Movatterモバイル変換


[0]ホーム

URL:


Lompat ke isi
WikipédiaÉnsiklopédi Bébas
Paluruh

29 Oktober

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
<<Oktober>>
AhSeSaReKeJuSa
1234
567891011
12131415161718
19202122232425
262728293031 
2025
Tanggal ieu dina sawatara taun panungtung
2019 |2018 |2017 |2016
Baca ogé:Kalénder kajadian

29 Oktober nyaéta poé ka-302 dina sataun (ka-303 dinataun kabisat) dinakalénder Gregorian, sésana 63 poé.

Kajadian

[édit |édit sumber]
  • 1390 – Pangadilan munggaran pikeun prakték sihir diPerancis, ngaalatankeun tilu jalma dihukum mati.
  • 1618Sir Walter Raleigh dihukum mati pikeun dakwaan konspirasi ngalawan Raja InggrisJames I.
  • 1665Portugis ngéléhkeun Karajaan Kongo, sarta mancung Raja António I nu katelah ogé ku Nvita a Nkanga.
  • 1863 – Dalapan welas nagri ngumpul diJenewa, sarta satuju pikeun ngadegkeunPalang Merah Intérnasional.
  • 1888 – Konpénsi Konstantinopel ditéken, ngajamin palayaran ngaliwatan Térusan Suéz boh dina kaayaan keur perang boh keur daméy.
  • 1914Turki Ustmani ngilu aub dinaPerang Dunia Kahiji.
  • 1922 – Raja Victor Emmanuel III tiItali nunjukBenito Mussolini minangka perdana menteri.
  • 1923Turki jadi républik sabada dibubarkeunna Karajaan Ustmani.
  • 1941 – Pangbantéan di Kaunas Ghetto, 10.000 urang Yahudi ditembak mati ku tentara Jérman nu nempatan Bénténg Ninth.
  • 1948 – Pangbantéan Safsaf: Pasukan Patahanan Israél maténi antara 52 nepi ka 64 pangeusi désa di Désa Safsaf di Galilee.
  • 1948 – PasukanIsraél maténi 70 pangeusi désa dina pangbantéan Al Dawayima.
  • 1956 – Krisis Suéz dimimitian, pasukan Israél nyerang Bobojong Sinai sarta nyurung mundur pasukanMesir kaTerusan Suéz.
  • 1957 – PM Israél David Ben-Gurion sarta lima menterina cidera nalika Moshe Dwek ngalungkeun garanat ka gedong parlemén Israél.
  • 1961Syria kaluar ti Républik Arab Sarikat.
  • 1964 – Républik Sarikat Tanganyika jeung Zanzibar ganti ngaran jadiRépublik Tanzania.
  • 1964 – Koléksi permata taya bandinganna di Muséum Sajarah Alam Amérika di Kota New York dipaling ku sagorombolan bangsat.
  • 1967 – Paméran Dunia Montreal, Expo 67 lekasan, jumlah nu ngajugjug kana 50 jutana.
  • 1969 – Tutumbu munggaran komputer ka komputer diwangun ku ARPANET, pibakaleuninternét.
  • 1972 – Tilu palaku nu nyerang Olimpiade Munich dibébaskeun minangka panuker kana sandera pasawat Luthfansa 615 nu dibajo.
  • 1980 – Démonstrasi ngapung pasawat Hercules C-130 nu sacara rusiah meunang ngamodip pikeun dikirim minangka usaha panyalametan sandera dina krisis sandera diIran, pamustunganna tibeubeut nalika ngadarat di Markas Angkatan Udara Eglin di Duke Field, Florida, ngabalukarkeun dibatalkeunna OperasiCredible Sport.
  • 1998 – Nalika keur ngapung tiAdana rék kaAnkara, pasawatTurki nu muat genep kru jeung 33 panumpang dibajo ku militan Kurdi nu nitah pilot sangkan ngadarat diSwiss. Pasawat éta malah ngadarat di Ankara sanggeus pilotna nipu nu ngabajo, api-apina rék ngeusi heula bahan bakar diSofiaBulgaria.
  • 1998 – Badéy Mitch, badéy panggedéna kadua dina sajarah di Atlantik, narajangHonduras.
  • 1998 – Diskotik Gothenburg di Swédia kahuruan, nelasan 63 sarta natuan 200 jalma.
  • 1999 – Hiji angin puyuh raksasa ngaburakrakeun Odisha,India.
  • 2002 – Pusat Padagangan Intérnasional di KotaHo Chi Minh kahuruan. Leuwih ti 60 jelema palastra sarta 100 urang euweuh béjana.
  • 2004Al Jazeera nyiarkeun potongan pintonan vidioOsama bin Laden taun 2004 di mana Osama ngaku yén dirina nu ngabogaan tanggung jawab langsung kana serangan 11 Séptémber 2001 sarta keur ngincer pamilihan présidén taun 2004.
  • 2005 – Bom di DélhiIndia, nelasan leuwih ti 60 jalma. Panalungtik India yakin yén kaum separatis Kashmir aya dina satukangeun kajadian éta.
  • 2012 – Badéy Sandy narajang basisir wétan Amérika Sarikat, nelasan 148 sacara langsung sarta 138 sacara teu langsung, ogé karusakan matéri kira-kira $70 juta jeung pareum listrik.
  • 2015Cina ngumumkeun dieureunkeunna kawijakan hiji anak, nu geus lumansung 35 taun lilana.
  • 2018 – Pasawat Boeing 737 nu Lion Air murag diLaut Jawa sanggeus leupas landas tiBandara Intérnasional Soekarno-Hatta, 189 panumpangna maraot.

Nu babar

[édit |édit sumber]

Nu pupus

[édit |édit sumber]

Poé peré / poé panginget-nginget

[édit |édit sumber]

Tumbu luar

[édit |édit sumber]
Bulan jeungpoé dinasataun
Januari
Pébruari
Maret
April
Méi
Juni
Juli
Agustus
Séptémber
Oktober
Nopémber
Désémber
Tanggal nu patali
Artikel ngeunaankalénderieu mangrupataratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggongalengkepan.
Dicomot ti "https://su.wikipedia.org/w/index.php?title=29_Oktober&oldid=623944"
Kategori:

[8]ページ先頭

©2009-2025 Movatter.jp