Movatterモバイル変換


[0]ホーム

URL:


Lompat ke isi
WikipédiaÉnsiklopédi Bébas
Paluruh

21 Nopémber

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
<<Nopémber>>
AhSeSaReKeJuSa
1
2345678
9101112131415
16171819202122
23242526272829
30 
2025
Tanggal ieu dina sawatara taun panungtung
2019 |2018 |2017 |2016
Baca ogé:Kalénder kajadian

21 Nopémber nyaéta poé ka-325 dina sataun (ka-326 dinataun kabisat) dinakalénder Gregorian, sésana 40 poé.

Kajadian

[édit |édit sumber]
  • 164 SM – Judas Maccabeus, anak Mattathias ti kulawarga Hasmonean, ngawangun ulang Kuil diYérusalem. Kajadian ieu tiap taunna bakal dipieling ku féstivalHanukah.
  • 1386Timur tiSamarkan ngarebutTbilisi, puseur nagriGéorgia, sarta nawan Raja Bagrav V ti Géorgia.
  • 1676 – AstronomDénmark Ole Rømer medalkeun itungan kuantitatif munggaran tina kacepetan cahaya.
  • 1783 – DiParis, Jean-François Pilâtre de Rozier jeung François Laurent d'Arlandes, ngapung munggaran make balon udara nu teu dicangcang.
  • 1877Thomas Edison ngabéwarakeun panimuanphonograph-na, hiji mesin nu bisa ngarékam jeung maénkeun sora.
  • 1894 – Port Arthur,China karebut kuJepang, hiji kameunangan penting dina Perang Sino-Jepang munggaran; pasukan Jepang dituduh geus ngabantéy sésa-sésa pangeusi benténg.
  • 1905 – Karya tulisAlbert Einstein nu nungtun kana rumus sasaruaan massa-énergi, E=mc², dipedalkeun di jurnalAnnalen der Physik.
  • 1916 – Ranjau laut SM U-73 ngalelepkeunHMHS Britannic, panggedé-gedéna kapal nu ancur diPerang Dunia I.
  • 1918 – A panelasan karencanakeun lumangsung di Lwów (kiwari Lviv); dina tilu poé, saheunteuna 50Yahudi jeung 270KristenUkraina ditelasan ku urangPolandia.
  • 1920 – Perang kamerdékaanIrlandia: DiDublin, 31 jalma dipaténi dina hiji kajadian nu katelah “Minggu Getih”.
  • 1927 – Pangbantéan Tambang Kolumbin: pagawé tambang nu marungpang diangkeuh diserang make sanjata mesin ku hiji détasemen polisi nagara nu maraké baju sipil, di Serene,Colorado,AS.
  • 1944Perang Dunia II:Kapal selam Amérika,USS Sealion ngelebuhkeun kapal perang Jepang, Kongo jeung kapal parusak Urakaze diSelat Formosa.
  • 1961 –"La Ronde" dibuka diHonolulu, réstoran muter munggaran diAmérika Sarikat.
  • 1962China nyatakeun ngareureuhan témbakan sacara sapihak dina Perang Sino-India.
  • 1964 – Jambatan Verrazano-Narrows dibuka pikeun lalu lintas jalan. Mangrupakeun jambatan pangpanjangna mangsa harita.
  • 1969 – Présidén ASRichard Nixon jeung PM JepangEisaku Satō satuju kana dibalikeunna deuiOkinawa kana kakawasaanJepang di taun 1972. AS tetep mibogaan hak pikeun markas militer di éta pulo, ku syarat kudu bébasnuklir.
  • 1969 – TumbuARPANET munggaran diwangun antara UCLA jeung SRI.
  • 1970Perang Viétnam: Operasi Pantéy Gading: Pasukan gabungan AU jeung tentara AS nyerang kémp tahanan perang Sơn Tây dina usaha ngabébaskeun tawanan Amérika nu diangkeuh ditahan di dinya.
  • 1971 – PasukanIndia, dibantuan ku Mukti Bahini (gerilyawanBengal), ngéléhkeun pasukanPakistan dina Patempuran Garibpur.
  • 1974 – Pengeboman di pubBirmingham nelasan 21 jalma. Birmingham Genep (istilah nu tuluy nelah pikeun genep urangIrlandia nu katideresa) dihukum panjara pikeun kajahatan éta, tapi antukna dibébaskeun.
  • 1979 – Kadutaan AS diIslamabad,Pakistan, diserang ku sagorombolan jalma sarta tuluy dibeuleum, nelasan opat urang.
  • 1980 – Kahuruan lumangsung di Grand Hotel MGM di Paradise,Nevada (kiwari Bally’s Las Vegas). Dalapan puluh tujuh jalma palestra sarta leuwih ti 650 cidera dina pangparah-parahna bencana dina sajarah Nevada.
  • 1985 – Analis intelején Angkatan Laut AS, Jonathan Pollard ditahan alatan jadi mata-mata, sanggeus kapergo mikeun kaIsraél informasi rahasia ngeunaan bangsa Arab. Satuluyna manéhna dihukum panjara saumur hirup.
  • 1995Pasatujuan Dayton dimimitian di Markas Angkatan Udara Wright-Patterson, deukeut Dayton,Ohio, ngaréngsékeun  perang 3,5 taun diBosnia Herzegowina.
  • 2002NATO ngundangBulgaria,Éstonia,Latvia,Lithuania,Romania,Slovakia jeungSlovénia pikeun jaradi anggota.
  • 2004Paris Club satuju pikeun ngahapus 80% (kurang leuwih $100 milyar) hutang luar negeriIrak.
  • 2006 – PolitisiLibanon Anti-Syria, ogé menteri pamaréntah, Pierre Gemayel ditelasan di pasisianBéirut.
  • 2009 – Hiji tambang ngajelegur di Heilongjiang,China nelasan 108.
  • 2013 – Lima puluh opat jalma palastra nalika suhunan pusat patokoan rubuh di Riga, Latvia.
  • 2014 – Kaributan di Kwekwe,Zimbabwé nu dialatankeun ku témbakan gas cipanon pulisi niwaskeun saheunteuna sawelas jalma sarta natuan 40 séjénna.
  • 2017Robert Mugabe sacara resmi eureun salaku présidén Zimbabwé, sabada tilu puluh tujuh taun nyekel jabatan.

Nu babar

[édit |édit sumber]

Nu pupus

[édit |édit sumber]
  • 2006 – Pierre Amine Gemayel, politisi Libanon (l. 1972)

Poé peré / poé panginget-nginget

[édit |édit sumber]

Tumbu luar

[édit |édit sumber]
Bulan jeungpoé dinasataun
Januari
Pébruari
Maret
April
Méi
Juni
Juli
Agustus
Séptémber
Oktober
Nopémber
Désémber
Tanggal nu patali
Artikel ngeunaankalénderieu mangrupataratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggongalengkepan.
Dicomot ti "https://su.wikipedia.org/w/index.php?title=21_Nopémber&oldid=604725"
Kategori:

[8]ページ先頭

©2009-2025 Movatter.jp