Movatterモバイル変換


[0]ホーム

URL:


Lompat ke isi
WikipédiaÉnsiklopédi Bébas
Paluruh

17 Maret

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
<<Maret>>
AhSeSaReKeJuSa
1
2345678
9101112131415
16171819202122
23242526272829
3031 
2025

17 Maret nyaéta poé ka-76 dina sataun (ka-77 dinataun kabisat) dinakalénder Gregorian, sésana 289 poé.

Kajadian

[édit |édit sumber]
  • 45 SM – Dina kameunangan pamungkasna,Julius Caesar ngéléhkeun pasukanPompéy nu dipingpin ku Titus Labienus jeung Pompey Si Adi dinaPatempuran Munda.
  • 432Saint Patrick diculik ti imahna di Inggris ku bajak laut, dijadikeun budak beulian di Irlandia.
  • 1560 – Bénténg Coligny di Pulo Villegagnon diRio de Janeiro diserang jeung diancurkeun kuPortugis nalika kampanye militerna ngalawan Perancis Antartika.
  • 1677 – Pangepungan Valenciennes wanciPerang Perancis-Walanda, lekasan ku hasilna Perancis ngarebut kota éta.
  • 1776Révolusi Amérika: Pangepungan Boston réngsé nalika Tentara Inggris ngévakuasi pangeusi Boston ka Nova Scotia.
  • 1824Perjangjian Inggris-Walanda ditéken diLondon, ngabagi arkipelago Malayu. Hasilna,Bobojong Malayu dikawasa kuInggris, sedengSumatra jeungJawa katut sabudeureunna dikawasa kuWalanda.
  • 1860 – Perang Taranaki Kahiji dimimitian diTaranaki,Selandia Anyar, minangka phasé utama dina Perang Selandia Anyar.
  • 1861 – Karajaan Italia diproklamirkeun,Giuseppe Garibaldi jadi rajana.
  • 1876 – Jéndral Crook ngancurkeun panampungan IndianCheyennes jeungSioux Oglala.
  • 1891SS Utopia tabrakan jeungHMS Anson diGibraltar, 562 tina total 880 panumpang maraot.
  • 1938 – Angkatan Udara Italia dina raraga ngabantuan Fransisco Franco, ngabombardirBarcelona dina Perang Sipil Spanyol.
  • 1939Perang Cina-Jepang Kadua: Patempuran Nanchang lumangsung antara Kuomintang jeung Jepang.
  • 1942 – Kémp Konséntrasi Bełżec dibuka ku dipindahkeunna 30.000 urang Yahudi tiLublin,Polandia.
  • 1945Sakutu ngabombardirSumatra Kalér.
  • 1948 – Bélgia, Perancis, Luksemburg, Walanda jeung Inggris narékenPerjangjian Brussel, cikal bakal kana Perjangjian Atlantik Kalér nu bakal ngadegkeunNATO.
  • 1950 – Panaliti di Universitas California, Berkeley, ngabéwarakeun dijieunna unsur ka-98, “californium”.
  • 1957 – Hiji pasawat murag diCebu,Philipina, nelasan Présidén Philipina Ramon Magsaysay katut 24 urang lianna.
  • 1959Tenzin Gyatso,Dalai Lama ka-14, kabur tiTibét kaIndia.
  • 1960 – Présidén ASDwight D. Eisenhower néken arahanNSC ngeunaan program aksi rahasiah anti-Kuba nu bakal nungtun kana panyeranganTeluk Babi.
  • 1963Gunung Agung diBali bitu, nelasan kira-kira 1.100 jalma.
  • 1969 – Golda Meir jadi PM awéwé Israél nu munggaran.
  • 1973 – Photo nu meunangkeunHadiah PulitzerBurst of Joy dicokot, ngagambarkeun manten tahanan perang dipanggihkeun deui jeung kulawargana, jadi simbul réngséna ilibiung AS dina Perang Viétnam.
  • 1988 – Pasawat jét Kolombia, Boeing 727, murag di sisi gunung di deukeut wates Vénezuéla, nelasan 143 jalma.
  • 1988 –Perang Kamerdékaan Éritréa: Komando Nadew, korp tentaraÉthiopia diÉritréa, diserang ku Front Pangbébasan Rakyat Éritréa, minangka aksi bubuka dina Patempuran Afabet.
  • 1992 – Kadutaan Israél diBuenos Aires diserang ku bom mobil, nelasan 29 jalma sarta nyideraan 242 lianna.
  • 1992 – Réferéndum pikeun mungkasapartheid diAfrika Kidul ngaluarkeun hasil 68,7% banding 31,2%.
  • 2000 – Lima ratus tilu puluh anggota panyembahan Pagerakan Réstorasi tina Sapuluh Paréntah Gusti diUganda maraot dina hiji kahuruan, diangkeuh minangka maéhan manéh masal nu dirancang pamingpinna. Di tempat séjénna, 248 anggota lianna kapanggih maraot ogé.
  • 2003 – Robin Cook, Sekertaris Nagara Urusan Luar Nagri jeung Pasamakmuran, mundur tina Kabinét Inggris alatan teu panuju kana rencana pamaréntah ngilu ilibiung dina serangan ka Irak.
  • 2004 – Pakéwuh di Kosovo: Leuwih ti 22 urang maraot sarta 200 taratu. Tilu puluh lima kuil Ortodoks Sérbia jeung dua masjid alancur.

Nu babar

[édit |édit sumber]

Nu pupus

[édit |édit sumber]

Poé peré / poé panginget-nginget

[édit |édit sumber]

Tumbu luar

[édit |édit sumber]
Artikel ngeunaankalénderieu mangrupataratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggongalengkepan.
Dicomot ti "https://su.wikipedia.org/w/index.php?title=17_Maret&oldid=597980"
Kategori:

[8]ページ先頭

©2009-2025 Movatter.jp