11 Nopémber nyaéta poé ka-315 dina sataun (ka-316 dinataun kabisat) dinakalénder Gregorian, sésana 50 poé.
- 1028 – Konstantin VIII tilar dunya, ngeureunan pangawasaanna minangka raja Karajaan Byzantium salila 66 taun.
- 1572 –Tycho Brahe nengetansupernova SN 1572.
- 1673 – Patempuran Hotin Kadua: Pasukan PasamakmuranPolandia-Lithuania dina pingpinan Jan Sobieski ngéléhkeunTurki Ustmani. Dina patempuran ieu rokét buatan Kazimierz Sieminenowicz hasil digunakeun.
- 1675 –Gottfried Leibniz ngébréhkeun kalkulasi integral pikeun munggarannana keur manggihan aréa di sahandapeun grafik y = ƒ(x).
- 1778 – Pangbantéan Cherry Valley: Pasukan loyalis jeung Indian Seneka nyerang bénténg jeung désa di wétanNew York dinaPerang Révolusionér Amérika, nelasan leuwih ti 41 warga sipil jeung soldadu.
- 1839 – Institiut Militer Virginia diadegkeun di Lexington,Virginia.
- 1869 – Aturan Palindungan Aborigin Victoria ditanjerkeun diAustrali, méré wewenang ka pamaréntah pikeun ngatur kahirupan urang-urangAborigin, nu antukna nungtun kana Generasi nu Dipaling, di mana barudak Suku Aborigin jeung barudak pangeusi pulo-puloSelat Torres dicarokot ti kolotna terus dipindahkeun ka tempat séjén sangkan kahareupna ngalaman asimilasi.
- 1965 – PM Rhodesia Kidul Ian Smith sacara sapihak ngadéklarasikeun kamerdékaan koloni Inggris éta jadi nagaraRhodesia nu teu diaku.
- 1975 –Angola merdéka tiPortugal.
- 1977 – Beledugan bahan amunisi di hiji stasion karéta di Iri,Koréa Kidul nelasan saheunteuna 56 jalma.
- 2000 – Saratus lima puluh lima tukang ski jeung tukang papan luncur maraot nalika hiji karéta kabel kahuruan di hiji torowongan di Kaprun,Austria.
- 2001 – Jurnalis Pierre Billaud, Johanne Sutton jeung Volker Handloik palastra diAfghanistan nalika serangan kana konvoy nu diiluan ku maranéhna.
- 2004 –PLO mastikeun maotnaYassér Arafat ku sabab nu teu kanyahoan.Mahmud Abbas dipilih jadi pupuhu PLO teu lila ti harita.
683 –Yazid I, khalifahdinasti Umayyah (l. 647)
1028 –Konstantin VIII, Kaésar Byzantium (l. 960)
2004 –Yassér Arafat, présidén Otoritas Nasional Paléstina (;. 1929)
 | Artikel ngeunaankalénderieu mangrupataratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggongalengkepan. |