidul.
  • 1835 – Rél karéta nu munggaran diBenua Éropa dibuka antaraBrussels jeungMechelen.
  • 1862Cinco de Mayo: Pasukan nu dipingpin ku Ignacio Zaragoza nahan serangan Perancis dina Patempuran Puebla di Méksiko.
  • 1865Perang Sipil Amérika: PamaréntahanKonféderasi dibubarkeun di Washington, Georgia.
  • 1877Perang Amérika Indian:Sitting Bull mingpinSuku Lakota ka Kanada pikeun nyegah panganiayaan ti Tentara AS nu dipingpin ku Kolonél Nelson Miles.
  • 1905 – Pangadilan Stratton sadulur dimimitian di London, nandaan panggunaansidik ramo pikeun jadi bukti tina kasus pamaténian.
  • 1925 – Surat panahanan pikeun John T. Scopes dikaluarkeun diTennessee alatan ngajarkeunévolusi di sakola nu dianggap ngalanggarAkta Butler.
  • 1930Amy Johnson miang, jadi awéwé  munggaran nu ngapung sosoranganan ti Inggris ka Australia.
  • 1936 – Pasukan Italia nempatanAddis Ababa, Éthiopia.
  • 1940Perang Dunia II: Para pangungsi Norwégia ngadegkeun pamaréntahan di pangbuangan di London.
  • 1940 – Perang Dunia II: Kampanye Militer Norwégia: Skuad Norwégia di Bénteng Hegra jeung Vinjesvinge nyarerah ka pasukan Jérman sabada sakabéh pasukan Norwégia di Norwégia kidul nyarerahkeun pakarangna.
  • 1941 – RajaHaile Selassie mulang ka Addis Ababa; dipiéling minangka Poé Pangbébasan atawa Poé Kameunangan Pahlawan.
  • 1945 – Perang Dunia II:Admiral Karl Dönitz, pangganti Hitler, maréntahkeun sakabéh Parahu-U Jérman marulang ka markasna.
  • 1945 – Perang Dunia II:Pangbarontakan Praha dimimitian minangka hij usaha pajoang Céko pikeun bébas ti Jérman.
  • 1945 – Perang Dunia II: Genep jalma palastra nalika hiji balon seuneu Jepang ngabeledug di deukeutBly,Oregon.  Mangrupakeun sakitu-kituna urang-urang Amérika nu maraot di wilayahna salila perang.
  • 1945 – Perang Dunia II:Patempuran Kastil Itter, hiji-hijina patempuran di mana pasukan Amérika jeung pasukan Jérman tempur babarengan.
  • 1950Bhumibol Adulyadej diistrénan jadi raja Thailand.
  • 1955 – Perjangjian Umum, di mana Perancis, Inggris jeung AS ngaku kana kadaulatanJérman Kulon, mimiti lumaku.
  • 1964 – Majelis Éropa mutuskeun tanggal 5 Méi minangkaPoé Éropa.
  • 1972 – Pasawat Alitalia Nomer 112 murag kanaGunung Longa deukeut Palermo,Sisilia, nelasan 115 jalma sajeroeunna.
  • 1980Opersai Nimrod: Pasukan Udara Husus Inggris nyerang kadutaan Iran di London sabada pangepungan salila genep poé.
  • 1981 – Bobby Sands maot di rumah sakit panjara Long Kesh sabada mogok barang dahar salila 66 poé, dina umur 27 taun.
  • 1992 – Musibah Stadion Armand Césari di Bastia (Korsika): 18 jalma palastra sarta 2.300 tatu nalika salah sahjij teras stadion rubuh saméméh laga antara SC Bastia jeung Olympique de Marseille.
  • 1993 – Tilu urang budak umur dalapan taun ditandasa di Memphis Kulon, Arkansas, pamustunganna nungtun kana disidangna Tilu Memphis Kulon.
  • 1994 – PanandatangananProtokol Bishkek antara Arménia jeung Azerbaijan sacara éféktif ngareureuhkeunkonflik Nagrono-Karabakh.
  • 1998 – Pasawat AU Péru, Boeing 737, murag nalika ngadeukeutan Bandara Alférez FAP Alfredo Vladimir Sara Bauer, di Andoas, Péru, nelasan 75 jalma.
  • 2006 – Pamaréntahan Sudan néken pasatujuan jeungTentara Pangbébasan Sudan.
  • 2007 – Pasawat Maskapai Kénya Nomer 507 murag sabada leupas landas ti Bandara Internasional Douala, di Douala, Kamérun, nelasan 144 jalma sajeroeunna.
  • 2010 – Protés massa lumangsung diYunani alatan diterapkeunna kawijakanpanghématan ku Pamaréntah akibat tina krisis hutang Yunani.
  • 2014 – Dua puluh dua jalma leungit sabada dua parahu nu ngangkut pangungsi tabrakan diLaut Aegea di leupas basisir Yunani.
  • 2018Roko listrik ngabeledug, nelasan saurang jalma di St. Petersburg, Florida, kajadian jalma paéh munggaran tina produkvaping.
  • 2019 – Hiji pasawat jét Rusia kabeuleum nalika nyoba usaha pangdaratan darurat di Bandara Sheremetyevo di Moskow, nelasan saheunteuna 41 jalma.
  • 2019 – Patelak tilu poé antara Israél jeung milisi Gaza ngabalukarkeun maotna 4 urang Israél jeung 23 urang Palestina.
  • 2019 –Vajiralongkorn diistrénan minangka raja Thailand.

Nu babar

[édit |édit sumber]

Nu pupus

[édit |édit sumber]

Poé peré / poé panginget-nginget

[édit |édit sumber]
  • Poé Éropa (Majelis Éropa)
  • Poé Paraji/Bidan Internasional

Tumbu luar

[édit |édit sumber]
Bulan jeungpoé dinasataun
Januari
Pébruari
Maret
April
Méi
Juni
Juli
Agustus
Séptémber
Oktober
Nopémber
Désémber
Tanggal nu patali
Artikel ngeunaankalénderieu mangrupataratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggongalengkepan.
Dicomot ti "https://su.wikipedia.org/w/index.php?title=5_Méi&oldid=613655"
Kategori:

[8]ページ先頭

©2009-2025 Movatter.jp