Movatterモバイル変換


[0]ホーム

URL:


Lompat ke isi
WikipédiaÉnsiklopédi Bébas
Paluruh

28 April

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
<<April>>
AhSeSaReKeJuSa
12345
6789101112
13141516171819
20212223242526
27282930 
2025

28 April nyaéta poé ka-118 dina sataun (ka-119 dinataun kabisat) dinakalénder Gregorian, sésana 247 poé.

Kajadian

[édit |édit sumber]
  • 224Patempuran Hormozdgan lumangsung.Ardashir I tiSasaniya ngéléhkeun tur nelasan Artabanus V nu hartina mungkasKarajaan Parthia.
  • 1192 – PamaténianKonrad ti Montferrat (Konrad I), rajaYérusalem, di Tyre, dua poé sabada kalungguhanna dipastikeun ngaliwatan pamilihan. Palakuna nyaétaHasyasyin.
  • 1253Nichiren, saurang wikuBudha, medarkeunNamu Myōhō Renge Kyō pikeun kala munggaranna pisan sarta nyatakeun yén éta téh mangrupa saripati tina Budhisme, pangaruhna ngadeg aliranBudha Nichhiren.
  • 1503Patempuran Cerignola lumangsung. Dituliskeun dina sajarah Éropa minangka patempuran munggaran nu dimeunangkeun ku panggunaan témbakanmésiu.
  • 1758Kaum Maratha ngéléhkeun Urang Afghan dina Patempuran Attock sarta ngarebut kota éta.
  • 1770 – Kaptén InggrisJames Cook, nunggang kapalEndeavour, ngadarat diTeluk Botany diAustralia.
  • 1792 – Perancis nyerang Austria Walanda (kiwari Bélgia jeung Luksemburg), ngamimitianPerang Révolusi Perancis.
  • 1796 – Kapaheutan Daméy Cherasco ditéken kuNapoléon Bonaparte jeung Vittoiro Amedeo III, RajaSardinia, mekarkeun wilayah Perancis ka sapanjang basisirMéditerania.
  • 1881Billy the Kid kabur ti panjara Lincoln County diMesilla,New Mexico.
  • 1887 – Saminggu sabada katéwak ku Pulisi Rahasia Prusia, inspéktur pulisi Perancis, Guillaume Schnaebelé dibébaskeun ku paréntahnaWilliam I, Kaésar Jérman, nyegah kamungkinan perang.
  • 1920Azerbaijan diasupkeun kanaUni Sovét.
  • 1923Stadion Wembley dibuka, mimitina dingaranan Staidion Empire.
  • 1941 – Ustaše (Pagerakan Révolusi Kroasia) nelasan ampir 200 urang Sérbia di Désa Gudovac, rajapati munggaran tina kampanye pangbantéyanna ka urang Sérbia di Nagara Merdéka Kroasia.
  • 1944Perang Dunia II: Salapan Parahu-E Jérman nyerang unit-unit AS jeung Inggris nalika Palatihan Maung, persiapan pikeun pangdaratan diNormandia, nelasan 946 urang.
  • 1945Benito Mussolini jeung bojona, Clara Petacci, ditémbak mati ku Walter Audisio, saurang anggota pagerakan perlawanan Italia.
  • 1952Perjangjian San Fransisco mimiti lumaku, mulangkeun kadaulatan Jepang sarta mungkas pamusuhan perangna jeung kalolobaan anggota-anggotaSakutu tina Perang Dunia II.
  • 1952Perjangjian Daméy Sino-Jepang (Perjangjian Taipei) ditéken diTaipei,Taiwan, antara Jepang jeung Républik Cina pikeun sacara rasmi mungkas Perang Sino-Jepang Kadua.
  • 1965 – Pasukan Amérika ngadarat diRépublik Dominika pikeun “ngahulag pangadegan hiji diktatur Komunis” sarta pikeun ngaévakuasi pasukan Angkatan Perang AS.
  • 1967Perang Viétnam: Tukang boksenMuhammad Ali nolak asup wamil Angkatan Perang AS sarta gelar juara jeung ijin tinjuna tuluy dicabut.
  • 1967 – Pausahaan Pasawat Douglas nu rék bangkrut satuju pikeun ngagabung jeung Pausahaan Pasawat McDonnell, jadiMcDonnell Douglas.
  • 1969Charles de Gaulle reureuh tina jadi présidén Perancis.
  • 1975 – General Cao Văn Viên, pupuhu militer Viétnam Kidul miang ka AS nailka Tentara Viétnam Kalér geus pimeunangeun.
  • 1978 – Présidén Afghanistan,Mohammed Daoud Khan, dirugrugkeun sarta ditelasan dina hiji kudéta ku pangbarontak pro-komunis.
  • 1986 – Radiasi tingkat tinggi tinamusibah Chernobyl kadétéksi di pabrik tanaga nuklir di Swédia, nungtun otoritas Soviét kana ngabéwarakeun kacilakaan éta.
  • 1988 – Di sadeukeuteunMaui,Hawaii, panumpang  Clarabelle "C.B." Lansing mecleng tina pasawat Maskapai Aloha Nomer 243, boeing 737, sarta murag nepi kahanteuna, nalika awak kapal soéh wanci keur ngapung.
  • 1994 – Manten patugas jeung analis kontra intelejénCIA,  Aldrich Ames divonis salah alatan ngabocorkeun rusiah AS ka Uni Soviét.
  • 1996 – Pangbantéyan Port Arthur,Tasmania: Saurang jalma basanjata, Martin Bryant, némbakan Kafé Broad Arrow di Port Arthur, Tasmania, nelasan 35 jalma sarta nyideraan 23 lianna.
  • 2004CBS News medalkeun bukti-bukti photo panyiksaan jeung panglécéan tahanan Irak ku tentara Amérika diAbu Ghraib.
  • 2019Disney nyebutkeun pilem Marvel “Avengers: Endgame” ngahasilkeun kira-kira $1.2 miliyar di sakuliah dunia, rékor pilem munggaran nu bisa ngahasilkeun sakitu dina poé kahijina.

Nu babar

[édit |édit sumber]

Nu pupus

[édit |édit sumber]

Poé peré / poé panginget-nginget

[édit |édit sumber]

Tumbu luar

[édit |édit sumber]
Bulan jeungpoé dinasataun
Januari
Pébruari
Maret
April
Méi
Juni
Juli
Agustus
Séptémber
Oktober
Nopémber
Désémber
Tanggal nu patali
Artikel ngeunaankalénderieu mangrupataratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggongalengkepan.
Dicomot ti "https://su.wikipedia.org/w/index.php?title=28_April&oldid=624100"
Kategori:

[8]ページ先頭

©2009-2025 Movatter.jp