Movatterモバイル変換


[0]ホーム

URL:


Lompat ke isi
WikipédiaÉnsiklopédi Bébas
Paluruh

22 Méi

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
<<Méi>>
AhSeSaReKeJuSa
123
45678910
11121314151617
18192021222324
25262728293031
2025
Tanggal ieu dina sawatara taun panungtung
2019 |2018 |2017 |2016
Baca ogé:Kalénder kajadian

22 Méi nyaéta poé ka-142 dina sataun (ka-143 dinataun kabisat) dinakalénder Gregorian, sésana 223 poé.

Kajadian

[édit |édit sumber]
  • 760 – LiliwatanKomét Halley nu kaopat welas kalina nu kungsi kacatetkeun
  • 1176 – UrangHasasin gagal nelasan Solehuddin di deukeut Aleppo.
  • 1200 – Raja John ti Inggris jeung Raja Philip ti Perancis narékenPerjangjian Le Goulet.
  • 1455 – Awal tinaPerang Mawar: Dina Patempuran St. Albans Kahiji, Richard,Duke York, ngéléhkeun sarta nawan Raja Henry VI ti Inggris.
  • 1520 – Pangbantéyan dina hajatan Toxcati lumangsung nalika rubuhna Tenochtitlan, ngakibatkeun maliknaSuku Aztek ngalawanan ka Spanyol.
  • 1629 – Kaésar Romawi Suci Ferdinand II jeung Raja Dénmark Christian IV néken Perjangjian Lübeck mungkas ilibiungna Dénmark dinaPerang Tilu Puluh Taun.
  • 1762 – Swédia jeung Prusia nékenPerjangjian Hamburg.
  • 1762Cimancur Trevi réngsé diwangun sarta dirasmikeun di Romawi.
  • 1804Ékspédisi Lewis jeung Clark sacara rasmi dimimitian nalika Korp Panimuan miang ti St. Charles, Missouri.
  • 1809 – Dina poé kadua tur pamungkas dinaPatempuran Asper-Essling (di deukeutWina, Austria),Napoléon I diusir ku pasukan musuhna dina kali kahijina.
  • 1819SS Savannah miang tiSavannah,Georgia, AS, minangka lalampahan munggaran hijikapal uap meuntasSamudera Atlantik.
  • 1849 – Pibakaleun présidén AS,Abraham Lincoln ngaluarkeun patén pikeun panimuanlift boat (kapal jungjung), ngajadikeun dirina minangka hiji-hijina présidén AS nu kungsi ngabogaan patén.
  • 1863Perang Sipil Amérika: PasukanUnion ngamimitianPangepungan Hudson nu lumangsung salila 48 poé, panglila-lilana pangepungan dina sajarah militer AS.
  • 1872 – PrésidénUlysses S. Grant ngasahkeun Akte Amnesti, mulangkeun hak-hak sipil jeung pulitik pinuh ka sakabéh urangKonfedérasi kajaba 500 urang simpatisan.
  • 1900Associated Press diadegkeun diKota New York minangka pausaahan warta nu teu nyokot kauntungan.
  • 1906Wright sadulur meunangkeun patén pikeun “Mesin Hiber”.
  • 1915Puncak Lassen bitu tohaga, hiji-hijina gunung api nu bitu di AS di abad 20 sajaba tiSt. Helena.
  • 1927 – Di deukeut Xining, Tionghoa, lini 8,3 Mw narajang, ngakibatkeun 200.000 urang palastra, salah sahiji lini pangarusakna di dunya.
  • 1939Perang Dunia II: Jérman jeung Italia nékenPakta Waja.
  • 1942 – Méksiko ngiluan dina Perang Dunia II, gabung ka kakuatanSakutu.
  • 1960 – Lini Tohaga Chili, kaitung nepi ka 9.5 mw, mangrupa lini panggedé-gedéna di dunia nu kungsi kacatetkeun.
  • 1967 – Mesir nutupSelat Tiran pikeun kapal-kapal dagang Israél.
