Movatterモバイル変換


[0]ホーム

URL:


Lompat ke isi
WikipédiaÉnsiklopédi Bébas
Paluruh

2 April

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
<<April>>
AhSeSaReKeJuSa
1234
567891011
12131415161718
19202122232425
2627282930 
2026

2 April nyaéta poé ka-92 dina sataun (ka-93 dinataun kabisat) dinakalénder Gregorian, sésana 273 poé.

Kajadian

[édit |édit sumber]
  • 1513 – PangjajahJuan Ponce de León ngakukeunFlorida pikeun Spanyol, minangka urang Éropa munggaran nu nepi ka Florida.
  • 1800Ludwig van Beethoven midangkeun Simponi Kahiji-na diWina.
  • 1800 –Perjangjian Konstantiopel  ngadegkeun Républik Septinsular, nagara otonomi Yunani nu munggaran ti saprak rubuhnaKakaisaran Byzantin.
  • 1801Perang Napoléon: Inggris dina pingpinan Horatio Nelson ngancurkeun kapal perang Dénmark dina Patempuran Laut Kopenhagen.
  • 1902 – Dmitry Sipyagin, menteri jero nagri Karajaan Rusia ditelasan di Istana Marie,Saint Petersburg.
  • 1902 – "Electric Theatre", bioskop munggaran di AS, dibuka di Los Angeles.
  • 1912RMS Titanic nu ditakdirkeun cilaka mimiti nyoba lalayaran.
  • 1930 – Sabada maotna Ratu Zewditu sacara misterius, Haile Selassie diproklamirkeun minangka Raja Éthiopia.
  • 1935 – Ahli fisika Skotlandia,Robert Watson-Watt nampa patén Inggris pikeunRADAR.
  • 1973LexisNexis layanan panalungtikan hukum nu dikomputerisasi medal.
  • 1976 – PangéranNorodom Sihanouk mundur minangka pamingpin Kamboja sarta jadi tahanan imah.
  • 1979 – Gudang laboratorium biologi Soviét di Sverdlovsk teu kahaja ngaleupaskeunsporaanthraks, nelasan 66 jalma katambah ku sato ternak nu teu kaitung.
  • 1980 – Présidén ASJimmy Carter néken Akte Pajak Kauntungan Minyak Atah Windfall.
  • 1982Perang Falklands: Argéntina nyerangKapuloan Falkland. Nelah ogé ku Perang Malvinas.
  • 1989 – PausahaanASUS diadegkeun.
  • 1992 – Di New York, boss mafiaJohn Gotti didakwa ku panelasan jeung pameresan sarta tuluy dihukum panjara saumur hirup.
  • 1992 – Opat puluh dua rahayat sipil dibantéy di Bijeljina diBosnia jeung Herzegowina.
  • 2002 – Pasukan Israél ngepung Garéja Nativity diBethléhém di mana milisi Palestina geus malundur ka dinya.
  • 2004 – Téroris nu kabaud dina serangan 11 Maret 2004 diMadrid nyoba ngabom ka karéta cepet AVE Spanyol di deukeut Madrid; seranganna digagalkeun.
  • 2006 – Leuwih ti 60 tornado narajang AS; pangparahnaTennessee, 29 maraot.
  • 2012 – Panémbakan massa di Universitas Oikos California, ngabalukarkeun tujuh jalma palastra sarta tilu lianna taratu.
  • 2014 – Panémbakan sakarepna lumangsung di markas tentara Bénténg Hood di Texas, opat palastra kaasup nu némbakna sarta 16 cidera.
  • 2015 – Jalma-jalma basanjata nyerang Kampus Universitas Garissa diKénya, nelasan saheunteuna 148 jalma sarta nyideraan 79 lianna.
  • 2015 – Opat jalma maling babandaan saharga nepi ka £200 juta ti fasilitas panyimpenan handapeun lemah di area Taman Hatton London nu katelah ku “panggedé-gedéna panggarongan dina sajarah hukum Inggris.”
  • 2019 – Présidén AljazairAbdelaziz Bouteflika (82) mundur sabada 20 taun ngawasa, ku lobana protés di sakuliah nagri lamun manéhna  nuluykeun deui kapamingpinanna.

Nu babar

[édit |édit sumber]

Nu pupus

[édit |édit sumber]

Poé peré / poé panginget-nginget

[édit |édit sumber]
  • Poé Buku Dongéng Budak Internasional
  • Poé Paduli Autis Dunia

Tumbu luar

[édit |édit sumber]
Bulan jeungpoé dinasataun
Januari
Pébruari
Maret
April
Méi
Juni
Juli
Agustus
Séptémber
Oktober
Nopémber
Désémber
Tanggal nu patali
Artikel ngeunaankalénderieu mangrupataratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggongalengkepan.
Dicomot ti "https://su.wikipedia.org/w/index.php?title=2_April&oldid=598652"
Kategori:

[8]ページ先頭

©2009-2026 Movatter.jp