Movatterモバイル変換


[0]ホーム

URL:


Lompat ke isi
WikipédiaÉnsiklopédi Bébas
Paluruh

1 Méi

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
<<Méi>>
AhSeSaReKeJuSa
123
45678910
11121314151617
18192021222324
25262728293031
2025
Tanggal ieu dina sawatara taun panungtung
2019 |2018 |2017 |2016
Baca ogé:Kalénder kajadian

1 Méi nyaéta poé ka-121 dina sataun (ka-122 dinataun kabisat) dinakalénder Gregorian, sésana 244 poé.

Kajadian

[édit |édit sumber]
  • 1707 – Akte Pangahijian nu ngagabungkeun Inggris jeung Skotlandia pikeun ngadegkeunKarajaan Inggris Raya mimiti lumaku.
  • 1753 – Publikasi bukuSpecies Plantarum beunangLinnaeus, sarta tanggal rasmi diadopsinataksonomi tutuwuhan ku Kode Internasional Nomenklatur Botani.
  • 1776 – PangadeganIlluminasi di Ingolstadt, Bavaria Tonggoh, ku guruJesuit, Adam Weishaupt.
  • 1794Perang Pyrenees: Patempuran Boulou lekasan, Perancis ngéléhkeun Spanyol sarta meunangkeun deui ampir kabéh wilayah nu leupas ka Spanyol di taun 1793.
  • 1840Penny Hideung,prangko rapet munggaran nu rasmi, dikaluarkeun ku Karajaan Inggris.
  • 1865 – Karajaan Brasil, Argéntina jeung Uruguay néken Perjangjian Tilu Aliansi.
  • 1886 – Pawéi lumangsung di sakuliah AS nungtut kana waktu gawé dalapan jam sapoé, muncak kana insidén Haymarket di Chicago, dina raraga miélingna, tanggal 1 Méi direuah-reuah minangkaPoé Pagawé/Buruh Internasional di réa nagara.
  • 1898Perang Spanyol-Amérika: Patempuran Basisir Manila: Skuadron Asia Angkatan Laut AS ngancurkeun Skuadron Pasifik Angkatan Laut Spanyol.
  • 1900 – Musibah di Tambang Scofield, di Scofield,Utah, nelasan leuwih ti 200 jalma, mangrupa kacilakaan tambang pangparahna kalima dina sajarah AS.
  • 1925 – Féderasi Sarikat Dagang Sa-Cina sacara rasmi diadegkeun. Kiwari mangrupa panggedé-gedéna sarikat dagang di dunya, ku jumlah anggota 134 juta urang.
  • 1929 – Lini 7,2 Mw Kopet Dag narajang wilayah wates Iran-Turkmenistan, nelasan nepi ka 3.800 urang sata nyideraan 1.121 lianna.
  • 1939Batman munggaran dipidangkeun dinaDetective Comics #27
  • 1944Perang Dunia II: Dua ratus urang tahanan Komunis ditémbak ku urang Jérman di Kaisariani, Athéna, dina raraga males pati maotna Jénderal Franz Krech ku para partisan di Molaoi.
  • 1945 – Perang Dunia II: Kira-kira sarébu urang warga Demmin di Jérman maraéhan manéh sabada arasupna Tentara Beureum Soviét.
  • 1946 – Dimimitianna serangan tilu taun Pilbara ka pribumi Australia.
  • 1946Konferénsi Daméy Paris muguhkeun yénKapuloan Dodecanes kudu dipulangkeun ku Italia ka Yunani.
  • 1956 – Saurang dokter di Jepang ngalaporkeun “épidemik hiji panyakit sistem sarap pusat nu can kanyahoan”, nandaan panimuan rasmi kanapanyakit Minamata.
  • 1957 – Tilu puluh genep maraot nalika pasawatVickers Viking murag diHampshire, Inggris.
  • 1960Perang Tiis: Insidén U-2: Francis Gary Powers, sajeroeun pasawat mata-mataLockheed U-2, ditémbak murag di saluhureun Propinsi Sverdlovs, Uni Soviét, nu ngakibatkeun krisis diplomatik.
  • 1961 – PM Kuba,Fidel Castro, nyatakeun yén Kuba minangka nagri sosialis sarta ngahapus pamilu.
  • 1967Elvis Presley jeungPriscilla Beaulieu ngadahup diLas Vegas.
  • 1977 – Tilu puluh genep jalma palastra dina pareuah-reuahan Poé Buruh di Alun-Alun Taksim, Istambul.
  • 1978Naomi Uemura ti Jepang, lumampah nunggang karéta luncur anjing, jadi jalma munggaran nu nepi kaKutub Kalér sosoranganan.
  • 1993 – Dingiri Banda Wijetunga otomatis jadi présidén Sri Langka sabada maotna R Premadasa alatan bomLTTE.
  • 1994 – Juara Dunia tilu kaliFormula Hiji,Ayrton Senna, nemasing pati dina hiji kacilkaan nalika keur mingpin dina balapGand Prix San Marino diImola.
  • 1999 – Jasad pandaki gunung Inggris, George Mallory katimu diGunung Everest, 75 taun ti saprak dirina leungit di taun 1924.
  • 1999SpongeBob SquarePants nu munggaran diNickelodeon.
  • 2001 – Présiden PhilipinaGloria Macapagal Arroyo nyatakeun kajadian “pangbarontakan”, sababaraha jam sabada pangrojong pamingpin ti heula nu keur ditahan,Joseph Estrada, nyerang ka istana présidén dina kajadian puncak pangbarontakan EDSA III.
  • 2003 – Serangan ka Irak: Dina kajadian nu katelah ku pidato “Tugas Réngsé”, dina saluhureun kapalAbraham Lincoln (di leupas basisir California), Présidén ASGeorge W. Bush, nyatakeun yén “patempuran utama di Irak geus lekasan”.
  • 2004 – Siprus, Républik Céko, Éstonia, Hongaria, Latvia, Malta, Polandia, Slovakia jeung Slovénia ngagabung kaUni Éropa, dirayakeun di padumukan Présidén Irlandia di Dublin.
  • 2018 – PanyerangLiverpool asal Mesir,Mohamed Salah jadi urang Afrika munggaran nu meunangkeun panghargaanPamaén Bola Inggris Taun Ieu vérsi para panulis ménbal.
  • 2019 – Genep belas soldadu India kaasup supirna maraot alatan serangan ranjau Naxalite di Distrik Gadchiroli, India.  
  • 2019 –Naruhito sacara rasmi ngagantikeun bapana,Akihito, minangka Kaésar Jepang.
  • 2019 –Julian Assange, nu ngilu ngadegkeunWikileaks, dihukum panjara 50 minggu alatan ngalanggar syarat jaminan di London.

Nu babar

[édit |édit sumber]

Nu pupus

[édit |édit sumber]

Poé peré / poé panginget-nginget

[édit |édit sumber]
  • Poé Buruh/Pagawé Internasional

Tumbu luar

[édit |édit sumber]
Bulan jeungpoé dinasataun
Januari
Pébruari
Maret
April
Méi
Juni
Juli
Agustus
Séptémber
Oktober
Nopémber
Désémber
Tanggal nu patali
Artikel ngeunaankalénderieu mangrupataratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggongalengkepan.
Dicomot ti "https://su.wikipedia.org/w/index.php?title=1_Méi&oldid=624080"
Kategori:

[8]ページ先頭

©2009-2025 Movatter.jp