  • 1968 – Kapal selam tanaga nuklir AS,Scorpion, tilem bareng jeung 99 jalma sajeroeunna, 400 mil ti kidul kulon Azores.
  • 1972 – Sélong ngadopsi konstitusi anyar, jadi hiji républik sarta ngaganti ngaranna jadi Sri Langka jeung ngagabung kanaNagara-Nagara Pasamakmuran.
  • 1977 – Jadwal pamungkas Éropa pikeunOrient Express (sabada 94 taun).
  • 1990 – Yaman Kalér jeung Kidul ngahiji jadi Républik Yaman.
  • 1992 – Bosnia jeung Hérzegowina, Kroasia jeung Sérbia asup kaPBB.
  • 2000 – Di Sri Langka, leuwih ti 150 pangbarontak Tamil ditelasan dina dua poé patempuran ngarebutkeun Jaffna.
  • 2002 – Juri di Birmingham, Alabama, ngadakwa manten anggotaKu Klux Klan, Bobby Frank Cherry pikeun panelasan opat wanita di taun 1963 dina pangeboman di Jalan Garéja Baptis.
  • 2010 – Pasawat Boeing 737Air India Express murag kana lamping nalika rék ngadarat diMangalore, India, nelasan 158 tina 166 jalma sajeroeunna, minangka musibah muragna Boeing 737 pangpaarahna.
  • 2010 – Waruga astronom Polandia,Nicolaus Copernicus, dikuburkeun deui di Katédral Frombork, Polandia, sabada kuburan ditéangan salila 200 taun.
  • 2011 – Tornado EF5 narajang Joplin, Missouri, nelasan 158 jalma sarta ngajieun karusakan saharga $2,8 milyar.
  • 2012 – GedongSkytree Tokyo dibuka pikeun umum. Mangrupakeun pangjakungna munara di dunia (634 m) sarta struktur buatan jalma pangjangkungna kadua sabadaBurj Khalifa (829,8 m).
  • 2014 – Jéndral Prayut Chan-o-cha jadi pamingpin sawatara Thailand sabada hiji kudéta militer, tutuluyan tina kakacoan pulitik salila genep bulan.
  • 2014 – Hiji beledugan lumangsung di Ürümqi, puseur wilayah kulon jauhXinjiang, ngakibatkeun saheunteuna 43 jalma palastra sarta 91 lianna tatu.
  • 2015 – Républik Irlandia jadi nagara munggaran nu ngameunangkeun kawin antargay ngaliwatan hiji réferéndum umum.
  • 2017 – Dua puluh dua jalma perlaya dina pangeboman di KonsérAriana Grande di Arena Manchester.
  • 2017 – Présidén ASDonald Trump nganjang ka Garéja Suci Sepulchre diYerusalem sarta jadi présidén AS nu munggaran nu ngadatanganTémbok Kulon.
  • 2019 – Majelis Umum PBB ngayakeun pamilihan hiji mosi nu ngutuk kana pangdiukan Inggris kaKapuloan Chagos di Samudera India sarta sakuduna diasupkeun kaMauritius.

Nu babar

[édit |édit sumber]

Nu pupus

[édit |édit sumber]

Poé peré / poé panginget-nginget

[édit |édit sumber]
  • Poé Gotik Dunia
  • Poé Internasional pikeun Kamangrupaan Biologis

Tumbu luar

[édit |édit sumber]
Bulan jeungpoé dinasataun
Januari
Pébruari
Maret
April
Méi
Juni
Juli
Agustus
Séptémber
Oktober
Nopémber
Désémber
Tanggal nu patali
Artikel ngeunaankalénderieu mangrupataratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggongalengkepan.
Dicomot ti "https://su.wikipedia.org/w/index.php?title=22_Méi&oldid=624088"
Kategori:

[8]ページ先頭

©2009-2025 Movatter.jp