Movatterモバイル変換


[0]ホーム

URL:


Lompat ke isi
WikipédiaÉnsiklopédi Bébas
Paluruh

20 Méi

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
<<Méi>>
AhSeSaReKeJuSa
123
45678910
11121314151617
18192021222324
25262728293031
2025
Tanggal ieu dina sawatara taun panungtung
2019 |2018 |2017 |2016
Baca ogé:Kalénder kajadian

20 Méi nyaéta poé ka-140 dina sataun (ka-141 dinataun kabisat) dinakalénder Gregorian, sésana 225 poé.

Kajadian

[édit |édit sumber]
  • 1293 – Raja Sancho IV ti Kastile ngadegkeunEstudio de Escuelas de Generales (hiji universitas panalitian) diAlcalá de Henares (ka asup wilayah Madrid).
  • 1498 – Pangjajah Portugis,Vasco da Gama, manggihan rute laut ka India wanci manéhna nepi ka Kozhikode (Kalikut), India.
  • 1570 – Kartographer Abraham Ortelius medalkeunTheatrum Orbis Terrarum,atlas modérn nu munggaran.
  • 1609 – SonetaShakespeare munggaran dipedalkeun di London, meureun sacara illegal, ku juru cétak Thomas Thorpe.
  • 1631 – Kota Magdeburg di Jérman dikepung ku pasukan Karajaan Romawi Suci sarta loba pangeusina ditandasa dina hiji kajadian pangbantéyan pang pinuh getihna dinaPerang Tilu Puluh Taun.
  • 1813Napoleon Bonaparte mingpin tentara Perancisna ka Patempuran Bautzen diSakson, Jérman, ngalawanan pasukan gabungan Rusia jeung Prusia. Réngsé poé isukna pikeun kameunangan Perancis.
  • 1873Levi Strauss jeung Jacob Davis narampa patén AS pikeunblue jeans nu make ripét tambaga.
  • 1875 – PanandatangananKonvénsi Méter ku 17 nagara nungtun kana diadegkeunnaSistém Interanasional Unit.
  • 1882Aliansi Tilu antara Karajaan Jérman, Austria-Hongaria jeung Karajaan Italia diwangun.
  • 1883Gunung Krakatau mimiti bitu; sabada tilu bulan ti harita korban jiwa nepi ka leuwih ti 36.000 urang.
  • 1891 – Pamintonan munggaran tina prototypekinetoskop-naThomas Alva Edison.
  • 1908 –Dr. Soetomo saparakanca ngadegkeun Budi Utomo hiji organisasi pamuda Indonésia di jaman pangjajahan. Kiwari tanggal ieu dipiinget minangka Poé Kabangkitan Nasional.
  • 1902 – Kuba meunangkeun kamerdékaanna ti Amérika Sarikat, Tomás Estrada Palma jadi présidén kahiji nagara éta.
  • 1927Perjangjian Jéddah: Karajaan Inggris ngaku kana kadaulatanRaja Ibnu Saud tiKarajaan Hijaz jeung Najd, nu jagana ngagabung jadi Karajaan Arab Saudi.
  • 1932Amelia Earhart ninggalkeun Newfoundland dina lalampahanna pikeun jadi wanita munggaran nu ngapung sosoranganan teu reureuh meuntasAtlantik.
  • 1941Perang Dunia II:Patempuran Krete: Pasukan parasut Jérman nyerangKrete.
  • 1948 – JéndralChiang Kai-shek meunangkeun pamilihan présidén taun 1948 sarta disumpah minangka Présidén Cina diNanjing.
  • 1949 – Di Amérika Sarikat, Agénsi Kaamanan Pasukan Basanjata, pijadieunNSA, diadegkeun.
  • 1956 – Dina Operasi Redwing, bom hidrogén dipuragkeun di saluhureunAtol Bikini di Samudera Pasifik.
  • 1964 – Panimuan radiasi kasang tukang galura mikro kosmik ku Roberrt Woodrow Wilson jeung Arno Penzias.
  • 1969Patempuran Pasir Hamburger di VIétnam, lekasan.
  • 1983 – Béja munggaran tina panimuan virusHIV nu ngabalukarkeunAIDS dina jurnalScience ku Luc Montagnier.
  • 1983 – Hij bom mobil nu dipasang ku Umkhonto we Sizwe ngabeledug di Jalan Garéja di Ibu Kota Afirka Kidul, Pretoria, nelasan 19 jalma sarta nyideraan 217 lianna.
  • 2002 – Kamerdékaan Timor Wétan diaku ku Portugal, sacara rasmi ngeureunan pamaréntahan Indonésia salila 23 taun sarta tilu taun mangsa administrasiPBB (Portugal sorangan baheulana kungsi ngajajah Timor Wétan nepi ka taun 1976).
  • 2012 – Dua puluh tujuh jalma palastra sarta 50 lianna cidera nalika gempa 6,0 mw narajang Italia kalér.
  • 2013 – Hiji tornado EF5 narajang pasisian KotaOklahoma, Moore, nelasan 24 jalma sarta nyideraan 377 lianna.
  • 2013 – Saratus tilu puluh tilu jalma palastra sarta 283 lianna ciidera dina tutuluyan galura kaheurasan di Irak.
  • 2015 – Lima bank utama dunia (JPMorgan,Barclays,Citigroup, RBS jeung UBS) didenda AS$5,7 milyar alatan ngamanipulasi pasar.
  • 2019Sistém Unit Internasional (SI): Unit-unit dasar dipuguhkeun deui, ngajadikeun prototipe internasional kilogram tinggaleun.
  • 2019 –Google ngareureuhkeun dukunganna kanasistém AndroidHuawei alatan ningkatna perang téhnologi antara AS jeung Tionghoa.

Nu babar

[édit |édit sumber]

Nu pupus

[édit |édit sumber]

Poé peré / poé panginget-nginget

[édit |édit sumber]
  • Poé Kabangkitan Nasional (Indonésia)
  • Poé Dokter Indonésia
  • Poé Nyiruan Dunia
  • Poé Méteréologi Dunia
  • Poé Tepung Taun Kodam III Siliwangi

Tumbu luar

[édit |édit sumber]
Bulan jeungpoé dinasataun
Januari
Pébruari
Maret
April
Méi
Juni
Juli
Agustus
Séptémber
Oktober
Nopémber
Désémber
Tanggal nu patali
Artikel ngeunaankalénderieu mangrupataratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggongalengkepan.
Dicomot ti "https://su.wikipedia.org/w/index.php?title=20_Méi&oldid=614409"
Kategori:

[8]ページ先頭

©2009-2025 Movatter.jp