Movatterモバイル変換


[0]ホーム

URL:


Lompat ke isi
WikipédiaÉnsiklopédi Bébas
Paluruh

25 Méi

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
<<Méi>>
AhSeSaReKeJuSa
123
45678910
11121314151617
18192021222324
25262728293031
2025
Tanggal ieu dina sawatara taun panungtung
2019 |2018 |2017 |2016
Baca ogé:Kalénder kajadian

25 Méi nyaéta poé ka-145 dina sataun (ka-146 dinataun kabisat) dinakalénder Gregorian, sésana 220 poé.

Kajadian

[édit |édit sumber]
  • 240 SM – Liliwatan perihelionKomét Halley nu munggaran kacatet.
  • 1521 – Majelis Worms lekasan nalika Charles V, Raja Romawi Suci medalkeunMaklumat Worms (Edict of Worms) nu nyatakeunMartin Luther minangka saurang palanggar hukum.
  • 1644 – Jénderal Ming, Wun Sangui, nyieun pasakutuan jeung panyerang Manchu sarta muka lawangTembok Raksasa Tionghoa di jalur Shanhaiguan, ngantepkeun urang Manchu arasup ka puseur kota Béijing.
  • 1660 – Charles II ngadarat di Dover ku undangan Parlemén Konvénsi (Inggris), nu jadi tanda réngséna Pasamakmuran Cromwell Inggris, Skotlandia jeung Irlandia, sarta dipulangkeun deuina Monarki Inggris.
  • 1809 – Perjoangan nu mucunghul di Chuquisaca (kiwari Sucre) ngalawanan Karajaan Spanyol, nyulut kana Perang Kamerdékaan Amérika Latin.
  • 1810 – Révolusi Méi: Warga Buenos Aires ngusir Raja Anom Baltasar Hidalgo de Cisneros dina mangsa Minggu Méi, ngamimitian kana Perang Kamerdékaan Argéntina.
  • 1816 – Kumpulan puisiSamuel Taylor Coleridge dipedalkeun ku John Murray di London, kaasup "Kubla Khan" jeung "Christabel".
  • 1842Christian Doppler medar pamikiranna nu kiwari nelah kuÉfék Doppler ka Masarakat Karajaan Bohemia, Praha.
  • 1895Républik Formosa diadegkeun, kuTang Jingsong minangka présidénna.
  • 1926 – Sholom Schwartzbard nelasan Symon Petliura, kapala pamaréntahan Républik Rakyat Ukraina, nu keur aya di pangbuangan di Paris.
  • 1938Perang Sipil Spanyol: Pangeboman Alicante nelasan 313 jalma.
  • 1940Perang Dunia II: Divisi Panser ka-2 Jérman ngarebut Boulogne-sur-Mer; nyarerahna pasukan Inggris jeung Perancis nandaan réngsénaPatempuran Boulogne.
  • 1946 – Parlemén Transyordania nunjukAbdullah I minangka Émir.
  • 1955 – PangdakianKangchenjunga nu munggaran (8.586 m.), gunung pangluhurna katilu di dunya, ku tim ékspedisi Inggris nu dipingpin ku Charles Evans.
  • 1963 – DiAddis Ababa, Éthiopia,Organisasi Pangahijian Afrika (OAU) diadegkeun.
  • 1965Muhammad Ali nga-oSonny Liston dina ronde kahiji dina tanding ulang parebutan gelar juara dunia kelas beurat.
  • 1977 – Pamaréntahan Tionghoa nyabut larangan kana karya-karyaWilliam Shakespeare nu geus lumangsung salila sadékade, sacara teu langsung mungkas kanaRévolusi Budaya nu geus dimimitian ti taun 1966.
  • 1978 – Bom kahiji tina sarangkéyan bom nu dirarancang kuUnabomber ngabeledug di Universitas Northwestern, ngabalukarkeun tatu-tatu leutik.
  • 1979 – Pasawat McDonnel Douglas DC-10 nu Maskapai Amérika murag diChicago nalika leupas landas ti Bandara Internasional O’Hare, nelasan 271 jalma sajeroeunna sarta dua jalma di darat.
  • 1981 – DiRiyadh,Déwan Gawé Bareng Teluk dijieun antara Bahrain, Kuwait, Oman, Qatar, Arab Saudi jeung Uni Émirat Arab.
  • 1982Perang Falklands:HMS Coventry ditilemkeun ku pasawatSkyhawks Argéntina.
  • 1985 – Bangladésh ditarajang ku angin puyuh jeung badéy tropis, nelasan kira-kira nepi ka 10.000 jalma.
  • 1997 – Hiji kudéta militer di Sierra Leone ngagantikeun Présidén Ahmad Tejan Kabbah ku Mayor Johnny Paul Koroma.
  • 2000 – Israél narik tentarana ti wilayah Libanon (kajaba wilayah pacogrégan Shebaa) sabada invasi 22 taun ti taun 1978.
  • 2001Erik Weihenmayer jadi jalma lolong munggaran nu nepi ka puncakGunung Éverest, diHimalaya, dibarengan ku Dr. Sherman Bull.
  • 2002 – Pasawat Maskapai Tionghoa Nomer 611 beulah di jomantara sarta murag kaSelat Taiwan. Sakabéh 225 jalma sajeroeunna maraot
  • 2009 – Koréa Kalér pada nyangka ngalakukeun uji coba pakarang nuklirna nu kadua, ogé nguji coba sababaraha misil nu ngakibatkeun kaharénghéngan di masarakat internasional.
  • 2011Oprah Winfrey midangkeun pamintonan pamungkasna, mungkasThe Oprah Winfrey Show nu geus lumangsung 25 taun.
  • 2013 – Kasangka pangbarontakMaois nelasan saheunteuna 28 jalma sarta nyideraan 32 urang lianna dina hiji serangan ka konpoy pulitisi Kongrés Nasional India di Chhattisgarh, India.
  • 2017Mark Zuckerberg narima gelar kahormatan tiUniversitas Harvard, sabada DO di taun 2004.
  • 2018 – Aturan Panangtayungan Data Umum (GDPR) mimiti lumaku.

Nu babar

[édit |édit sumber]

Nu pupus

[édit |édit sumber]

Poé peré / poé panginget-nginget

[édit |édit sumber]
  • Poé Budak Leungit Internasional

Tumbu luar

[édit |édit sumber]
Bulan jeungpoé dinasataun
Januari
Pébruari
Maret
April
Méi
Juni
Juli
Agustus
Séptémber
Oktober
Nopémber
Désémber
Tanggal nu patali
Artikel ngeunaankalénderieu mangrupataratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggongalengkepan.
Dicomot ti "https://su.wikipedia.org/w/index.php?title=25_Méi&oldid=614617"
Kategori:

[8]ページ先頭

©2009-2025 Movatter.jp