Movatterモバイル変換


[0]ホーム

URL:


Lompat ke isi
WikipédiaÉnsiklopédi Bébas
Paluruh

23 Januari

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
<<Januari>>
AhSeSaReKeJuSa
1234
567891011
12131415161718
19202122232425
262728293031 
2025
Tanggal ieu dina sawatara taun panungtung
2019 |2018 |2017 |2016
Baca ogé:Kalénder kajadian

23 Januari nyaéta poé ka-23 dina sataun dinakalénder Gregorian, sésana 342 poé (343 dinataun kabisat).

Kajadian

[édit |édit sumber]
  • 971 – Ku cara ngagunakeunkrosbow, pasukanDinasti Song ngéléhkeun Korp Gajah PerangDinasti Han Kidul di Shao.
  • 1368Zhu Yuanzhang jadi pangawasaTionghoa ku gelar Kaisar Hongwu, ngamimitian kakawasaanDinasti Ming di Tionghoa nu bakal lumangsung salila tilu abad.
  • 1556 – Lini pangtohagana dina sajarah, narajang Provinsi Shaanxi di Tionghoa, korban maot kamungkinan nepi kana 830.000 jalma.
  • 1570 – James Stewart,Earl (ménak) ka-1 ti Moray, pibakaleun gaganti Raja Anom James VI tiSkotlandia, ditelasan ku bedil, hiji kajadian siga kitu nu munggaran kacatetkeun.
  • 1571The Royal Exchange (puseur padagangan) dibuka diLondon.
  • 1579 – Sarikat Utrecht ngadegkeun hiji républikProtéstan diWalanda.
  • 1789 – Universitas Georgetown diadegkeun di Georgetown, Maryland (kiwari bagéan ti Washington, D.C.).
  • 1849 – Elizabeth Blackwell jadi dokter awéwé munggaran di Amérika.
  • 1870 – Di Montana, pasukan kavaleri AS nelasan 173 urangIndian, lolobana awéwé jeung barudak, dina hiji kajadian nu kaceluk ku ngaran Pangbantéyan Marias.
  • 1879Perang Inggris - Zulu: Patempuran Rorke's Drift réngsé pikeun kameunangan Inggris.
  • 1899 – Konstitusi Malolos dirasmikeun, ngadegkeun Républik Philipina Kahiji. Emilio Aguinaldo dicokot sumpahna minangka présidén kahiji.
  • 1900Perang Boer Kadua: Patempuran Spion Kop antara pasukan Républik Afrika Kidul jeung Nagara Bébas Oranye ngalawan pasukan Inggris. Réngsé ku kaéléhanInggris.
  • 1904 – Kahuruan Ålesund: kota basisir Norwégia, Ålesund, ancur ku seuneu, ngaalatankeun ngungsina 10.000 jalma. Kaésar Wilhelm II ngabiayaan pikeun pangwangunan ulang kota éta maké gayaJugendstill.
  • 1912 – Konvénsi Opium Internasional ditarékeun diDen Haag.
  • 1920 – Walanda nolak nyérénkeun ka Sakutu raja nu kausir, Kaisar Wilhelm II ti Jérman.
  • 1942Perang Dunia II: Patempuran Rabaul lumangsung nalika Jepang nyerang wilayah Australia di Nugini.
  • 1943 – Perang Dunia II: Pasukan Basanjata Kadalapan Inggris ngarebutTripoli,Libya ti PasukanPanser Jérman-Italia.
  • 1945 – Perang Dunia II: Admiral Jérman Karl Dönitz mesatkeun Operasi Hannibal.
  • 1950Knesset mutuskeunYerusalem minangka puseur nagrinaIsraél.
  • 1957 – Tukang barang jieun Amérika, Walter Frederick Morrison ngajual hakna pikeun cakram hiber ka pausahaan cocooan Wham-O, nu tuluy nelah ku sebutan "Frisbee".
  • 1958 – Sabada hiji perlawanan umum jeung pakéwuh di jalan-jalan, Présidén Marcos Pérez JIménez ninggalkeunVénezuéla.
  • 1960 – Kapal selam ASTrieste mecahkeun rékor teuleum pangjerona ku ngerelep sajauh 10.911 meter (35.797 kaki) di Laut Pasifik.
  • 1961 – Kapal pangjalajah rajaponiPortugis,Santa Maria dibajo ku pihak lawan ti réjimEstado Novo ku niat pikeun ngabiayaan perang semet ka diktator António de Oliveira Salazar turun tahta.
  • 1963 – Perang KamerdékaanGuinea-Bissau sacara resmi dimimitian nalika pajoang gerilya PAIGC nyerang tentara Portugis nu ngumpul di Tite.
  • 1973 – Présidén ASRichard Nixon ngabéwarakeun yén hiji pasini daméy geus kahontal diViétnam.
  • 1986The Rock and Roll Hall of Fame nanjerkeun anggota-anggotana nu munggaran:Little Richard,Chuck Berry,James Brown,Ray Charles,Sam Cooke,Fats Domino,The Everly Brothers,Buddy Holly,Jerry Lee Lewis turElvis Presley.
  • 1991 – Stasion TV SwastaTPI ngadeg, kiwari ngaranna jadiMNCTV.
  • 1998Netscape ngabéwarakeunMozilla, nu tujuanna pikeun medalkeun kode Komunikator minangka sumber bébas.
  • 2001 – Lima jalma nyoba-nyoba ngaduruk manéh di Alun-Alun TiananmenBeijing, hiji kalakuan nu numutkeun jalma réa minangka jijieunan Partéy Komunis China pikeun ngajebakFalun Gong sarta ku kituna bisa ningkatkeun panekenanna.
  • 2002 – Jurnalis AS, Daniel Pearl diculik diKarachi,Pakistan sarta antukna ditelasan.
  • 2018 – Bom mobil ganda narajangBenghazi,Libya, nelasan saheunteuna 33 jalma sarta nyideraan "losinan" séjénna. Korban-korbanna kaasup personel militer jeung rahayat sipil, ceuk pajabat di dinya.

Nu babar

[édit |édit sumber]

Nu pupus

[édit |édit sumber]

Poé peré / poé panginget-nginget

[édit |édit sumber]

Tumbu luar

[édit |édit sumber]
Bulan jeungpoé dinasataun
Januari
Pébruari
Maret
April
Méi
Juni
Juli
Agustus
Séptémber
Oktober
Nopémber
Désémber
Tanggal nu patali
Artikel ngeunaankalénderieu mangrupataratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggongalengkepan.
Dicomot ti "https://su.wikipedia.org/w/index.php?title=23_Januari&oldid=606597"
Kategori:

[8]ページ先頭

©2009-2025 Movatter.jp