Movatterモバイル変換


[0]ホーム

URL:


Lompat ke isi
WikipédiaÉnsiklopédi Bébas
Paluruh

5 April

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
<<April>>
AhSeSaReKeJuSa
12345
6789101112
13141516171819
20212223242526
27282930 
2025

5 April nyaéta poé ka-95 dina sataun (ka-96 dinataun kabisat) dinakalénder Gregorian, sésana 270 poé.

Kajadian

[édit |édit sumber]
  • 456Saint Patrick mulang ka Irlandia minangka saurang biksu misionaris.
  • 1609 – Daimyō (Bangsawan) Shimazu Tadatsune ti Domain Satsuma di Kyushu kidul, Jepang, ngaréngsékeun seranganna ka Karajaan Ryukyu di Okinawa.
  • 1614 – Di Virginia, Urang Pribumi Amérika,Pocahontas, kawin ka kolonis InggrisJohn Rolfe.
  • 1722 – Pangjajah Walanda,Jacob Roggeveen nimuPulo Paskah.
  • 1795Perdaméyan Basel antara Perancis jeungPrusia dijarieun.
  • 1815Gunung Tambora diHindia Walanda bitu sabada mangabad-abad teu aktif.
  • 1818 – Dina Patempuran Maipu, pagerakan kamerdékaan Chili nu dipingpin kuBernardo O’Higgins jeungJosé de San Martin, meunang mutlak ka Spanyol ku hasil patempuran 2.000 urang Spanyol sarta 1.000 pahlawan Chili maraot.
  • 1862 – Perang Sipil Amérika: Patempuran Yorktown dimimitian.
  • 1874Taman Birkenhead, taman umum nu munggaran, dibuka diBirkenhead, Inggris, hasil rancangan Joseph Paxton.
  • 1879 – Chili nyatakeun perang ka Bolivia jeung Peru, ngamimitianPerang Pasifik.
  • 1900Arkéolog di Knossos,Krete, manggihan hiji tablét tanah liat make tulisanhieroglyphik nu mangrupa skrip nu nelah ku Linear B.
  • 1922 – Lambaga Pangontrolan Kalahiran Amérika, panaratas program KB diadegkeun.
  • 1923 – Pausahaan Ban jeung Karét Firestone mimiti ngajieunan ban tiup.
  • 1936 – Tornado Tupelo–Gainesville narajang: Hiji tornado tingkat F5 nelasan 233 jalma diTupelo, Mississipi.
  • 1942Perang Dunia II: Angkatan Laut Karajaan Jepang nyerang ti kapal indukna kaKolombo,Seylong, nalika serangan ka Samudra India. Palabuan-palabuan jeung fasilitas sipil alancur sarta kapal pangjalajah angkatan laut InggrisHMS Cornwall jeungHMS Dorsetshire tilelep di kulon kidul pulo éta.
  • 1943 – Perang Dunia II: Sacara teu kahaja pasawat pangebom Amérika jadi marga lantaran maotna 900 rakyat sipil kasasup di antarana 209 barudak sarta nyideraan 1.300 urang para pangeusi Kota Mortsel, Bélgia. Targét sabenerna nyaéta Pabrik Erla nu ayana 1 km ti lokasi kajadian.
  • 1943 – Tukang ngaladangan Tionghoa, Poon Lim katimu di basisir Brasil ku nalayan sabada kalangsu salila 133 poé ti saprak Kapal Inggris SS Benlomond ditarajang torpédo ku parahu-U Jérman.
  • 1944 – Perang Dunia II: Dua ratus tujuh puluh urang pangeusi Kota Kleisoura, Yunani diéksékusi ku Jérman.
  • 1945Perang Tiis: PamingpinYugoslavia,Josip Broz Tito néken kasapukan jeung Uni Soviét nu méré ijin pasukan Soviét arasup ka wilayah Yugoslavia.
  • 1946 – Pasukan Soviét mungkas panempatan sapanjang taunna kaPulo Bornholm, Dénmark.
  • 1951Perang Tiis: Ethel jeung Julius Rosenberg divonis hukuman mati alatan jadi mata-mata Soviét.
  • 1969Perang Viétnam: Démonstrasi anti perang gedé-gedéan lumangsung di réa kota di AS,
  • 1986 – Tilu jalma nemasing pati dina hiji pangeboman di Diskotik La Belle di Bérlin Kulon, Jérman.
  • 1991 – Pasawat ASA EMB 120 murag di Brunswick,Georgia, nelasan sakabéh 23 jalma jeroeunna kaasup Sénator John Tower jeung astronot Sonny Carter.
  • 1992 – Alberto Fujimori, présidén Péru, ngabubarkeun kongrés Péru ku pasukan militerna.
  • 1992 – Pamoha daméy Suada Dilberovic jeung Olga Sučić ditelasan di Sasak Vrbanja di Sarajevo, jadi korban-korbanPerang Bosnia nu munggaran.
  • 1994Kurt Cobain, vokalis jeung pamaén hitarNirvana, maéhan manéh ku cara némbak sirahna sorangan.
  • 1998 – Di Jepang,Jambatan Akashi Kaikyō dibuka pikeun jajalaneun, minangka pangpanjang-panjangna jambatan di dunia.
  • 1999 – Dua urang Libya kasangkapangeboman Pasawat Pan Am 103 di taun 1988 disérénkeun pikeun pangadlilan panungtungan di Walanda.
  • 2000 – Opat urang bobotohGalatasaray ditahan sabada narusuk nepi kahanteuna dua urang bobotoh Leeds United dina semifinalPiala UEFA 2000.
  • 2009 – Koréa Kalér mesatkeun rokét Kwangmyŏngsŏng-2 nu kontroversial ngaliwatan wilayah darat Jepang nu saharita kénéh nyeungeut kana réaksi Déwan Kaamanam PBB tur jadi bahan sawala dina paguneman Genep Pihak.
  • 2016 – PM Islandia Sigmundur David Gunnlaugsson mundur sabada bocoranPanama Papers nunjukkeun hiji konflik kapentingan.

Nu babar

[édit |édit sumber]

Nu pupus

[édit |édit sumber]

Poé peré / poé panginget-nginget

[édit |édit sumber]

Tumbu luar

[édit |édit sumber]
Bulan jeungpoé dinasataun
Januari
Pébruari
Maret
April
Méi
Juni
Juli
Agustus
Séptémber
Oktober
Nopémber
Désémber
Tanggal nu patali
Artikel ngeunaankalénderieu mangrupataratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggongalengkepan.
Dicomot ti "https://su.wikipedia.org/w/index.php?title=5_April&oldid=612663"
Kategori:

[8]ページ先頭

©2009-2025 Movatter.jp