Movatterモバイル変換


[0]ホーム

URL:


Lompat ke isi
WikipédiaÉnsiklopédi Bébas
Paluruh

11 April

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
<<April>>
AhSeSaReKeJuSa
12345
6789101112
13141516171819
20212223242526
27282930 
2025

11 April nyaéta poé ka-101 dina sataun (ka-102 dinataun kabisat) dinakalénder Gregorian, sésana 264 poé.

Kajadian

[édit |édit sumber]
  • 1241Batu Khan ngéléhkeun Béla IV tiHongaria dina Patempuran Mohi.
  • 1512Perang Liga Cambrai: Pasukan Perancis nu dipingpin kuGaston de Foix meunang dinaPatempuran Ravenna.
  • 1544Perang Italia 1542–1546: Tentara Perancis ngéléhkeun pasukan Habsburg dinaPatempuran Ceresole, tapi gagal mawa hasil tina kameunanganna.
  • 1689William III jeungMary II diistrénan minangka pangawasa réréongan di Karajaan Inggris.
  • 1713Perang Suksési Spanyol (Perang Ratu Anne):Perjangjian Utrecht.
  • 1814 – Perjangjian Fontainebleau mungkasPerang Koalisi Kagenep ngalawanNapoléon Bonaparte, sarta maksa manéhna taluk tanpa syarat pikeun kali kahijina.
  • 1856Patempuran Rivas Kadua: Juan Santamaría ngaduruk losmén di mana milisi William Walker caricing.
  • 1868 – Manten shōgun Tokugawa Yoshinobu nyérénkeun Kastil Édo ka pasukan Karajaan, mungkasShogun Tokugawa.
  • 1909 – KotaTél Aviv diadegkeun.
  • 1921Emir Abdullah ngadegkeun pamaréntahan pusat di protéktorat Inggris nu anyar dijieun, Transyordania.
  • 1945Perang Dunia II: Pasukan Amérika ngabébaskeun kémp konséntrasi Buchenwald.
  • 1951Perang Koréa: PrésidénHarry Truman ngabébastugaskeun Jéndral Angkatan PerangDouglas MacArthur tina komando di Koréa.
  • 1955 – Pasawat Air India,Puteri Kashmir, dibom sarta murag dina hiji usaha gagal panelasanZhou Enlai kuKuomintang.
  • 1957 – Karajaan Inggris nyatujuan kana pamaréntahan mandiriSingapura.
  • 1965 – Tornado Minggu Palma: Lima puluh hiji tornado narajang di genep nagara bagéan kulon tengah, nelasan 256 jalma.
  • 1968 – PrésidénLyndon B. Johnson nanda tangan Akte Hak-Hak Sipil 1968, ngalarang diskriminasi dina pangjualan, séwa jeung urusan paduitan perumahan.
  • 1968 – Usaha panelasan kaRudi Dutchke, pamingpin pagerakan mahasiswa Jérman.
  • 1970Apollo 13 dipesatkeun.
  • 1976 – Komputer Apple I dijieun.
  • 1979 – DiktatorUganda,Idi Amin disingkirkeun, ku alpukahna Pasukan Tanzania ngarebutKampala. Idi Amin kabur ka Libya.
  • 1981 – Kakacoan di Brixton, kiduleunLondon, ngakibatkeun ampir 300 pulisi cidera sarta 65 rahayat sipil tatu parna.
  • 1986 – Tétémbakan FBI Miami: Hiji campuh sanjata pabeubeurang di jalanan di Dade County,Florida, antara dua parampog bank nu nunggang mobil anti peluru jeung agén-agén FBI nu marerikna. Dina tétémbakan éta, agén FBI Benjamin P. Grogan jeung Jerry L. Dove perlaya sarta lima urang lianna cidera. Minangka hasilna, pélor .40 S&W dimekarkeun.
  • 1987Pasini London sacara rerencepan ditaréken ku Menlu IsraélShimon Peres jeung RajaHussein ti Yordania.
  • 2001 – Kru pasawat AS EP-3E nu ngadarat diHainan, Cina, sabada kapalna tabrakan jeung pasawat tempur J-8, dibarébaskeun.
  • 2002 – Pangeboman Sinagog Ghriba diTunisia, nelasan 21 jalma.
  • 2002 – Leuwih ti dua ratus rébu jalma ngabandalet di Karakas ka istana présidén pikeun nungtut mundurna PrésidénHugo Chavez. Salapan belas di antarana kapaténi.
  • 2006 – Présidén IranMahmoud Ahmadinejad ngabéwarakeun pangakuan Iran nu geus hasil mekarkeun uranium.
  • 2007 – Pangeboman Aljazair: Dua pangeboman diAljazair nelasan 33 jalma sarta nyideraan 222 urang lianna.
  • 2011 – Hiji beledugan di Metro Minsk,Belarusia, nelasan 15 jalma sarta nyideraan 204 lianna.
  • 2012 – Sapasang lindu lumangsung diBasin Wharton di kuloneunSumatra, Indonésia. Sapuluh urang palastra sarta dua belas taratu, ogé tsunami nu teu pati bahaya kajadian di Pulo Nias.
  • 2015Barack Obama jeungRaúl Castro masamoan di Panama, patemon munggaran antara pupuhu kadua nagara éta ti saprak Révolusi Kuba.
  • 2018 – Pasawat Ilyushin Il-76 nu dipimilik jeung dioperasikeun ku AU Aljazair murag di deukeut Boufarik, Aljazair, nelasan 257 jalma.
  • 2019 – Nu ngadegkeunWikiLeaks,Julian Assange dipaksa kaluar ti kadutaan Ékuador di London ku pulisi sarta tuluy ditahan alatan teu bisa ngahadiran pangadilan ku dakwaan ékstradisi AS.
  • 2019 – Présidén SudanOmar al-Bashir dirubuhkeun sarta ditahan ku tentara di Khartoum, sabada ngawasa salila 29 taun.

Nu babar

[édit |édit sumber]

Nu pupus

[édit |édit sumber]

Poé peré / poé panginget-nginget

[édit |édit sumber]
  • Poé Parkinson Dunia

Tumbu luar

[édit |édit sumber]
Bulan jeungpoé dinasataun
Januari
Pébruari
Maret
April
Méi
Juni
Juli
Agustus
Séptémber
Oktober
Nopémber
Désémber
Tanggal nu patali
Artikel ngeunaankalénderieu mangrupataratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggongalengkepan.
Dicomot ti "https://su.wikipedia.org/w/index.php?title=11_April&oldid=612745"
Kategori:

[8]ページ先頭

©2009-2025 Movatter.jp