Movatterモバイル変換


[0]ホーム

URL:


Lompat ke isi
WikipédiaÉnsiklopédi Bébas
Paluruh

22 Nopémber

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
<<Nopémber>>
AhSeSaReKeJuSa
1
2345678
9101112131415
16171819202122
23242526272829
30 
2025
Tanggal ieu dina sawatara taun panungtung
2019 |2018 |2017 |2016
Baca ogé:Kalénder kajadian

22 Nopémber nyaéta poé ka-326 dina sataun (ka-327 dinataun kabisat) dinakalénder Gregorian, sésana 39 poé.

Kajadian

[édit |édit sumber]
  • 1718 - Di laut basisir Carolina Kalér, bajo laut Inggris Edward Teach (leuwih kawentar ku sebutan “Blackbeard”) nemasing pati dina patempuran ngalawan sakumpulan kapal angkatan laut karajaan nu dipingpin ku Létnan Robert Maynard.
  • 1808 - WewengkonLampung leupas tiKasultanan Banten.
  • 1873 - Kapal uap PerancisSS Ville du Havre tilelep 12 menit sanggeus diadu jeung kapal layar beusiLoch Earn diAtlantik, korban 226 jiwa.
  • 1943 -Lébanon merdéka tiPerancis.
  • 1963 - Présidén ASJohn F. Kennedy ditelasan sarta Gupérnur Téxas John Connally tatu parna kuLee Harvey Oswald,  nu ogé nelasan pulisi Dallas J. D. Tippit sabada ninggalkeun TKP. Wakil PrésidénLyndon B. Johnson tuluy jadi présidén AS ka-36, sabadana.
  • 1967 – Résolusi Déwan Kaamanan PBB no 242 diadopsi, ngadegkeun panduan négosiasi pikeun pangréngséan daméy Arab-Israél.
  • 1974Majelis Umum PBB méréPLO status pangawas.
  • 1986 -Mike Tyson nu umurna keur 20 taun kénéh neunggeul KOTrevor Berbick sakaligus ngajadikeunna juara tinju dunya kelas beurat pangorana.
  • 1987 – Dua statsiun télévisiChicago dibajo ku pangbajo nu teu kanyahoan nu make papakéan sigaMax Headroom.
  • 1989 - Bom diBéirut ngabeledug malastrakeunPrésidén LébanonRéné Moawad.
  • 1990 - PM InggrisMargaret Thatcher mundur tina pamilihan pamingpin Partéy Konservatif, mastikeun reureuhna dina kaperdanamentrian.
  • 1991 -Freddie Mercury nu geus sahoseun, nyaluk Jim Beach minangka manajerQueen ka imahna di Kensington,London, pikeun ngabahas panyataan publik.
  • 1994 – Sega Saturn dipedalkeun diJepang.
  • 1995Toy Story dipedalkeun minangka filem panjang munggaran nu sacara kasaluruhan dijieun make gambar hasil komputer (singk. InggrisCGI).
  • 1995 – Lini 7.3 Mw  Teluk Aqaba ngeundeuk-ngeundeuk Bobojong Sinai sarta wilayahArab Saudi kuinténsitas Mercalli maksimum VIII (Heuras), nelasan dalapan sarta natuan 30 jalama, ogé hijitsunami nu teu pati ngabahayakeun.
  • 2002 – DiNigeria, leuwih ti 100 jalma nemasing pati dina hiji serangan nu ditujukeun  ka pamilon pasinggiriMiss Word.
  • 2003 – Insidén pacobaan témbakanDHLBaghdad: Teu lila sanggeus leupas landas, hiji pasawat kargo Ekspres DHL ditarajang lebah jangjang kiwana ku hiji misil darat ka udara hingga kapaksa kudu ngadarat.
  • 2004 – Révolusi Oranye dimimitian diUkraina, hasil tina pamilihan présidén, nu dianggap pinuh ku kacurangan jeung intimidasi pamilih.
  • 2005 -Angéla Mérkel liwat koalisi sababaraha partéy meunang di Parlemén Féderal Jérman (Bundestag) sakaligus jadi kanselirJérman awéwé nu munggaran.
  • 2011 - PanutupanSEA Games 2011.
  • 2012 – Ngareureuhan témbakan di mimitian antaraHamas jeungIsraél diJalur Gaza sabada dalapan poé bitotama sarta korban maot 150 jalma.
  • 2015 – Longsor di Hpakant, Nagri Kachin, kaléreunMyanmar nelasan saheunteuna 116 jalma di sabudeureun tambanggiok, ditambah kurang leuwih 100 jalma teu katimu.

Nu babar

[édit |édit sumber]

Nu pupus

[édit |édit sumber]

Poé peré /poé panginget-nginget

[édit |édit sumber]

Tumbu luar

[édit |édit sumber]
Bulan jeungpoé dinasataun
Januari
Pébruari
Maret
April
Méi
Juni
Juli
Agustus
Séptémber
Oktober
Nopémber
Désémber
Tanggal nu patali
Artikel ngeunaankalénderieu mangrupataratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggongalengkepan.
Dicomot ti "https://su.wikipedia.org/w/index.php?title=22_Nopémber&oldid=604731"
Kategori:

[8]ページ先頭

©2009-2025 Movatter.jp