Movatterモバイル変換


[0]ホーム

URL:


Lompat ke isi
WikipédiaÉnsiklopédi Bébas
Paluruh

19 Januari

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
<<Januari>>
AhSeSaReKeJuSa
1234
567891011
12131415161718
19202122232425
262728293031 
2025
Tanggal ieu dina sawatara taun panungtung
2019 |2018 |2017 |2016
Baca ogé:Kalénder kajadian

19 Januari nyaéta poé ka-19 dina sataun dinakalénder Gregorian, sésana 346 poé (347 dinataun kabisat).

Kajadian

[édit |édit sumber]
  • 1419Perang Saratus Taun: Rouen nyerah ka Henry V tiInggris, nganggeuskeun panalukan deui Inggris kaNormandia.
  • 1817 – Pasukan nu diwangun ku 5.423 soldadu, dipingpin kuJénderal José de San Martín, meuntasPagunungan Andes tiArgéntina pikeun ngabébaskeunChili sarta tuluyPéru.
  • 1839Pausahaan Dagang India Wétan Inggris, ngarebutAden.
  • 1871Perang Perancis-Prusia: Dina pangepungan Paris, Prusia meunangkeun Patempuran St. Quentin. Sedeng usaha Perancis pikeun kaluar tina pangepungan dina Patempuran Buzenval gagal dina poé isukna.
  • 1883 – Sistém panyaanganlistrik nu maké kabél di luhur, beunangThomas Édison, mimiti jalan di Roselle,New Jersey.
  • 1915Georges Claude maténkeun néon tabung sangkan bisa dimangfaatkeun dina iklan.
  • 1915 – Dina Perang Dunia I, kapalzeppelinJérman ngaboman kota Great Yarmouth jeung King's lynn diKarajaan Inggris, nelasan saheunteuna 20 jalma, minangka pangeboman ti awang-awang ka targét sipil nu munggaran.
  • 1917 – Beledugan Silvertown: Hiji jeleguran pabrik mésiu diLondon nelasan 73 jalma sarta ngabalukarkeun leuwih ti 400 lianna tatu. Seuneu nu dihasilkeunna ngakibatkeun karusakan leuwih ti £2 juta.
  • 1920Sénat AS milih teu asup kanaLiga Bangsa-Bangsa.
  • 1945Perang Dunia II: Pasukan Soviét ngabébaskeun Łódź Ghetto. Tina leuwih ti 200.000 pangeusina, kurang ti 900 nu hirup kénéh nalika pangdiukanNazi.
  • 1946 – JénderalDouglas MacArthur ngadegkeun Pangadilan Militer Internasional Wétan Jauh diTokyo pikeun nyidang para penjahat perang Jepang.
  • 1960 – Jepang jeung Amérika Sarikat néken Perjangjian Kaamanan Mutual AS-Jepang.
  • 1974China ngawasaKapuloan Paracel sabada hiji patelak antara armada laut China jeung Viétnam Kidul.
  • 1977 – PrésidénGerald Ford ngahampura Iva Toguri D'Aquino (alias "Tokyo Rose").
  • 1981 – Krisis sandera Iran: Pajabat AS jeung Iran néken pasini pikeun ngabébaskeun 52 sandera Amérika nu geus ditahan salila 14 bulan.
  • 1983 – Kriminal perang Nazi,Klaus Barbie ditéwak diBolivia.
  • 1983 – Apple Lisa, komputer pribadi munggaran tiApple Inc. nu ngabogaanGUI jeung mos dibéwarakeun.
  • 1986Virus komputer IBM munggaran dipedalkeun. Virusboot sector nu katelah ku (c)Brain, di jieun ku Farooq Alvi sadulur, cenah pikeun nyegah pangopian ilegal kanasoftware buatan maranéhna.
  • 1991Perang Teluk:Irak némbakeun rudalScud nu kadua kaIsraél, ngakibatkeun 15 urang cidera.
  • 1997Yasser Arafat mulang kaHébron sabada leuwih ti 30 taun sarta tuluy ngilu kana parayaan pikeun panyérénan kota pamungkas nu dicepeng ku Israél diSisi Kulon.
  • 2007 – Jurnalis Turki-Arménia, Hrant Dink ditelasan di hareupeun kantorna diIstambul ku ultra nasionalis Turki, rumaja 17 taun, Ogün Samast.
  • 2012 – Situs pangbagifile nu ngamarkas di Hong Kong, Megaupload, ditutup kuFBI.
  • 2014 – Hiji serangan bom ka konpoy/aleutan tentara di Kota Bannu,Pakistan, nelasan 26 soldadu Pakistan sarta nyideraan 38 séjénna.

Nu babar

[édit |édit sumber]

Nu pupus

[édit |édit sumber]

Poé peré / poé panginget-nginget

[édit |édit sumber]

Tumbu luar

[édit |édit sumber]
Bulan jeungpoé dinasataun
Januari
Pébruari
Maret
April
Méi
Juni
Juli
Agustus
Séptémber
Oktober
Nopémber
Désémber
Tanggal nu patali
Artikel ngeunaankalénderieu mangrupataratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggongalengkepan.
Dicomot ti "https://su.wikipedia.org/w/index.php?title=19_Januari&oldid=617548"
Kategori:

[8]ページ先頭

©2009-2025 Movatter.jp