21 Désémber nyaéta poé ka-355 dina sataun (ka-356 dinataun kabisat) dinakalénder Gregorian, sésana 10 poé.
Di bumi béh kalér tanggal 21 Désémber biasana mangrupa poé pangpondokna, sarta kadang dianggap awal usum tiis. Di bumi béh kidul tanggal 21 Désémber biasana mangrupa poé pangpanjangna, sarta kadang dianggap awal usum panas.
- 1361 – Patempuran Linuesa lumangsung dina mangsaReconquista (mangsa kakhalifahan Umayyah) Spanyol atara pasukan Émirat Granada ngalawan gabungan pasukan Karajaan Kastile jeung Jaén, dimeunangkeun ku urang Kastile.
- 1598 – Patempuran Curalaba: Kabangkitan Indian Mapuche pingpinancacique (katua suku) Pelentaru, ngabalukarkeun pasukanSpanyol nandangan bobor karahayuan nu tohaga diChili.
- 1832 – Perang Mesir - Turki Ustmani: PasukanMesir sacara mutlak ngéléhkeun pasukanTurki Ustmani dina Patempuran Konya.
- 1844 – Pionir Pamangrataan Masarakat Rochdale ngamimitian niaga dinakoperasi di Rochdale,Inggris, minangka awal pagerakan Koperasi.
- 1907 – Tentara Chili ngalakukeun pangbantéan ka saheunteuna 2.000 tukang uyah nu nyarerang di Iquique, Chili.
- 1910 – Beledugan di sahandapeun taneuh di tambang batu baraHulton Bank Colliery Liang ka-3, di Westhougton, Inggris, nelasan 344 panambang.
- 1913 – "Tarucing cakra" Arthur Wynne, nu mangrupa tarucing cakra nu munggaran, dipedalkeun dina koranTheNew York World.
- 1923 –Karajaan Inggris jeungNepal sacara resmi nanda tangan kapaheutan sosobatan, nu nelah ku Pasini Nepal-Inggris 1923, nu ngunggulan Pasini Sugauli nu ditéken di taun 1816.
- 1937 –Snow White and the Seven Dwarfs (Putri Salju jeung Tujuh Kurcaci), pintonan filem kartun nu munggaran di dunia, tayang perdana di Téater Carthay Circle.
- 1941 –Perang Dunia II: Pasini resmi pasakutuanThailand jeungJepang ditanda tangan di hareupeun Patung Zamrud Budha di Kelenténg Wat Phra Kaew, Thailand.
- 1946 – Lini 8,1 Mw sarta tsunami awal di Nankaido, Jepang, nelasan leuwih ti 1.300 jalma sarta ngancurkeun 38.000 imah.
- 1963 – "Natal Badarah" dimimitian diSiprus, pamustunganna ngabalukarkeun ngungsina 25.000 -30.000 urang Turki Siprus sarta pangancuran 100 désa.
- 1965 – Konvénsi Internasional Panghapusan Sagala Rupa Diskriminasi Rasial diadopsi.
- 1967 – Louis Washkansky, jalma munggaran nu nampa transplantasi jantung, maot di Cape Town,Afrika Kidul, sabada hirup salila 18 poé ti saprak transplantasi.
- 1988 – Bom ngajelegur dina Pasawat Pan Am 103 saluhureun Lockerbie, Dumfries jeung Galloway,Skotlandia, nelasan 270 jalma. Nepi ka kiwari mangrupa bancang pakéwuh pangmautna nu kungsi kajadian di wilayah Karajaan Inggris.
- 1988 – Ngapung munggaran pasawat Antonov An-225 Mriya beunang Uni Soviét, pangedé-gedéna pasawat udara di dunia.
- 1992 – PasawatWalanda, DC-10, murag di Bandara Faro, nelasan 56 jalma.
- 1995 – KotaBétléhém disérénkeun tiIsraél kaPalestina.
- 1999 – Pangawal Sipil Spanyol ngahadang hiji mobil van nu dieusi ku 950 kg bahan bom nu tadina kuETA rék dipake ngancurkeun Gedong Torre Picasso diMadrid,Spanyol.
- 1999 – PasawatCubana de Aviación 1216 kaluar ti landasan di Bandara Internasional La Aurora, nelasan 18 jalma.
- 2004 –Perang Irak: Pangebom maéhan manéh nelasan 22 jalma di markas operasi serangan sabeulaheun landasan udara militer utama AS di Mosul Irak, mangrupa serangan maéhan manéh sosoranganan pangmautna ka soldadu Amérika.
- 1918 –Kurt Waldheim, sekjén PBB kaopat, présidén Austria kasalapan (td. 2007)
- 1937 –Jane Fonda, artis Amérika
- 1940 –Frank Zappa, musisi Amérika (td. 1993)
- 1942 –Hu Jintao, présidén Tionghoa kagenep
- 1948 –Samuel L. Jackson, aktor Amérika
- 1954 –Chris Evert, pamaén ténes Amérika
- 1955 – Jane Kaczmarek, artis Amérika
- 1957 – Ray Romano, aktor Amérika
- 1966 –Kiefer Sutherland, aktor Inggris-Kanada
- 1973 –Matías Almeyda, pamaén bola Argéntina
- 1977 –Emmanul Macron, présidén Perancis
- 1983 – Steven Yeun, aktor Amérika
2014 –Sitor Situmorang, sastrawan Indonésia (l. 1923)
 | Artikel ngeunaankalénderieu mangrupataratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggongalengkepan. |