Movatterモバイル変換


[0]ホーム

URL:


Lompat ke isi
WikipédiaÉnsiklopédi Bébas
Paluruh

24 April

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
<<April>>
AhSeSaReKeJuSa
12345
6789101112
13141516171819
20212223242526
27282930 
2025

24 April nyaéta poé ka-114 dina sataun (ka-115 dinataun kabisat) dinakalénder Gregorian, sésana 251 poé.

Kajadian

[édit |édit sumber]
  • 1183 SM – Itungan tanggal tradisional RugrugnaTroy, nandaan réngsénaPerang Troya nu ngalegénda, numutkeun pupuhu Perpustakaan Iskandariah, Erastothenes katut nu lianna.
  • 1547 – Patempuran Mühlberg. Bangsawan Alba, mingpin pasukan Karajaan Spanyol nu Charles I, ngéléhkeun pasukanLiga Schmalkadic.
  • 1877 – Perang Rusia-Turki: Karajaan Rusia nyatakeun perang ka Turki Utsmani.
  • 1885 – Jago témbak Amérika,Annie Oakley diséwa ku Nate Salsbury pikeun jadi anggota rombonganWild WestBuffalo Bill.
  • 1888 – Pausahaan EastmanKodak diadegkeun ku George Eastman.
  • 1895 – Joshua Slocum, jalma munggaran nu balayar ngulilingan dunya sosoranganan, mimiti miang tiBoston,Massachusetts, tunggang parahu layarana, "Spray".
  • 1913Gedong Woolworth, gedong panyakar langit nu munggaran di Amérika dibuka di Kota New York.
  • 1914 – Ékspérimén Franck–Hertz, hiji pilar mékanik kuantum, dipidangkeun ka Masyarakat Fisika Jérman.
  • 1916Pangbarontakan Paskah: Pangbarontak Irlandia, dipingpin ku Patrick Pearse jeung James Connolly, mesatkeun hiji perlawanan diDublin ngalawan kakawasaan Inggris sarta ngaproklamirkeun Républik Irlandia.
  • 1916 – Ernest Shackleton katut lima jalma ti Ékspédisi Trans-Antartik ngirimkeun hiji parahu panyalamet ti Pulo Gajah nu taya pangeusina di Samudera Kidul pikeun nulungan kru kapalEndurance nu tilelep.
  • 1918Perang Dunia I: Tempur tank ngalawan tank nu munggaran, nalika Patempuran Villers-Bretonneux nu kadua. TiluMark IV nu Inggris patelak jeung tiluA7V Jérman.
  • 1926Perjangjian Bérlin ditaréken. Jérman jeung Soviét janji moal ilibiung lamun aya serangan ka nu lian ti pihak katilu salila lima taun kahareup.
  • 1944Perang Dunia II:SBS (pasukan parahu husus AL Inggris) dipesatkeun pikeun ngalawanan garnisun Santorini di Yunani.
  • 1953Winston Churchill diangkat satria kuRatu Elizabeth II.
  • 1955Konferénsi Bandung réngsé: dua puluh salapan nagara non blok di Asia jeung Afrika réngsé masamoan nu maido kana kolonialisme, rasisme jeung Perang Tiis sarta ngahasilkeunDasasila Bandung.
  • 1957Krisis Suéz:Terusan Suéz dibuka sabada didatangkeunna pasukan perdaméyanUNEF di wilayah éta.
  • 1965 – Perang sipil lumangsung diRépublik Dominika nalika Kolonél Fransisco Caamano ngarugrugkeun triumpirat nu geus ngawasa ti saprak kudéta ka Juan Bosch.
  • 1967 – Kosmonot Vladimir Komarov nemasing pati dina Soyuz 1 nalika parasutna teu kabuka. Manéhna mangrupa jalma munggaran nu maot dina misi ka luar angkasa.
  • 1970Gambia jadi nagara Républik dina sajeroeun Pasamakmuran sarta Dawda Jawara jadi présidén kahijina.
  • 1980 – Dalapan pagawé AS maot dinaOperasi Cakar Heulang nalika maranéhna nyoba ngeureunkeunkrisis panyanderaan Iran.
  • 1982 – Saratus lima puluh panganutKhomeini nyerang asrama siswa di Jérman Kulon.
  • 1990 – Pulo Gruinard, Skotlandia, sacara rasmi dinyatakeun bébas tina anthraks sabada diisolasi salila 48 taun.
  • 1993 – Hiji bomIRA ngancurkeun aréa Bishopsgate di London.
  • 1996 – Di Amérika Sarikat, Akte Antitérorisme jeung Hukuman Mati taun 1996 dijadikeun undang-undang.
  • 2004 – AS nyabut sanksi ka Libya nu geus diterapkeun salila 18 taun lilana, minangka hadiah pikeun karidoanna dina ngahapus pakarang pangancur massal.
  • 2005 – KardinalJoseph Ratzinger diistrénan minangka Paus Garéja Katolik ka-265 maké ngaranPaus Benediktus XVI.
  • 2011WikiLeaks mimiti medalkeun arsip-arsip bocoranTeluk Guantanamo.
  • 2013 – Wangunan Plaza Randa di Savar Upazila,Bangladésh rubuh, nelasan 1.129 jalma sarta nyideraan 2.500 lianna.
  • 2013 – Kaheurasan di wilayah Bachu, Préféktur Kashgar,Xinjiang, Cina, ngabalukarkeun maotna 21 jalma.
  • 2018 – Kasangka Juru Paténi Golden State,Joseph DeAngelo ditéwak sarta didakwa pikeun dalapan panelasan sabada katohian liwat situs jaringan généalogi.

Nu babar

[édit |édit sumber]

Nu pupus

[édit |édit sumber]

Poé peré / poé panginget-nginget

[édit |édit sumber]
  • Poé Révolusi Fésyen
  • Poé Dunia pikeun Sato Laboratorium
  • Poé Angkutan Nasional

Tumbu luar

[édit |édit sumber]
Bulan jeungpoé dinasataun
Januari
Pébruari
Maret
April
Méi
Juni
Juli
Agustus
Séptémber
Oktober
Nopémber
Désémber
Tanggal nu patali
Artikel ngeunaankalénderieu mangrupataratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggongalengkepan.
Dicomot ti "https://su.wikipedia.org/w/index.php?title=24_April&oldid=624090"
Kategori:

[8]ページ先頭

©2009-2025 Movatter.jp