Movatterモバイル変換


[0]ホーム

URL:


Lompat ke isi
WikipédiaÉnsiklopédi Bébas
Paluruh

14 Nopémber

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
<<Nopémber>>
AhSeSaReKeJuSa
1
2345678
9101112131415
16171819202122
23242526272829
30 
2025
Tanggal ieu dina sawatara taun panungtung
2019 |2018 |2017 |2016
Baca ogé:Kalénder kajadian

14 Nopémber nyaéta poé ka-318 dina sataun (ka-319 dinataun kabisat) dinakalénder Gregorian, sésana 47 poé.

Kajadian

[édit |édit sumber]
  • 1770 – James Bruce manggihan naon anu dipercaya ku manéhna minangka sirah caiBangawan Nil.
  • 1812 – Patempuran Smoliani, Marshals Victor & Oudinot tiPerancis diéléhkeun ku Jéndral Peter Wittgenstein tiRusia, dinaPerang Napoléon.
  • 1886 – Friedrich Soennecken ngajieun pakakas paranti ngaliangan kertas nu munggaran.
  • 1889 – Nellie Bly (alias Elizabeth Cochrane) pionir awéwé nu ngurilingan dunia, ngamimitian lalampahanna nu hasil ngurilingan dunia kurang ti 80 poé. Manéhna réngsé dina 72 poé.
  • 1918Cékoslowakia jadi républik.
  • 1922The British Broadcasting Company (BBC) mimiti siaran radio diKarajaan Inggris.
  • 1940Perang Dunia II: DiInggris, Coventry dibombardir ku pasawat pangebom LufgwaffeJérman.
  • 1941 – Perang Dunia II:kapal indukHMS Ark Royal tilelep alatan serangan torpédokapal selam Jérman U-81 nu keuna dina tanggal 13 Nopémber.
  • 1941 – Perang Dunia II: di Slonim, pasukan Jérman nu icikibung dina Operasi Barbarossa nelasan 9.000 urangYahudi dina sapoé.
  • 1952 – Tangga Lagu Inggris régulér nu munggaran dipedalkeun ku JurnalNew Musical Express.
  • 1957 – "Pasamoan Apalachin" di sisi Padésaan Tioga di béh tonggohNew York diserbu ku para panegak hukum; loba tokoh-tokohMafia tingkat tinggi kacerek nalika rék kalabur.
  • 1965 – Patempuran la Drang dinaPerang Viétnam dimimitian: tempur munggaran antara pasukan régulérAmérika ngalawan pasukanViétnam Kalér.
  • 1967 – Fisikawan Amérika Theodore Maiman meunangkeun hak patén pikeun sistem laser rubi manéhna, minangkalaser munggaran di dunia.
  • 1969NASA ngapungkeunApollo 12.
  • 1970 – PasawatSouthern Airways No. 932 neunggar gunung deukeut Huntington, Virginia Kulon, nelasan 75, kaasup ampir kabéh anggota tim ménbal Universitas Marshall.
  • 1973 – Di Karajaan Inggris, Putri Anne kawin ka Kaptén Mark Phillips, di Westminster Abbey.
  • 1975 – Ku ditandatanganna Kasapukan Madrid,Spanyol ninggalkeunSahara Kulon.
  • 1978 – Uji coba nuklirAphrodite ku Perancis, minangka ka 25 kalina tina rencana 29 kali dina rangkéan uji coba nuklir Perancis 1975-1978.
  • 1979 – Krisis sandera Iran: Présidén ASJimmy Carter ngaluarkeun paréntah Éksekutif no 12170, ngabekukeun sakabéh asétIran diAmérika Sarikat.
  • 1991 – Otoritas Amérika jeung Inggris ngabéwarakeun tuduhan ka dua pajabat intélijénLibya dina patula-patalina jeung pangeboman Pasawat Pan Am 103.
  • 2001 – PerangAfghanistan: Aliansi Kalér Afghan ngarebut puseur dayeuhKabul.
  • 2001 – Lini 7,8 Mw narajang sabagéan jauh plateu Tibét, ngahasilkeun renghatan pangpanjangna dina luhur lemah (~400 km).
  • 2008 – PasamoanG-20 munggaran dibuka diWashington D.C.
  • 2012Israél ngetrukkeun hiji operasi militer utama diJalur Gaza, alatan ningkatna mumusuhan jeungHAMAS.
  • 2017 – Saurang panémbak nandasa opat jalma sarta natuan 12 séjénna dina hiji tétémbakan liar di Gudang Paternakan Tehama, California. Saméméhna manéhna geus maténi pamajikanna di imahna.

Nu babar

[édit |édit sumber]

Nu pupus

[édit |édit sumber]

Poé peré / poé panginget-nginget

[édit |édit sumber]
  • Poé Brigade Mobil (Brimob) Indonésia
  • Poé Diabetes Dunia

Tumbu luar

[édit |édit sumber]
Bulan jeungpoé dinasataun
Januari
Pébruari
Maret
April
Méi
Juni
Juli
Agustus
Séptémber
Oktober
Nopémber
Désémber
Tanggal nu patali
Artikel ngeunaankalénderieu mangrupataratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggongalengkepan.
Dicomot ti "https://su.wikipedia.org/w/index.php?title=14_Nopémber&oldid=604669"
Kategori:

[8]ページ先頭

©2009-2025 Movatter.jp