Movatterモバイル変換


[0]ホーム

URL:


Lompat ke isi
WikipédiaÉnsiklopédi Bébas
Paluruh

29 April

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
<<April>>
AhSeSaReKeJuSa
12345
6789101112
13141516171819
20212223242526
27282930 
2025

29 April nyaéta poé ka-119 dina sataun (ka-120 dinataun kabisat) dinakalénder Gregorian, sésana 246 poé.

Kajadian

[édit |édit sumber]
  • 1429Joan urang Arc datang pikeun ngabébaskeun Pangepungan Orleans.
  • 1483 – Gran Canaria, pulo utama diKapuloan Kanari, ditalukkeun kuKarajaan Kastile.
  • 1521Perang Pangbébasan Swédia: Pasukan Swédia ngéléhkeun pasukan Dénmark dina Patempuran Västerås.
  • 1672Louis XIV ti Perancis nyerang Walanda.
  • 1769 – Insinyur Skotlandia,James Watt, maténkeunmesin uap.
  • 1781Perang Révolusi Amérika: Kapal-kapal Inggris jeung Perancis patelak dina Patempuran Fort Royal di leupas basisirMartinique.
  • 1864Patempuran Gate Pa (Pukehinahina): 1.700 tentara Inggris nandangan pangparah-parahna kajadian kaéléhan dina Perang Selandia Anyar ku prajuritMaori nu nyarumput dina kamalir diTauranga.
  • 1882 – "Elektromote" – pibakaleunbeus troli – diuji coba kuWerner von Siemens diBérlin.
  • 1911 – Universitas Tsinghua, salah sahiji universitas utama di Cina daratan, diadegkeun.
  • 1916Perang Dunia I: Divisi India Ka-6 Karajaan Inggris nyarerah ka PasukanTurki Utsmani dinaPangepungan Kut.
  • 1916Pangbarontakan Paskah: Sabada genep poé tempur, pangbarontak Irlandia nyerah ka Pasukan Inggris diDublin, mungkas Pangbarontakan Paskah.
  • 1944Perang Dunia II: Agén Inggris,Nancy Wake, tokoh utama dina Perjuangan Perancis sarta jalma pang ditéangna kuGestapo, terjun maké parasut balik ka Perancis pikeun jadi panghubung antaraLondon jeung grup maquis (pajuang lokal).
  • 1945 – Perang Dunia II: Tentara Jérman di Italia nyarerah kaSakutu.
  • 1945 – Perang Dunia II: DimimitiannaOperasi Manna, operasi nurun-nurunkeun kadaharan tina kapal udara di wilayah Walanda nu didiukkan ku Jérman.
  • 1945 – Perang Dunia II: KapalfrigateHMS Goodall (K479) ditorpédo ku U-286 di saluaren Kola Inlet sarta jadi kapal Karajaan Inggris nu pamungkas nu tilelep dina Perang Dunai II.
  • 1945 – Perang Dunia II:Adolf Hitler kawin ka kabogoh ti babaheulana,Eva Braun di hiji bungker di Bérlin sarta nunjuk Admiral Karl Dönitz minangka panggantina.
  • 1946 – Sidang Pangadilan Militer Internasional pikeunAsia Wétan Jauh ngadakwa manten PM JepangHideki Tojo jeung 28 manten pamingpin lianna pikeun kajahatan perang.
  • 1951 – DelegasiTibét nepi kaBéijing sarta ngusulkeun 17 poin kapaheutan antara pamaréntah RRC jeung otonomi Tibét.
  • 1967 – Sabada nolak wamil poé kamarina, gelar juara dunia tinjuMuhammad Ali dicabut.
  • 1970Perang Viétnam: Pasukan AS jeung Viétnam Kidul nyerang Kamboja dina raraga memerikViét Kong.
  • 1975 – Perang Viétnam: Operasi Angin Réa: AS ngamimitian ngaévakuasi wargana ti Saigon saméméh Viétnam Kalér arasup ka dinya. Ilibiungna AS dina perang éta lekasan.
  • 1991 – Angin puyuh narajang Distrik Chittagong di kidul wétan Bangladésh nu kacepetanna kira-kira 248 km/jam (155 mil/jam), nelasan saheunteuna 138.000 jalma sarta ngabalukarkeun sapuluh jutaan leungiteun imah.
  • 1991 – Lini 7.0 MwRacha nembragGeorgia, nelasan 270 jalma.
  • 1992 – Kakacoan diLos Angeles, sabada diputuskeun teu salahna patugas-patugas pulisi nu didakwa neunggeulanRodney King sacara bébéakan. Salila tilu poé ti harita 63 jalma palastra sarta rébuan wangunan diancurkeun.
  • 1997Konvénsi Pakarang Kimia 1993 mimiti lumaku, ngalarang produksi, paneundeunan sarta panggunaan pakarang-pakarang kimia pikeun nu narékenna.
  • 2011Pangéran William kawin kaCatherine Middleton di IstanaWestminster Abbey di London.
  • 2013 – Pasawat MaskapaiNational Nomer 102,  kapal panumpang Boeing 747-400, murag nalika leupas landas ti Landasan Bagram di Porpinsi Parwan, Afghanistan, nelasan tujuh jalma.
  • 2018 – Akun Twitter pajabat Swédia muguhkeun yénbaso Swédia aslina mah ti Turki.
  • 2018 – Pilem serial kartun  "The Simpsons" ngaliwatan 635 épisodena serial  "Gunsmoke" pikeun ngajadi itungan épisode pangréana batan serial TV mana waé.

Nu babar

[édit |édit sumber]

Nu pupus

[édit |édit sumber]

Poé peré / poé panginget-nginget

[édit |édit sumber]
  • Poé Ngibing Internasional (UNESCO)

Tumbu luar

[édit |édit sumber]
Bulan jeungpoé dinasataun
Januari
Pébruari
Maret
April
Méi
Juni
Juli
Agustus
Séptémber
Oktober
Nopémber
Désémber
Tanggal nu patali
Artikel ngeunaankalénderieu mangrupataratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggongalengkepan.
Dicomot ti "https://su.wikipedia.org/w/index.php?title=29_April&oldid=599954"
Kategori:

[8]ページ先頭

©2009-2025 Movatter.jp