Vesta (simbol:) nyaéta obyek pangbadagna kadua diBeubeur astéroid, kalayan diameter sagedé 530 kilométer (kira-kira 330 mil) sarta kira-kira mibanda massa 9% ti massa sakumnaBeubeur astéroid.[1]Manéhna kapanggih ku astronomJerman,Heinrich Wilhelm Olbers ping 29 Maret1807.[1]Ngaran Vesta dicokot ti ngaran dewi parawan dina mitologiRomawi, anu mangrupa dewi nu ngajaga pikeunimah sarta dunya.[1]Vesta kaleungitan kira-kira 1% ti massana dina hiji tabrakan anu lumangsung kurang ti samilyar taun ka tukang.[1]Loba sésa-sésa ti kajadian ieu anu murag kabumi minangka metéoritHED, hiji bukti anu aya ngeunaanastéroid.[1] Vesta nyaétaastéroid anu pangcaangna.[1]Jarak panglaérna Vesta tiPanonpoé nyaéta saeutik leuwih laér batan jarak minimum antaraCeres sartaPanonpoé, sedengkeun orbit Vesta sapinuhna aya di jero orbitCeres.[1]AyaGunung gedé di Vesta, kabentuknagunung di Vesta némbongkeun ayana aktivitas géologi di jeroastéroid kasebut.[2]Aktivitas géologi di jero Vesta lumangsung alatan ayana gaya pasang surut antaraPanonpoé,Jupiter, sarta Vesta.[2]Gaya kenyangPanonpoé sartaJupiter anu lumangsung sacara tuluy-tinuluy sarta ngalawan gayagravitasi Vesta nyieun intiastéroid pamustunganana robek sarta lééh jadi magma.[2]Magma anu kaluar tikulit Vesta kasebut ngahasilkeun lava anu nyérélék kaluar ti kawahgunung.[2]Hawa Vesta anu minus 33 derajat celsius nepi ka minus 3 derajat celsius nyieun lava di ditu gancang tiiis sarta ngajadikeun heuras.[2]